Kang Dudi, leres pisan yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan tatabasa, kukituna abdi bangga abah2 ahli basa Sunda tos tiasa nyusun tatabasa Sunda. Upami ngaos pedaran "Gelarna Kecap Lemes Basa Sunda" gurat badagna aya dua proses kayaning (a)suplisi, (b)parobahan jero, upami diimeutan langkung paos leres pisan anu diserat ku kang aa yen aturana aya mung teu ngandung hartos tiasa distandarisasi sadayana sapertos anu dicontokeun ku akang (jasa ->jaos), perkawis nangtoskeun hal ieu panginten ieu mah bageanna ahli tatabasa Sunda. Upami dibandingkeun sareng grammar basa Inggris, panginten sarupi sareng "regular" & "irregular.
Hapunten Gagak Hideung ________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: Dudi Herlianto <[email protected]> Terkirim: Sen, 15 Maret, 2010 15:30:25 Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa hehehe, aturan aya, ngan sigana teu distandarisasi. Sok atuh ku kang Dud mimitian. Hahahahaha --- On Mon, 3/15/10, Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote: >From: m>Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.co >Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa >To: urangsu...@yahoogro ups.com >Date: Monday, March 15, 2010, 11:35 AM > > > >urang teraskeun, nya kang gagak... > >upama nitenan conto nu diserat ku kang gagak, sami teu nya parasaan simkuring >sareng akang, yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan tatabasa. >misalkeun iraha urang ngaganti sora engang tungtung ku -os, -nten, -jeng, >-ntun, atawa -wis? > >misalkeun -os, tina conto nu tiasa digenti sora engang tungtung -ta jeung -sa. >tapi rarasaan kuring mah teu sadaya nu tungtungna -sa bisa digenti ku -os, >contona jasa teu acan kungsi kakuping jadi jaos. (atawa jasa mah basa asing >kitu?) > >terasna ku ayana kahesean model kitu, kuring mah ngarasa (keukeuh masih keneh >make rasa) basa sunda mah sangeunahna (??) > > >2010/3/15 Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> > >mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk >euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu >> >>sakali deui mantap kang.. >> >>:) >> >> >>2010/3/13 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> >> >> >>>Hapunten bade nambihan sakedik. >>>Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa >>>Sunda" >>>Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : >>>a. suplisi b. parobahan jero (internal modification) . Suplisinya eta proses >>>robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna nepi ka hasilna >>>mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna. >>>Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste Parobahan >>>jeronya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa >>>engang dina jero eta kecap sorangan. >>>Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara : >>>a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna : >>>1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang >>>2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag >>>3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami >>>4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang >>> >>>b.ngarobah engang panungtung : >>>1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos >>>2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng >>>3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapunten >>>4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun >>>5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis >>>Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun >>> >>>Baktos Abdi >>>Gagak Hideung >>> >>>_,___ >> >> >> >>-- >>d-: dudi herlianto :-q >>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> > > >-- >d-: dudi herlianto :-q >kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

