Diskusi anu matak narik ati. Mangga diteraskeun elmu panemuna kang Gagak,
oge ka nu sanesna. Naha enya basa Sunda teh basa "sangeunah" na sakumaha
"tuduhan" kang Dudi?  Teu aya pisan aturan? Ari bhs Inggris naha sakabehna
aya aturanana? sanes aya anu mahiwalna oge (go --> went, jst)?

manar


2010/3/16 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> hehehe, aturan aya, ngan sigana teu distandarisasi. Sok atuh ku kang Dud
> mimitian. Hahahahaha
>
> --- On *Mon, 3/15/10, Dudi Herlianto <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: m>Dudi Herlianto <[email protected]
> Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
> To: [email protected]
> Date: Monday, March 15, 2010, 11:35 AM
>
>
>
>
> urang teraskeun, nya kang gagak...
>
> upama nitenan conto nu diserat ku kang gagak, sami teu nya parasaan
> simkuring sareng akang, yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan
> tatabasa. misalkeun iraha urang ngaganti sora engang tungtung ku -os, -nten,
> -jeng, -ntun, atawa -wis?
>
> misalkeun -os, tina conto nu tiasa digenti sora engang tungtung -ta jeung
> -sa. tapi rarasaan kuring mah teu sadaya nu tungtungna -sa bisa digenti ku
> -os, contona jasa teu acan kungsi kakuping jadi jaos. (atawa jasa mah basa
> asing kitu?)
>
> terasna ku ayana kahesean model kitu, kuring mah ngarasa (keukeuh masih
> keneh make rasa) basa sunda mah sangeunahna (??)
>
> 2010/3/15 Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ 
> gmail.com<http://mc/[email protected]>
> >
>
>> mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk
>> euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu
>>
>> sakali deui mantap kang..
>>
>> :)
>>
>> 2010/3/13 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. 
>> com<http://mc/[email protected]>
>> >
>>
>>>
>>>
>>> Hapunten bade nambihan sakedik.
>>>
>>> Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes
>>> Basa Sunda"
>>>
>>> Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning
>>> : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification) .
>>>
>>> Suplisi
>>> nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna
>>> nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.
>>>
>>> Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste
>>>
>>> Parobahan jero
>>> nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa
>>> engang dina jero eta kecap sorangan.
>>>
>>> Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :
>>>
>>> a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :
>>>
>>> 1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang
>>>
>>> 2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag
>>>
>>> 3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami
>>>
>>> 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang
>>>
>>> b.ngarobah engang panungtung :
>>>
>>> 1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos
>>>
>>> 2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng
>>>
>>> 3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapu
>>> nten
>>>
>>> 4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun
>>>
>>> 5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis
>>>
>>> Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun
>>>
>>>
>>>
>>> Baktos Abdi
>>>
>>> Gagak Hideung
>>>
>>> _,___
>>>
>>
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>
>  
>

Kirim email ke