[Urang Sunda] bagea lebaran

2010-09-03 Terurut Topik Dudi Herlianto
kadang baraya, saminggu deui lebaran. dina sataun kuring ngirim tulisan boh
ngamimitian atawa ngomentaran di ieu milis pasti rea salahna, matak tugenah.
ku kituna kuring menta hampura.

ka sakur nu ngareuah-reuah, wilujeng boboran. mugya naon nu tos dijangjikeun
sanggeus sabulan puasa, kadongkang ku sadayana.

sakitu wae, nuhun

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] SITUS PASIR ANGIN, DARI MONOLIT JADI MUSEUM

2010-08-27 Terurut Topik Dudi Herlianto
, tentunya museum ini bisa dioptimalkan untuk kepentingan ilmu
pengetahuan, dalam hal ini ilmu sejarah dan arkeologi. Keberadaannya juga
bisa untuk lebih mengenalkan para generasi muda terhadap sejarah masa lalu
bangsanya sehingga para penerus bangsa ini tidak kehilangan jati diri.

Keberadaan situs Pasir Angin dan museumnya merupakan cermin perjalanan
budaya Megalitikum di Indonesia. Ritus pemujaan di tempat ini ternyata
dilakukan dari masa prasejarah sampai terus tembus ke masa sejarah. (Hendra
M. Astari, aktivis kebudayaan Sunda, tinggal di Bogor)***

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Lagu nu dicipta ka na lalakon Wayang

2010-08-13 Terurut Topik Dudi Herlianto
leres karatagan pahlawan anggitan mang koko suargi

2010/8/13 oman abdurahman omana...@gmail.com



 Nami laguna sanes Pahlawan Bangsa, namung, anu leres,  Karatagan
 Pahlawan. Ari rumapaka na mah leres. Salengkepna kieu:

 Karatagan Pahlawan


 Teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa
 Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana
 Berjoang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati
 Taya basa menta pamulang tarima,
 Ihlas rido keur korban merdeka

 Sigana, lagu eta lain dicipta dina lalakon wayang. Ngan, laguna geus
 nyampak, laju mindeng dibawakeun ku sinden atawa dalang pas dina waktuna
 Gatotkaca manggung.

 Saha anu terang saha anu nganggit eta lagu Karatagan Pahlawan? Mang Koko
 kitu? cikan ka anu tos mendakan, wartosan abdi. Nuhun.

 manar


 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan

2010-07-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
ceu ro(dua kali--walah tambah panjang), aya sakaol nu kungsi mampir kana
cepil kuring ngeunaan sasakala kueh eta diaranan odading. kieu cenah:

(tempat kajadian persisna mah tos hese dipaluruh, sabab tos lami teuing,
pokona mah di tatar sunda jaman kumpeni).

harita, kacaritakeun saurang meisye leutik ngurihit ka haar moeder hayang
meuli sarupaning kueh. kabitaeun ningali cacamuilan bangun nikmatna saurang
pribumi ngadahar eta kueh. ngan hanjakal si meisye eta teu apaleun ngaranna.
haar moeder nu bageur jigana tara mere jajan samarangan. keur
ngabebenjokeun, manehna ngajak si meisye ka tukang kueh eta. barang jog,
nenjo wangun eta kueh si moeder kagugu bari pok, o dat ding. dasar urang
sunda sok salah denge, pokpokan si mejuffrouw teh kadengena jadi odading.
ahirna kueh eta nelah we odading nepi ka kiwari, ngaran aslina mah saurang
ge moal aya nu ingeteun.

hehe...

2010/7/22 roro rohmah roro_roh...@yahoo.com



 Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading…
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] [sugan we aya barudak] alewoh

2010-07-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
tah nambih ngaran waluh siem teh geuning. jipang. jadi we tilu.

di lembur kuring mah, nu sarupa paria teh oyong. salasahiji sayur nu sok aya
dina sayur herang/sop. cenah mah tamba panas dalem. kituna ge mun ngora
keneh, lamun geus garing mah sok dipake ngagosrok awak mun keur mandi.

mun waluh gede mah kuring sok kalahka inget ka harry potter, jus waluh
koneng salasahiji inuman paporitna... hehe

2010/7/21 jangdede jangd...@gmail.com



 Ari di semarang mah Gambas teh sarupaning paria tapi teu pait, PELUS tea
 meureun ngarana.
 Ari waluh siem mah ngarana Jipang, aya hubunganana kitu jeung Jepang?
 Kembang waluh gede enya disebut alewoh, sok rada pabaliut jeung kembang
 kadu (olohok).
 Mun teu salah mah kembang alewoh teh rada gede kang, kira2 5cm.
 Meureun eta nu leutik teh kembang waluh siem nya?.
 Inget waluh gede teh inget ka nini anu sok nyieun dodol tina waluh mun rek
 lebaran teh.
 Cenah jang bagikeuneun kanu balik nyaba, padahal manehnamah tara ngadahar
 ieuh.
 Si Nini anu ngurus uing basa keur SMP kelas dua. Si kuring mindeng ngendong
 di imah si Nini.

 hahah..malah ngadongeng


 ._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Gambar Roayyy...Re: [Urang Sunda] Re: [sugan we aya barudak] alewoh

2010-07-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: Picture-051.jpg?et=1B3s%2Bke55AmtHbVVIs479gnmid=43100539]

2010/7/22 Nana Suwargana nanaca...@yahoo.co.id




 roay mah nu gepeng tea lin nya

 --
 *Dari:* jangdede jangd...@gmail.com
 *Kepada:* urangsunda@yahoogroups.com
 *Terkirim:* Kam, 22 Juli, 2010 11:50:48
 *Judul:* Re: [Urang Sunda] Re: [sugan we aya barudak] alewoh



 jaat uing apal. Tapi leor teu apal. aya oge roay.


 hahah...
 Sabalad keneh meureun nya da ngarambat.

 _




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum
kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi
hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana
kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh
sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh.

haha

lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu
resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da
nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana
saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna.

*piritan = jeroan lauk

2010/7/20 oman abdurahman omana...@gmail.com



 Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti
 disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos,
 oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi
 luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran
 careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
 Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
 ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.

 Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
 atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh
 henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana
 naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
 produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di
 luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu
 geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt
 sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
 cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.

 Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan
 beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun
 fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah,
 tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
 lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika
 karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan
 heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
 proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi
 anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
 bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).

 Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
 nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak.
 Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi
 luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah
 (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
 bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
 atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona
 engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe
 dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang
 careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
 modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak
 tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.

 Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
 persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan
 kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
 teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
 enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
 mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur,
 upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
 teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu,
 nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
 careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah
 dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.

 Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.

 manar


 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] jarong

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: 35384_420338567375_649487375_4545061_5726220_n.jpg]

jarong.
keur leutik, di lembur teu aya pamisah kaulinan keur barudak lalaki jeung
awewe. dina ayana ge, teu pati jelas. budak lalaki prah we tara ieuh
digurah-geureuh atawa digeuhgeuykeun upama ulin bekles, engkle, sapintrong
atawa anyang-anyangan (anjang-anjangan?). tah lamun keur anyang-anyangan,
sok aya bagean dadaganganna, nu jadi duitna nya daun jaron ieu. beuki gede
daun jarong, beuki gede nominal duduitanna. ngan harita mah teu pati
neungeutan geuning warna kembang jarong teh biruna endah pisan, ngondang
lensa kamera keur ngaabadikeun.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] tabuh dalapan

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: 37564_420354402375_649487375_4545467_5565851_n.jpg]

tabuh dalapan
kunaha diaranan kembang tabuh dalapan kuring teu pati apal. bisa jadi ieu
kembang ligarna memang unggal jam dalapan. kembang ieu kembang jarah, sanes
pelak, tapi endahna teu eleh jeung kembang-kembang hias nu sok dijarualan.
komo lamun ningali di alam aslina mah.

http://www.facebook.com/?ref=home#!/photo.php?pid=4545467id=649487375

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] pungpurutan

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: 37655_420358177375_649487375_4545528_3445529_n.jpg]

pungpurutan
keur budak, lamun keur meujeuhna lengger, heureuy jeung babaturan teh sok
make buah pungpurutan ieu. pungpurutan teh digasahkeun/digelangkeun kana
buuk batur. buahna nu leutik, teu geseh gede jeung pedes, teh kulitna
cucukan, lamun seug digelangkeun kana buuk nu meujeuh panjangna bakal napel.
beuki loba pungpurutanna, beuki lila ngagelangna, beuki hese pungpurutan
dilaan tina buuk. sakapeung mah, budak nu ceehan mah bakal ngawiwiw ceurik,
laju istori ka indungna. ngan resepna keur budak, ngambekna ukur saharita,
isukanna mah der deui we kikituan deui.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Aden-aden

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
di lembur kuring mah aden-aden teh maung kajajaden, nya sabangsaning jurig.
wujud sejenna nini-nini nu teu boga untap sok ngengelek boboko buntung. cek
cenah, upama urang panggih jeung eta nini-nini, penta we bobokona sabab bisa
dijadikeun jimat. poho deui naha jimat keur ngaleungit atawa hiber... ari
kuringna mah cang kungsi panggih

2010/7/21 Nana Suwargana nanaca...@yahoo.co.id



 Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah,
 ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah
 manggihan aden-aden.

 Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot
 baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur
 hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina.

 Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh
 jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon
 sejenge aya?

 sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun

 hatur nuhun


 Nana Suwargana
 urang majalengka cicing di bekasi

  __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] buleng

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
kang simkuring, ieu teh di banjarasih, kacamatan jatinunggal, sumedang.
ngahaja disebatkeun lembur jeung kacamatanna bisi teu sarua jeung kacamatan
sejen. pangalaman kuring basa sakola di kota sumedang, urang dinya, lelewek
wado--harita mah jatinunggal masih ngagabung ka kacamatan wado-- sok pada
ngageuhgeuykeun. aya sababara kecap nu kedal ti biwir urang wado tara
kedengeeun ku urang kota. wilayah sejen nu sanasib jeung urang wado mun
sakola di kota nyaeta congeang jeung buahdua. salian aya kecap nu teu galib
di kota, tilu wilayah eta ge boga lentong nu beda jeung urang kota.

ku kituna, naon nu ditaroskeun ku mang oman kamari (buleng vs. karamba) umum
pisan. sabab, komo beda kaadipatian, dalah nu sarua adipatina ge nyebut hiji
barang teh bisa ku dua kecap nu beda.

hehe

2010/7/21 Simkuring alkarta_...@yahoo.co.id



  Kang ari ieu dilembur/wewengkon mana?



 *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
 Behalf Of *Dudi Herlianto
 *Sent:* 20 Juli 2010 16:14
 *To:* Urangsunda; baraya_su...@yahoogroups.com
 *Subject:* [Urang Sunda] buleng



 




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Ondangan Napak Tilas di Bogor

2010-07-19 Terurut Topik Dudi Herlianto
baraya sadaya,

komunitas napak tilas peninggalan budaya di bogor nu aya di facebook (mangga
jugjug kacana di
http://www.facebook.com/group.php?gid=110546372300285ref=mf#!/group.php?gid=110546372300285
),
baris ngayakeun deui napak tilas dina poe minggu enjing. mangga bilih baraya
sunda sadaya bade ngiring, tiasa konfirmasi heula ka nomer telp nu aya di
bagean panghandapna serat ondangan nu dikantetkeun ku kuring di handap.
hatur nuhun,

dudi h

---

Hal: Undangan

Untuk lebih mengenal jejak peninggalan Kerajaan Pajajaran yang berada di
Kota Bogor, Komunitas Napak Tilas kembali menggelar acara Napak Tilas yang
ke-2. pada:

Hari, tgl : Minggu, 25 Juli 2010
Pukul : 08.00 sd selesai
Start/Kumpul : Gerbang Perumahan Pakuan (Montecarlo Residence) Jl. Raya
Tajur Kota Bogor (seberang Bogor Tas, Istana Tas Tajur)
Rute : Kuta Nata Dani sd Makam Rd. Saleh (Jl. Pahlawan)
Narasumber : Bpk. Inotji Hajatullah (Sejarawan Kota Bogor)
HTM : Rp. 5.000,- / orang

Sepanjang perjalanan akan diterangkan sejarah tinggalan peradaban Kerajaan
Pajajaran, seperti: kuta (benteng pertahanan), parit pertahanan, prasasti,
dan artefak lainnya. Juga akan dijelaskan tinggalan dari zaman kolonial yang
berada sekitar rute yang dilewati.

Panitia tidak menyediakan konsumsi apapun. Segala perlengkapan perjalanan
disiapkan sendiri oleh peserta.

Peserta dibatasi.

Info  konfirmasi: 08121112982  08157120873


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
mang mommo (irwan lastriawan), dina facebookna seueur peso hasil karyana.
jeung jauh tina panyangka kuring nu ngabayangkeun jiga mpu gandring, aki-aki
bewos cetuk huis, diiket. mang mommo masih keneh ngora, gagah pertentang.


2010/7/7 mh khs...@gmail.com



 walah tegep pisan mang momo eta golok hibridana.
 cing alamat si mamang teh dimana, sugan kasampeur jaga.
 sugan we tiasa pesen ah
 nuhun
 mh

 2010/7,_._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Aki Atheis teh geus mulang!

2010-07-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
Anjeun tempat mula jeung mulang.

Achdiyat K. Miharja pangarang novel Atheis ngantunkeun dinten ieu di
canberra. wilujeng angkat ki!

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Sastrawan Achdiat K Mihardja 'Atheis' Meninggal di Canberra
*Nurul Hidayati* - detikNews

*Jakarta* - Sastrawan dan penulis Achdiat K Mihardja meninggal dunia dalam
usia 99 tahun di Canberra, Australia. Sebelumnya, pria yang akrab disapa Aki
ini dirawat di ICU Canberra Hospital.

Pembaca detikcom Wahdi Yudhi menginformasikan berita duka itu dengan
mengutip milis Persatuan Pelajar Indonesia di Australia (PPIA) Cabang
Canberra. Innalilahi wa Innailaihi roji'un. Telah berpulang ke rahmatullah
Achdiat Kartamihardja (Aki) pada pagi ini, Kamis 8 Juli 2010 di usia yang ke
99 tahun. Informasi ini juga menyebar di Twitter.

Menurut kamus Wikipedia, Aki lahir di Cibatu, Garut, Jawa Barat, 6 Maret
1911. Sejak 1961 hingga pensiun, Aki menjadi dosen kesusastraan Indonesia
pada Australian National University, Canberra.

Kumpulan cerpennya, Keretakan dan Ketegangan (1956) mendapat Penghargaan
Sastra BMKN tahun 1957 dan novelnya, Atheis (1949) memperoleh Penghargaan
Tahunan Pemerintah RI tahun 1969 (R.J. Maguire menerjemahkan novel ini ke
bahasa Inggris tahun 1972) dan Sjumandjaja mengangkatnya pula ke layar lebar
pada tahun 1974 dengan judul yang sama, yaitu Atheis.


Re: [Urang Sunda] Proyek Sukarela Narjamahkeun Linux Ubuntu kana Basa Sunda

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
di dieu meureun pentingna lembaga bahasa teh. lbss?

2010/7/6 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 ieu mah lain hancaeun memeh mumuluk, kang... heuheu.

 lain maksud rek meunggaskeun harepan, kuring salila ieu loba ngahanca
 alihbasa di translatewiki.net (aya sababaraha proyek anu dipigawe di
 dinya, di antarana MediaWiki anu dipake ku Wikipedia spk). Olb...

 weureu ti dinya, pikeun refreshing, kuring nyobaan di pootle nyundakeun
 sopwér anu paling basajan: Tux Paint - sopwér ngagambar pikeun barudax.
 program anu kaitung basajan eta wae merlukeun alihbasa sarebuan
 kecap/kalimat/paragraf. kakara ge sababaraha siki, abox...

 jadi, intina, pigawéeun model kieu teh siga nu gampang tapi horeng lain
 jore-jore. lamun erek, urang kudu digawe ngebut (ngarah teu tinggaleun,
 sabab kangaranan sopwer sok aya updatena anu tangtuna kudu ditarjamahkeun
 oge) bari dipigawe sacara rereongan ku komunitas. riweuhna teh, deuih,
 proses alihbasa rupa-rupa sopwer teh dipigawe di mana-mendi, teu saimah.
 antukna, susah ka urangna pikeun bisa ngabandingkeun tarjamahan ti hiji
 sopwer ka sopwer anu sejenna.

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/7/5 ilham nurwansah

   Neda pituduhna ti baraya Sunda sadunya, kuring boga kahayang
 narjamahkeun OS Ubuntu kana basa Sunda. . . .
 pikeun eta pamaksadan, kuring nyobaan ngadaftarkeun grup panarjamah Ubuntu
 kana basa Sunda di
 https://translations.launchpad.net/ubuntu/lucid/+lang/su
 namung duka kudu dukimahakeun deui. . .hehe
 mudah2an para wargi sadaya tiasa ngabantosan.
 diantos pisan partisipasina ku janten anggota tim panarjamah ubuntu basa
 sunda.

  __._,,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Karinding Attack Re: Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
karinding attack nu kasebut dina artikel kompas di handap geuning boga
myspace. di dinya aya salagu hasil gawena. instrumental nu ngadumaniskeun
karinding jeung toleat, suling, celempung jeung sora jalma.

tah ieu tumbuna: http://www.myspace.com/karindingattack

http://www.myspace.com/karindingattackdudi

2010/7/7 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com

 kuring kungsi dibere karinding ku urang kampung sindangbarang. ngan nepi ka
 ayeuna teu kungsi bisa nyadakeuna, bilet jigana kana urusan musik mah. di
 dieu, di milis ieu ge kungsi dibahas ngeunaan alat musik unik ieu.
 penyebaran ieu alat musik teh meh aya di unggal tempat. aranna memang beda,
 nu paling kakoncara di google, awas haram nu ieu mah!, jew's harp, harpa
 yahudi. di bali nu samodel karinding aya oge, ngaranna genggong. kang 
 yoyohttp://yoyoyogasmana.multiply.com/journal/item/1,
 seniman sunda, dina multiplyna nyebut alat musik samodel kieu teh zeusharp.

 tah dina kompas poe ieu, hal 16 saurang seniman sunda urang cipacing nu
 micinta karinding, endang sugriwa alias abah olot diangkat jadi figur
 inspiratif. hanjakal, basa neangan tumbu (link) sangkan ieu artikel bisa
 dikirim ka ieu milis teh hese, teu nimu, nu aya ukur e-paper nu kapaksa kudu
 disimpen dina bentuk gambar. gambarna dikantetkeun di handap.

 dudi





-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
 Olot justru mengajari mereka
 memainkan karinding.

 Hasilnya, pada berbagai pertunjukan musik cadas dan punk, seperti Bandung
 Deathmetal Festival pada Oktober 2009, karinding turut tampil. Bermula dari
 komunitas death metal, karinding mulai populer di kalangan kaum muda.

 Banyak di antara mereka lalu tertarik dan ingin belajar memainkan
 karinding. Maka, setiap Rabu dan Jumat, di tempat Abah Olot dibuka latihan
 bagi mereka yang ingin belajar karinding.

 Kini, satu karinding dihargai Rp 50.000. Pesanan karinding mulai mengalir,
 bahkan pernah dalam sepekan Abah Olot harus memenuhi pesanan 100 karinding.

 Alat musik tradisional yang sempat dikhawatirkan punah itu kembali mewabah.
 Hampir semua daerah di Jawa Barat mempunyai kelompok musik karinding.
 Pemainnya bukan orang tua, tetapi anak muda dengan kreasi lagu modern.

 Nama kelompok mereka pun ”segar”, seperti Markipat (kependekan dari Mari
 Kita Merapat), Karmila (singkatan dari Karinding Militan), Republik
 Batujajar dari Kabupaten Bandung Barat, dan Karinding Skateboard yang
 dimainkan komunitas skateboard.

 Karinding juga dimainkan dalam Bandung World Jazz Festival, Desember 2009.
 Meski bisa dikatakan tidak lagi dimainkan di sawah, karinding justru mencuat
 pada festival jazz dunia diiringi musik elektrik dan instrumen modern,
 seperti gitar, terompet, serta drum. Maka, mengalunlah lagu-lagu Sunda dalam
 harmoni jazz dan karinding.

 Di balik semaraknya kembali karinding, ada Abah Olot yang tetap setia di
 ”bengkelnya”. Dia tetap tekun menghaluskan bambu dan menjaga identitas
 masyarakat Sunda.

 web:
 http://cetak.kompas.com/read/xml/2010/07/07/03420910/Abah.Olot.Melestarikan.Karinding

 2010/7/7 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 kuring kungsi dibere karinding ku urang kampung sindangbarang. ngan nepi
 ka ayeuna teu kungsi bisa nyadakeuna, bilet jigana kana urusan musik mah. di
 dieu, di milis ieu ge kungsi dibahas ngeunaan alat musik unik ieu.
 penyebaran ieu alat musik teh meh aya di unggal tempat. aranna memang beda,
 nu paling kakoncara di google, awas haram nu ieu mah!, jew's harp, harpa
 yahudi. di bali nu samodel karinding aya oge, ngaranna genggong. kang
 yoyo http://yoyoyogasmana.multiply.com/journal/item/1, seniman sunda,
 dina multiplyna nyebut alat musik samodel kieu teh zeusharp.

 tah dina kompas poe ieu, hal 16 saurang seniman sunda urang cipacing nu
 micinta karinding, endang sugriwa alias abah olot diangkat jadi figur
 inspiratif. hanjakal, basa neangan tumbu (link) sangkan ieu artikel bisa
 dikirim ka ieu milis teh hese, teu nimu, nu aya ukur e-paper nu kapaksa kudu
 disimpen dina bentuk gambar. gambarna dikantetkeun di handap.

 dudi


  __._,,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
kujang mah mun teu lepat tos aya nu nyieun tina stainless, malah cenah nu
nyieunna ge sarua jeung nu sok nyieun peso komando keur tangtara. mun teu
salah pandayna di bandung. kungsi sababara kali kawenehan basa masih keneh
boga tipi.

dina internet manggih oge, panday nu nyieunan peso. teddy kardin. profil aya
dipajang di warungna: http://www.tokopisau.com/id/profile/


Pada 7 Juli 2010 10:32, mh khs...@gmail.com menulis:



 hadena mah jigana model karinding, suling teh salian dipupusti jiga aslina,
 dijieun tina awi, oge dikembangkeun make media modern, nyieun dina bahan
 plycarbonate atawa fibelglass misalna. kitu deui kujang, keris hade oge
 upama dijieun tina waja stainless jiga peso komando swiss army.

 ari di urang katinggalina teh, geuning hayoh wae baralik deui ka tukang,
 nyieun keretas tina kulit kai, nyieun keris ditempa deui, jiga jaman
 karuhun.

 meureun eta bedana nya, ari mang ule, mang jepun mah teknologi skills teh
 terus maju ka hareup, ari urang mah maju ka tukang jigana.


 2010/7/7 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 anyir eleh ku si mamang euy. mata uing kudu geura dijual ka peda jigana.
 sakitu kurah-koreh meh dua menit, teu katimu, haha

 Pada 7 Juli 2010 10:19, mh khs...@gmail.com menulis:




 http://cetak.kompas.com/read/xml/2010/07/07/03420910/Abah.Olot.Melestarikan.Karinding#
 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
mang terang, teu? naon wae kriteria hiji peso disebut peso komando. mun
kujang asup kana kriteria eta, jigana tegep dipake ku pasukan siliwangi.

ah ketang usul di luhur ditarik deui! teu kudu. cekap kujang mah jadi hiasan
bilik, ulah dipake ku tangtara... sieun!!! ngabayangkeun katojos ku
peso biasa wae pikabirigidigeun. komo ditojos kujang jago! gustiii
asa mending kabom :p

2010/7/7 mh khs...@gmail.com



 enya uing ge kungsi meunang beja, cenah peso komando tangtara amrik,
 sabagian diproses di bandung.
 cenah mah amrik ngongkon ka jepun, jepun ngongkon ka urang bandung. hebat
 tah.
 mun kujang diolah jiga kitu nya, gaya temen.


 2010/7/7 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 kujang mah mun teu lepat tos aya nu nyieun tina stainless, malah cenah nu
 nyieunna ge sarua jeung nu sok nyieun peso komando keur tangtara. mun teu
 salah pandayna di bandung. kungsi sababara kali kawenehan basa masih keneh
 boga tipi.

 dina internet manggih oge, panday nu nyieunan peso. teddy kardin. profil
 aya dipajang di warungna: http://www.tokopisau.com/id/profile/


 Pada 7 Juli 2010 10:32, mh khs...@gmail.com menulis:



 hade_,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: Tabung Gas jeung Nuklir/hukum?

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
wih mantep ki. ku biasa-biasana make barang bajakan urang remen poho keur
make barang eta hihi.

tapi sabenerna mah copyright, hak paten ge loba nu mempertanyakeun. jiga
munculna gerakan-gerakan copyleft atawa gerakan opensource, nu kabeneran
salahsahijina, linux keur diomongkeun di dieu. copyright mah, cek cenah
nyieun monopoli ka hiji barang keur hiji/sagolongan jalma wungkul.

2010/7/7 Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id



 Cek pamanggih Kuring mah, mahabuna 'BENCANA balukar tina gas teh PEPELING
 anu daria pikeun pamarentah jeung warga masyarakat Indonesia anu geus
 heubeul ngamomorekeun perkara PENEGAKKAN HUKUM.
 Kumaha patula-patalina?
 Kieu:
 Di Indonesia, geus heubeul sarta geus ilahar ayana praktek IMITASI, BARANG
 TIRUAN, BAJAKAN, PEMALSUAN, jeung sajabana. Conto, suku cadang mobil, motor,
 aya anu orginal aya lokal (tiruan/palsu). Kaset/CD/DVD musik atawa film aya
 nu orginal aya bajakan. Jeung..ah moal loba teuing ngaguar contona, matak
 cape nulis, da loba teuing.

 Nu jelas, warga masyarakat Indonesia geus biasa hirup dina kaayaan kitu.
 Produsen salah, konsumen salah, pamarentah oge sarua salah.
 Bukti kasalahanana, nyaeta:
 Produsen teu sadar, yen nyieun barang ciptaan batur teh melanggar hukum,
 utamana ngait kana hak paten.
 Konsumen teu sadar, yen meuli barang tiruan/bajakan teh sarua jeung
 ngadeudeul (ngadukung) produsen nu melanggar hukum.
 Pamarentah teu tulaten nitenan praktek produksi dina sagala widang, mana nu
 luyu jeung hukum, mana nu henteu. Padahal nu melanggar hukum/hak patent
 reana teu kabilang, tapi euweuh tindakan nanaon. Balukarna, di Indonesia mah
 sagala ditiron, sagala dipalsu, teu malire pibalukareunana, malah ijazah ge
 pan aya nu palsu.
 Sakanyaho Kuring, praktek pemalsuan anu rada gede mangfaatna pikeun warga
 masyarakat mah ngan GIGI PALSU wungkul, nu sejen mah ..ke urang pikiran
 heula.

 Jadi, kulantaran penegakkan hukum, khususnya dina urusan hak paten/hak
 cipta/ sanajan geus aya undang-undangna, dina seuhseuhanana mah teu matak
 jadi bener. Sabab, pemalsuan barang sakaligus jeung merekna geus dianggap
 biasa. Kulantaran geus biasa, produsen anu ngarasa yen produkna dijiplak,
 ditiron, alias ditiru ku pihak anu teu boga kasadaran hukum teu bisa
 kukumaha. Pon kitu deui urusan tabung gas ELPIJI katut selang jeung pakakas
 sejena, ku jalma anu kreatif, inovatif, opportunitif, rikif jeung
 mentingkeun duit mah eta teh PELUANG EMAS, tuluy weh ditiron...dijual ka
 masyarakat, ternyata MELEDAK meledak keuntungannya bagi pemalsu, meledak
 gasnya, meledak beritanya, meledak tangisnya

 Mun geus pagebug loba nu maot dibarengan ku ramena beja dina media massa,
 karek paciweuh ngaromong.

 Tah sakitu. Sugan we eungkeut-eungkeut areling...
 Cag, ah.

 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
mantap mang,

mang mommo, saleresna mah golok ge basa sunda. urang kulon, banten oge
bogor, nyebut bedog teh golok. cek urang kanekes mah golok teh pusaka,
sedengkeun kujang mah pakakas sapopoe paranti nyacar di huma.

mang mommo, saur kang ii sumirat mang mommo teh empu. kuring nyuhunkeun
pisan ka emang kersa ngadadarkeun perkara bedog oge kujang ieu. kumaha
perjalanana kujang tug dugi ka tiasa jadi pakarang pusaka urang sunda. naon
wae pamor nu aya di golok jeung kujang, rupa-rupa wanda simeut meuting,
sarangka, perah.

o muhun, salasaurang kuncen milis ieu ge, wa sasmita, neuleuman kana
golok/bedog, mun teu lepat mah.

nuhun sateuacanna

dudi

2010/7/7 mang mommo irwanlastia...@gmail.com


  [Attachment(s) #129ab30c5466dbc4_TopText from mang mommo included
 below]

 Sampurasun..
 Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
 Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd hoyong
 ngiringan nambih..
 Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
 bedog..
 Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
 wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
 soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
 Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
 bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
 damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
 golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)
 Tah dina sedihna.. Abdi insyaallah moal meneng bae..
 Aya ide bangor.. Saeutik aya kahoyong ngageuing bangsa urg nu mulai hilap
 kana pakarang2 aseli ti lembur.. Nu ceunah tos eleh ti bangsa deungeun..
 Insyaallah moal.. Buktosna mah ningan bangsa deungeun ge niron ti urang..

 Aya hiji gambar tina ide baong kalayan abdi nu teu bodo2 acan.. Insyaallah
 padamelan nyalira, henteu ari sae mah.. Ngan mudah2an tiasa ngageuing urang
 sadaya yen pakarang urg ge tiasa di angge keneh dugi ayeuna..

 Mangga kahaturan.. Bedog sajengkal tilu ramo, di padu konstruksi fulltang
 khas amerika, di soren ku cordura.. Di papaes ku tali kulit atah, bahan waja
 balik mipih khas tasikmalaya..

 Baktos..



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
walah kuring salah maca haha... punten mang mommo :) pasti tos terang nya
golok jeung bedog mah.

2010/7/7 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 mantap mang,

 mang mommo, saleresna mah golok ge basa sunda. urang kulon, banten oge
 bogor, nyebut bedog teh golok. cek urang kanekes mah golok teh pusaka,
 sedengkeun kujang mah pakakas sapopoe paranti nyacar di huma.

 mang mommo, saur kang ii sumirat mang mommo teh empu. kuring nyuhunkeun
 pisan ka emang kersa ngadadarkeun perkara bedog oge kujang ieu. kumaha
 perjalanana kujang tug dugi ka tiasa jadi pakarang pusaka urang sunda. naon
 wae pamor nu aya di golok jeung kujang, rupa-rupa wanda simeut meuting,
 sarangka, perah.

 o muhun, salasaurang kuncen milis ieu ge, wa sasmita, neuleuman kana
 golok/bedog, mun teu lepat mah.

 nuhun sateuacanna

 dudi

 2010/7/7 mang mommo irwanlastia...@gmail.com


  [Attachment(s) #129ab3b590d29751_129ab30c5466dbc4_TopText from mang
 mommo included below]

 Sampurasun..
 Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
 Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd
 hoyong ngiringan nambih..
 Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
 bedog..
 Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
 wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
 soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
 Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
 bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
 damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
 golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)_,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding

2010-07-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
asyik diantosan pisan mang mommo :)

2010/7/7 mang mommo irwanlastia...@gmail.com



 Alah-alah geura eta mang Ii, aya paribasa empu sagala.. Hihihi.. Janten
 isin ahh..
 Sanes ari empu mah abdi mah teu bodo2 acan..
 Kaleresan takdir sareng kudrat na abdi tuturun ti panday besi..
 Insyaallah.. Upami aya nu tertarik ku rupa2 pamor, kujang, bedog jeung
 sajaba na mah, keun sugan aya waktos nyondong urg guar na topik nu khusus
 nya..


 Baktos..

 Walagri® on mobile Powered by Telkomsel BlackBerry®
 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw: Imah Sunda di Indihiang (Indihiang, 1880)

2010-06-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
mj, di kampung urug di bogor aya leuit nu beda jeung leuit-leuit baduy,
ciptagelar, jeung indihiang ieu. kuring kungsi ka ditu, kungsi moto eta
leuit, hanjakal kabeuleum jeung hardisk-hardiskna. manggih gambarna ukut ti
internet tah disisipkeun di handap. leuitna nu di juru handap katuhu.

dudi


[image: 26235_382467862490_121994582490_3667702_2974585_n.jpg]

2010/6/17 mj ja...@itenas.ac.id





 Kabeneran salah sapuluh objek desain nu keur ditalungtik teh eta, leuit.

 Mun ngilikan foto jadul leuit van indihiang eta, awakna mah sarua jeung
 leuit nu aya di baduy oge ciptagelar. Pasagi, bari jeung ngagedean ka
 luhur.
 Ngan nu di baduy mah sampeanana, tihang opatna, jangkung (dibanding suku
 leuit indihiang ieu). Jadi ku urang baduy disebutna teh leuit lenjang,
 alias
 leuit jangkung. Bade fotona? Aya di file foto, baduy republik leuit, di
 mangjamal.multiply.com atawa asana aya di fesbuk.

 Aya model sejen leuit baduy mah, disebut gugudangan, nu leutikna disebut
 karumbung. nya siga gudang, teu seksi siga leuit lenjang. Leuit lenjang
 rada
 unik, kaasup aya papan buleud di handapna, dipasang dina tihang handapeun
 leuitna. Galabag asana mah ngarana teh. Cenah sangkan beurit teu bisa asup
 ka leuit. Da moal bisaeun ngarayap di bagean handap papan horisontal.

 Nu unik basa survey ka kampung kuta ciamis. Aya leuit, ditilik semu anyar.
 Sihoreng leuit di eta kampung adat mah hiasan, sakadar salah lima sarat sah
 hiji kampung adat. Heuheu, jadi teu dipake nyimpen pare. Ari di kampung
 naga
 tasik, aya leuit hiji, pikeun pare nu engkena dipake pikeun upacara adat,
 jadi pikeun kapentingan umum. Pare nu pribadi mah ditunda di dapur atawa
 goah, dina karung atawa tolombong.


 -Original Message-
 From: urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com [mailto:
 urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com] On
 Behalf Of Waluya
 Sent: Thursday, June 17, 2010 12:57 PM
 To: urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com
 Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Imah Sunda di Indihiang (Indihiang, 1880)

  Kumincir Wikidisastra ia.ad...@... wrote:
  nu di tengah mah leuitna panginten nya?

 Sigana mah enya, leuit. Leuit (tempat pare) 10 taun katukang mah, masih
 bisa
 ditempo di daerah antara Bayah-Sukabumi.

 Baktos,
 WALUYA

 
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] ali sadikin, cek urang batam

2010-06-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
ali sadikin, urang sunda nu disebut bang ku urang jakarta. salasahiji
pamingpin nu merekedeweng dina harti nu positip. ieu aya tulisan lanceuk
kelas kuring di ipb, ayeuna cicing di batam jadi wartawan. kuring satuju
jeung kalimah nu aya dina artikelna eta: Batam 2010, tentu bukan Jakarta
1966. Tapi, saya amat yakin, kota ini perlu dipimpin oleh orang yang
‘kopig’, sekeras kepala Bang Ali. Keras, tidak asal keras. Ia harus tahu –
mengutip lirik lagu pop – mau dibawa kemana kota ini. Lalu dengan
pengetahuan itu, ia cerdas mencari cara agar kota ini berkembang ke arah
itu.

lain wae batam, tapi kota sejen malah nagara urang pisan oge butuh pamingpin
nu apal, rek dibawa kamana kota/nagara ieu. terus teu gedag najan rea
harewos ti sisi ti gigir. teu rea ngaakomodasi harewos nu sejen sangkan teu
dieundeuk-eundeuk terus!

nuhun,

dudi

--

[Kolom] Mau Dibawa ke Mana Batam
Kita?http://www.facebook.com/note.php?note_id=3962363083081index=0

Oleh: Hasan Aspahani

INI cerita tentang Ali Sadikin. Saya mendengarnya dari anggota Dewan Pers
Bambang Harimurti. Ali Sadikin adalah gubernur yang paling berjasa membangun
Jakarta.

Sampai ia meninggal 20 Mei 2008 orang masih nyaman memanggilnya Bang Ali.
Ini bukan sapaan yang dibuat-buat, ini bukan sapaan yang asal terdengar
akrab saja. Ia memang akrab dengan warga Jakarta. Ia dapat tempat khusus di
benak warga Jakarta.

“Waktu ditunjuk menjadi Gubernur Jakarta, Bang Ali bingung bagaimana mau
membangun. Anggarannya cuma Rp66 juta,” kata Bambang, dalam Pelatihan Ahli
Dewan Pers, di Batam, Selasa lalu.

Padahal waktu itu, Jakarta – yang oleh Belanda disiapkan hanya dihuni oleh
600-800 ribu orang - sudah disesaki 3,4 juta jiwa. Jakarta adalah raksasa
tidur yang perlu dibangunkan dengan dana dinosaurus. Masalahnya ekonomi saat
itu sedang buruk sekali. Inflasi 600 persen. Bangunan sekolah, pusat
pelayanan kesehatan, dan rumah ibadah minim. Jalanan mulai disesaki
kendaraan. Infrastruktur lain? Huh, sama buruknya. Sebagai ibukota Negara,
Jakarta memalukan.

Naluri Presiden Soekarno yang menunjuk Bang Ali waktu itu tepat. Bang Ali -
Letnan Jenderal Angkatan Laut itu, orang yang ‘kopig’ alias keras kepala itu
- tak menyia-nyiakan kepercayaan yang diberikan padanya.

Memang, cara yang ia tempuh, kelak ia sadari, adalah jalan penuh
kontroversi: Ia melegalkan judi. Ia satukan kawasan pelacuran. Ia legalkan
panti pijat dan tempat hiburan. Ini bukan perkara mudah. Tapi dari situ,
saat itu, sekitar Rp 40 miliar masuk kas daerah DKI Jakarta tiap tahun.
Mesin pembangunan pun bisa diputar cepat.

Puaskah Bang Ali? Dia cemas. Uang sebesar itu rawan dikorupsi. Aparat yang
biasanya mengelola anggaran cekak, kini harus pegang uang banyak. Godaan
makin besar.

Bagaimana Bang Ali menghindari ini? Kita beralih ke cerita lain lebih
dahulu.

Pada zaman Bang Ali pula Adnan Buyung Nasution bergerak dengan Lembaga
Bantuan Hukum. Ini sebuah kantor pengacara yang banyak mengadvokasi orang
kecil, korban dari gerak laju pembangunan kota metropolitan itu. Ribuan
gugatan dialamatkan oleh LBH ke Pemerintah DKI Jakarta. Pada banyak kasus,
pemerintah kalah. Padahal, penopang dana utama dari lembaga hukum ini adalah
Ali Sadikin juga, ya Bang Ali yang Gubernur DKI itu juga.

Pada zaman Bang Ali pula, pemerintah DKI lewat PT Pembangunan Jaya, memberi
modal pada Goenawan Mohamad dan kawan-kawan mendirikan Majalah Tempo. Kita
tahu, Tempo adalah majalah yang sejak awal menenggakkan idealisme
jurnalistik yang ketat. Dan Pemerintah DKI Jakarta – si pemberi modal bagi
Tempo - bukan obyek yang haram untuk ditelanjangi.

“Saya heran, dan semasa Bang Ali hidup pernah saya tanya langsung ke
beliau,” kata Bambang Harimurti, petinggi di Tempo, yang pernah jadi
Pemimpin Redaksi juga di majalah itu.

Apa jawaban Bang Ali, tokoh kelahiran Sumedang, 7 Juli 1927 itu? “Itulah
cara saya mengawasi pegawai dan pembangunan di DKI. Itulah cara paling
efektif agar korupsi tidak terjadi,” katanya.

Ini pilihan yang luar biasa cerdasnya. Dan tepat. Bang Ali tidak menempuh
jalan memperbanyak aparat pengawas atau inspeksi yang hanya akan menambah
anggaran gaji dan kemungkinan besar kelak akan tergoda korupsi juga.

“Kalau saya kasih dana untuk LBH Buyung dan Tempo-nya Goenawan, berapa
besar, sih? Tapi, efektivitas pengendaliannya luar biasa,” kata Bang Ali,
sebagaimana ditirukan oleh Bambang.

Bang Ali tentu tidak sempurna. Tapi, pilihannya pada banyak hal kini harus
diakui adalah warisan teladan atas konsep, pemikiran dan tindakan yang
hebat. Bang Ali memilih pers yang bebas dan penegakan hukum. Dengan dua hal
itu, pengawasan jadi ketat, dan dana pembangunan tak mengalir ke kantong
koruptor.

Bang Ali mendahului apa yang kelak ditemuka oleh Bank Dunia. Hasil
penelitian lembaga tersebut, di Negara-negara yang persnya dijamin
kebebasannya, kesejahteraan rata-rata jauh lebih tinggi dibandingkan
Negara-negara yang refresif terhadap pers.

Ia berteriak keras menentang dan mengritik pemerintahan Suharto, dan ia
dicap sebagai pembangkang! Ia 

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Fw: Murid Sakola Menak (Bandung, 1903)

2010-06-16 Terurut Topik Dudi Herlianto
hatur nuhun ki

Pada 16 Juni 2010 19:40, Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id menulis:



 reuteum.

 --- Pada *Rab, 16/6/10, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com*menulis:


 Dari: Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com
 Judul: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Fw: Murid Sakola Menak (Bandung,
 1903)
 Kepada: baraya_su...@yahoogroups.com
 Cc: urangsunda@yahoogroups.com, kisu...@yahoogroups.com
 Tanggal: Rabu, 16 Juni, 2010, 7:50 AM



 beda jeung barudak ayeuna nya. komo barudak endonesa nu retem na tipi
 mah...

 2010/6/16 Waluya waluya2...@yahoo. 
 co.idhttp://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/compose?to=waluya2...@yahoo.co.id
 


   __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941)

2010-06-14 Terurut Topik Dudi Herlianto
cek babaturan, urang lampung, mun tas ngadahar kaduna, maung bakal memeres
deui cangkangna nepi ka meh sarua deui jeung saacan dibeulah. masih cek si
eta, kadu teh salasahiji kadaharan paporit maung.

sato sejen nu beuki kadu, gajah. malah--cek cenah deui-- kadu tai gajah
salahsahiji kadu nu ditareangan, nya samodel jeung kopi tai careuh lah.

2010/6/15 Waluya waluya2...@yahoo.co.id



  Kumincir Wikidisastra ia.ad...@... wrote:
  karek apal, si belang beuki kadu...

 Ceuk urang sumatera mah enya cenah beukian kadu. Nu mulung kadu di leuweung
 kudu ati-ati bisi pasanggrok jeung nenek ...hehehe. Sebutan Nenek keur
 maung, nunjukkeun maung teh gede pisan simana, tepika nyebut harimau wae
 teu wani.

 Di gunung Tampomas oge baheula aya kecap pamali lamun diucapkeun lamun
 pas urang keur di leuweung. Kecap nu pamali teh /EMBE/, bisi kadengeeun ku
 maung nu keur lapar, engke urang disangkana embe ...hehehehe

 =WLY=

  ___,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: nagara sunda jeung hasan tiro Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae--Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بي ن صور استعطف بها اليهود العالم ضد الالمان وم يفعلونه الان بالفلسط ينيين

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
ti iraha kuring daria kang? hehe. ngangsonan we ieu mah. mapanas, pan rame
mun aya perang opini di koran hihi

posisi kuring mah nolak kana ngaganti ngaran propinsi, alesanna mah hiji:
meakeun duit. mun beunghar onam!

2010/6/10 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 ni dararia kieu, eung... padahal mah kamari ge nyaruakeun nasib sunda jeung
 yahudi teh ukur heureuy... sual ngaran propinsi, ceuk kuring mah geus teu
 jaman jeung geus di luar konteks (teuing konteks naon... :P). coba we
 pikiran, lamun seug jawa barat diganti ku ngaran anu paling kuat karakterna:
 pasundan, meureun sarua jeung teu ngaku sunda ka nu di banten (najan cenah
 memang aya nu embung disebut sunda). acan deuih cenah sabagian urang cirebon
 aya nu embung disebut sunda, kajeun talak tilu cenah batan kudu nampa jadi
 propinsi pasundan mah. nu paling logis, ngaran propinsi diganti jadi 'jawa
 tengah bagian barat' heuheu.

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/6/10 Dudi Herlianto

   pamendak kuring mah, upama gaduh dadasar nu kiat, ulah wungkul di
 milis. coba ngadamel tulisan opini teras kintunkeun ka koran, misalkeun
 pikiran rakyat. asana ku jalan kitu wacana ieu bakal langkung ngaweuhan.

  __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw: Alun2 kantor kabupaten Sumedang (1860-1900)

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
Kanggo babandingan ieu aya gambar taun 2006...

[image: alun.JPG]

_



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
alun.JPG

Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
hehe... padahal bb nu hargana sajutaan jeung sahandapeunna ge loba nya mang?

2010/6/11 mj ja...@itenas.ac.id





 Ieu dihandap teh pernyataan sirik atawa kumaha.

 Asana teu make tulisan aing teu gableg blackberry oge teu nanaon, malah
 hade. Atawa hayang dibere kitu.



 Dina bb memang sok aya tulisan sent by blackberry, cenah otomatis dina
 bb-na kitu.

 Bisa oge diset, bisa dileungitkeun tulisan eta atawa merekna ku kecap sent
 by  mobile device, tujuanana pikeun mere pengumuman yen bisi tulisanana
 saeutik atawa kurang eces, mugia dihampura

 Sabab dikirimna make perangkat mobile bb tea.



 Wayahna we sing ngeunah merenah tumaninah



 Nuhun.



 Mj



 --

 Aing teu gableg BlackBerry


 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
kang irpan, cobaan geura baca buku 'radikal itu menjual' beunang joseph
heath jeung andrew potter. nu ngajelaskeun justru gerakan-gerakan anti
kamapanan teh rohna konsumerisme...

hihihi

2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com




 Ah, si Mang J mah, kawas nu teu apal ka Si Irpan wae. he...he..he..
 nu kitu wae di tanyakeun.

 Biasa mang J, jalma nu anti kemapanan teh salah sahijina kieu.
 lamun dina musik mah, barudak Punk atawa Skinhead nu sok mahiwal teh.

 tah sabab kuring mah teu bisa maen musik, nya anti kemapanan na dina bentuk
 signature.

 mun teu salah sababaraha waktu katukang kuring kungsi posting tulisan anu
 judulna 'Simbol'.
 nganyatakeun ka prihatinan kuring kana karakter jalma indonesia anu 'biar
 tekor asal nyohor' he..he..he..


 --

 Aing teu gableg BlackBerry



 On 06/11/2010 09:34 AM, mj wrote:



  _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
nya samodel kitu lah...
jiga gerakan sneaker mun teu salah, keur ngagulingkeun kamapanan nike.
kumaha majalah-majalah gerakan radikal eta kampanye sangkan ulah make nike,
tapi akhirna eta majalah eta malah jadi produsen sapatu gede :)

gerakan hipies ge dibahas asana mah. nu ngahubungkeun kumaha vw beetle nu
dipake simbol ku maranehna ngatranspormasi jadi mobil-mobil gede dobel
gardan...


2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com



 Euleuh, kutan teh kitu nyah ?
 cikan, ide dasarna we heula bejaan kuring. kumaha tah hubungan anti
 kemapana jeung konsumerisme teh.

 naha siga kieu:
 pengusaha distro, nyieun kaos anu tulisanna radikal, sangkan payu.

 kitu lain?

 --
 Sim abdi teu gaduh BlackBerry



 On 06/11/2010 10:40 AM, Dudi Herlianto wrote:



 kang irpan, cobaan geura baca buku 'radikal itu menjual' beunang joseph
 heath jeung andrew potter. nu ngajelaskeun justru gerakan-gerakan anti
 kamapanan teh rohna konsumerisme...

  hihihi

 2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com



 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
enya ngan nu hade mah cek kuring teu kudu mamawa merk. coba gera ganti ulah
sim abdi teu gaduh blackberry ku sim abdi teu acan meser hape deui, masih
nganggo nu kapungkur, da masih berfungsi sae sareng cekap.. haha panjang
teuing nya?

2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com



 Oh kitu he..he..he..
 ngan ceuk rarasaan mah, anu dijual ku kuring teh pola pikir, lain barang.
 jeung deui, kauntungan nu diperoleh lain mangrupa duit, tapi (lamun ceuk
 kuring) kualitas manusa indonesia anu leuwih kompetitif.
 lamun ngajual pola pikir kitu meunang teu nya?

 --
 Sim abdi teu gaduh BlackBerry



 On 06/11/2010 11:19 AM, Dudi Herlianto wrote:


 nya samodel kitu lah...
 jiga gerakan sneaker mun teu salah, keur ngagulingkeun kamapanan nike.
 kumaha majalah-majalah gerakan radikal eta kampanye sangkan ulah make nike,
 tapi akhirna eta majalah eta malah jadi produsen sapatu gede :)

  gerakan hipies ge dibahas asana mah. nu ngahubungkeun kumaha vw beetle nu
 dipake simbol ku maranehna ngatranspormasi jadi mobil-mobil gede dobel
 gardan...


 2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com



 Euleuh, kutan teh kitu nyah ?
 cikan, ide dasarna we heula bejaan kuring. kumaha tah hubungan anti
 kemapana jeung konsumerisme teh.

 naha siga kieu:
 pengusaha distro, nyieun kaos anu tulisanna radikal, sangkan payu.

 kitu lain?

  --
 Sim abdi teu gaduh BlackBerry



 On 06/11/2010 10:40 AM, Dudi Herlianto wrote:



 kang irpan, cobaan geura baca buku 'radikal itu menjual' beunang joseph
 heath jeung andrew potter. nu ngajelaskeun justru gerakan-gerakan anti
 kamapanan teh rohna konsumerisme...

  hihihi

 2010/6/11 irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com



 ___




 --
 d-: dudi herlianto :-q
 kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



   __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


nagara sunda jeung hasan tiro Re: [Urang Sunda] Kang go gambaran wae--Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بين ص ور استعطف بها اليهود العالم ضد ال المان وم يفعلونه الان بالفلسطيني ين

2010-06-09 Terurut Topik Dudi Herlianto
 negara
persatuan Sukarno. Menurut Tiro, dengan wilayah yang luas sangat tidak
mungkin jika Indonesia dipaksakan menjadi negara persatuan. Dalam buku
itu Tiro mengusulkan federalisme sebagai pilihan yang terbaik untuk
demokrasi Indonesia. Artinya, pada era ini Tiro masih memberi
alternatif bagi penyelesaian hubungan pusat-daerah.

Tapi akumulasi nasib buruk yang menimpa rakyat Aceh selama
bertahun-tahun membuat seorang Hasan Tiro tidak memiliki pilihan lain
kecuali memerdekakan Aceh. Bantuan Aceh untuk Republik pada masa-masa
awal perang kemerdekaan dijawab pemerintahan Sukarno dan Soeharto
dengan menjadikan Aceh, sebagaimana kawasan lain, sebagai prioritas
nomor dua secara politik dan ekonomi. Karena ketidakpercayaan terhadap
pemerintahan Jakarta selama bertahun-tahun itu pulalah ide otonomi
daerah yang ditawarkan Abdurrahman Wahid tidak pernah ditanggapi Tiro
dan kelompoknya.

Saya ingin memperdengarkan satu kaset pada Anda, kata Hasan Tiro
tiba-tiba. Ia mengambil sebuah kaset bersampul putih dan sebuah tape
recorder. Kaset itu berisi pidato Tiro di muka pasukan GAM di Tripoli,
Libya, pada 1985. Sebuah pidato yang membakar semangat pasukan yang
disampaikannya dalam bahasa Arab, Prancis, Inggris, dan Aceh. Beberapa
kali TEMPO berusaha menanyakan konteks peristiwa pidato itu, tapi ia
cuma menjawab pendek, Just listen.

Tiro memang sering tak ingin menjawab. Beberapa pertanyaan tentang ide
Aceh merdeka dijawabnya pendek sebelum akhirnya ia beralih ke topik
lain. Beberapa kali ia bahkan cuma menyahut, Baca saja buku ini,
sambil menunjuk beberapa buku yang pernah ia tulis.

Pada masa mudanya Tiro memang banyak menulis. Selain Drama dan Legal
Status of Acheh Sumatra, ia juga pernah menulis The Prince of Freedom:
The Unfinished Diary of Tengku Hasan di Tiro. Buku 226 halaman ini
merupakan catatan hariannya ketika ia berperang di hutan Aceh pada
1976-1979.

Di buku itulah ia menggambarkan kepulangannya kembali ke Aceh pada
1976-setelah 25 tahun tinggal di Amerika-seperti kedatangan Napoleon
yang mendarat di Teluk Juan dari Pulau Elba atau Julius Caesar yang
melintasi Rubicon. Pada 30 Oktober 1976 itu ia melukiskan dirinya
dengan mengutip sebuah karya Nietzche, Thus Spoke Zarathustra:

Di tempat pendaratannya, di Kualatari datang menjemput pasukan Tiro di
bawah pimpinan Daud Paneuk, tokoh yang kini juga tinggal di Swedia dan
belakangan meninggalkan Tiro dengan membentuk MP GAM. Sungguh tidak
mudah meninggalkan kehidupan saya di Riverdale New York dan memilih
tinggal di hutan yang pekat sebagai pemimpin gerilya, tulis Tiro.

Ia kini memang tidak tinggal di Aceh. Ia memimpin pasukan gerilyanya
dari jauh. Sebuah negara di kawasan Skandinavia, hampir 8.000 mil dari
tanah kelahirannya. Ide Aceh Sumatra merdeka yang diambilnya dari
daerah kekuasaan Kesultanan Iskandar Muda dulu masih dipercaya
pendukungnya sebagai perekat bagi persatuan bangsa Aceh dan Sumatra.
Kepemimpinannya di kalangan GAM dipatuhi, meskipun sebagian orang
menggugat Hasan Tiro karena kepemimpinannya di GAM tidak lepas dari
unsur mengalirnya darah Tiro dalam dirinya. Untuk waktu yang lama GAM
memang belum bisa lepas dari pola suksesi ala kesultanan ini.

Hari menjelang sore. Jam dinding di rumah Tiro menunjukkan pukul empat
sore. Tapi pada musim semi yang memanjangkan siang, petang itu
matahari masih terik. TEMPO mohon diri dan Tiro mengantar sampai ke
luar. Di muka pintu ia mengepalkan tangannya dan berteriak dengan
suara bergetar, Sumatra! Dari balik pintu lift yang perlahan
tertutup, masih tampak lelaki itu merapatkan mantelnya, sekali lagi.

Arif Zulkifli (Stockholm, Swedia)

2010/6/9 tantan hermansah sariak.lay...@gmail.com



 Naon alesana?
 Hmmm...alus oge. Ngan ku sabab kuring sanes Yahudi. Janten teu tiasa
 ngajawabna.
 heuheu...

 Tapi anu didiskusikan ku Kang Kumi oge hade.
 Kunaon US teu boga nagara?
 Ku naon US teu loba di sarakana?
 Ku naon US bet siga minder?
 Ku naonjeung ku naondeui eta penting pisan.
 Sigana, memeh siga Yahudi atawa Palestina, US oge kudu mikir leuwih teleb
 batan ayeuna

 Baktos
 Tantan

 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: nagara sunda jeung hasan tiro Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae--Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بي ن صور استعطف بها اليهود العالم ضد الالمان وم يفعلونه الان بالفلسط ينيين

2010-06-09 Terurut Topik Dudi Herlianto
ukur proponsi? hah!

:))

2010/6/9 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 ceuk hiliwir bawaning angin mah, Bogor, Depok  Bekasi geus tatan-tatan rek
 ngadegkeun propinsi anyar... heuheu

 sikandar
 su.wikipedia.org

 2010/6/9 kang_arif

  Euweh kahayangalasana.
 kamari shilaturrahmi Warga Sunda di Aceh, pidato 'politikna' disampaikeun
 ku Prof Dr. Utju Ali Basyah, MA | guru besar di Universitas Syiah Kuala,
 Banda Aceh.
 Ceu Profesor, geus waktu urang sunda hudang, minimal anu paling leutik
 persoalan ngaran ulah Jawa Barat deui. sok atuh mimitian minta ngaran
 provinsi diubah.
 bisa Pasundan, saurna teh. anapon engke bakal aya pakuwan, pajajaran jrrd.
 eta bagian tina kaluhuran sundaeta saur prof Utju.. US paling sepuh di
 Aceh...

  __._,_._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Lasminingrat Sakola Eropa di Sumedang

2010-06-09 Terurut Topik Dudi Herlianto
jaman abdi sakola di dinya ge skp tos teu aya teh, gigireun sma teh smp 8...

2010/6/9 roro rohmah roro_roh...@yahoo.com



 Sami abdi ge nembe terang aya sakola eropah nu lebetna wanoja wungkul...
 boa-boa SKP (Sekolah Kepandaian Putri) gigireun SMAN 1 Sumedang nya Bah?
 Ayeuna mah tos teu aya da RSUD dibadagan.

 ro2

 --- On *Wed, 9/6/10, Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com* wrote:


 From: Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com
 Subject: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Lasminingrat  Sakola Eropa di
 Sumedang
 To: baraya_su...@yahoogroups.com, urangsunda@yahoogroups.com
 Date: Wednesday, 9 June, 2010, 4:21 PM



 abdi kakara terang aya sakola eropah di sumedang baheula na teh... aduuhh
 hoyong ningali ka ayaan kota sumedang kapungkur kumaha nya?

 201___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae- -Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بين صور استعط ف بها اليهود العالم ضد الالمان وم يفعلونه الان بالفلسطينيين

2010-06-09 Terurut Topik Dudi Herlianto
hapunten ka sadayana, ternyata carita kuring dihandapeun postingan kang zen
loba salahna. utamana urutan waktuna. deklarasi balfour mucunghul jauh
samemeh kajadian holocoust. janten  ingris, deklarasi balfour, sareng israel
teu aya hubunganna sareng holocoust.

sakali deui hapunten

2010/6/9 Mohammad zen zenhus...@yahoo.com



 assalamualaikum wr wb

 1. langkung sae tiasa ngarujuk ka Mushadiq Marhaban peneliti masalah yahudi
 jeung kristen tiasa di search ...
 kantos kuring maca dina sajarah , yen Yahudi teh hiji kaum ti Yehuda...
 bani Israel teh seueur kaumna... ngan nu paling bengal anu paling nakal tah
 ieu yehuda... anu nyesa nepi ka ayeuna ieu kaum teh... anu ngaklaim deuk
 ngadirikeun nagara ISrael, atuh 'Umat yahudi lainna teu satuju jeung
 nganggap eta zionis teh anu ngaklaim perwakilan ti bani israel deuk
 ngadirikeun ISRAEL raya.

 jadi lamun disambungkeun ka para nabi baheula mah lain YAhudi ayeuna
 ,,,baheula mah nabi teh kaum bani israel putra2 na ti Yaqub (umum sifatna)
 anu agamana TAuhid... tapi emang seseueurna eta si 'Yahudi ' teh anu
 ngakalim kuasa dina taurat teh pagaweanana pikasebeleun , ngabunuh para
 nabi, fitnah, bahkan ngalawan gusti Allah, ku kituna ieu kaum si YAHUDI teh
 dikutuk ku gusti Allah. ku kituna geus euweuh hak deui ka maranehanana
 ngagaduhan taneuh di muka bumi, mangga rujuk Quran yen maranehanana geus
 dikutuk ku gusti Allah.  nepi kaayeuna oge maranehanana mah pgaweanana
 ngaruksak.

 Ari ieu taneuh ayeuna teh nu hakna boga bangsa Palestina anu tos
 tikapungkur atos memproklamirkan hiji nagara utuh saacan proses pengiriman
 besar2 yahudi eropah sanggeus perang dunia 2.

 kasimpulanana : ieu taneuh teh milik bangsa palestina.

 2. Eta gambar memang jadi perdebatan, kulantaran nepi ka ayeuna oge kasus
 holocoust teh can aya penelitianana, jadi can puguh bener salahna ku
 kituna Ahad dinejat nyarios yen Holocoust teh bohong ayana...
 dalilna : seseur peneliti anu hoyong neliti kasus holocoust tapi dilarang
 jeung sabagean dipenjara.
 jadi nepi ka ayeuna can aya penelitian nu puguh, adapun poto2 eta teu jadi
 bukti otentik keberadaan holocoust.
 nu kadua lamun eta holocoust teh bener ayana naha atuh henteu menta taneuh
 na taneuh jerman wae balas dendam ka nagara jerman...



 --
 *From:* Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com
 *To:* urangsunda@yahoogroups.com
 *Cc:* kisu...@yahoogroups.com
 *Sent:* Tue, June 8, 2010 8:17:14 PM
 *Subject:* [kisunda] Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae--Fwd:
 [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بين صور استعطف بها اليهود العالم ضد الالمان وم يفعلونه
 الان بالفلسطينيين




 mun teu salah ieu mah bah, nu ngorehan sajarah kunaon yahudi ningalkeun
 kanaan (palestina ayeuna) teh tos seueur. sakaterang kuring mah, leuwih ti
 sakali yahudi kudu minggat ti kanaan. basa masih keneh jaman yakub, yahudi
 kudu indit ka mesir ngajauhan balai kalaparan ngan di mesir maranehna jadi
 kelas budak, kakara di jaman musa yahudi dibebaskeun baralik deui ka kanaan.
 di dinya maranehna ngadegkeun karajaan, raja pangkawentarna daud jeung
 sulaiman. tah sanggeus sulaiman maot, kajayaan karajaan yahudi mundur,
 karajaan peupeus jadi dua, saterusna daerahna mimiti dikawasa ku asiria
 jeung babilonia, bangsana deui-deui jadi budak, ngan rea oge nu milih
 kakaburan utamana ka mesir, nya ti dieu mimiti diasporana yahudi teh.
 sumebarna bangsa yahudi ti sarakanna tambah-tambah sanggeus daerahna
 dikawasa romawi.

 kunaon sababna gerakan zionisme harayang baralik deui ka kanaan? samemehna
 aya tilu daerah nu diajamkeun keur sarakan yahudi anyar, di afrika kaler,
 argentina, jeung kanaan. ngan jigana zionis leuwih milih kanaan sabab dina
 kitabsucina, talmud geus disebutkeun salaku tanah nu dijangjikeun. gerakan
 zionis ieu teu bisa leupas tina rasa dosa urang eropa ku kajadian holocoust.
 nya inggris salaku warga eropa pangawasa tanah kanaan harita, ngidinan
 yahudi baralik ka kanaan, ngaliwatan deklarasi balfour.

 salaku penjajah, inggris tangtu teu ningali ku dua panon, yen di tanah
 kanaan geus rebuan taun dicicingan ku bangsa palestina (filistin). komo deui
 yahudi zionis.

 palestina jeung yahudi ti baheulana mula geus jadi tatanggaan. duanana
 sarua nyicingan tanah kanaan. ngan teu rukun. emut carita david (daud) jeung
 goliat (zhalut)? eta teh carita perang bangsa yahudi jeung palestina. daud
 nu harita masih keneh komandan perang karajaan yahudi nu dirajaan thalut
 kudu ngelehkeun zhalut raja karajaan palestina.

 kabayang pan, kumaha lieurna sajarah. dina qur'an baheula yahudi nu
 didukung, daud nabi yahudi diaku oge jadi nabi islam. padahal manehna teh
 perang jeung bangsa palestina. tibalik jeung jaman ayeuna.

 ngan memang, kasaruaan bangsa palestina harita jeung ayeuna masih keneh
 diperdebatkeun. da cek salasahiji situs alkitab mah bangsa palestina nu
 baheula mah geus musnah. hiji hal nu bisa dipetik tina dua carita perang
 yahudipalestina ieu, nyaeta islam mah teu mandang bangsa, nu ngakakaya
 kamanusaan pasti dilawan!!!

 ah

Re: nagara sunda jeung hasan tiro Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae--Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بي ن صور استعطف بها اليهود العالم ضد الالمان وم يفعلونه الان بالفلسط ينيين

2010-06-09 Terurut Topik Dudi Herlianto
pamendak kuring mah, upama gaduh dadasar nu kiat, ulah wungkul di milis.
coba ngadamel tulisan opini teras kintunkeun ka koran, misalkeun pikiran
rakyat. asana ku jalan kitu wacana ieu bakal langkung ngaweuhan.


tk

2010/6/10 riframadl...@yahoo.com



 Sigana ulah saukur wacana dimilis... Kumaha lamun jadi gerakan dukung robih
 nami jabar Satuju teu? Siga Gayo di aceh. Nepi ka ayeuna nelah Gayo
 sanes aceh. Meski manehna aya di aceh.

 Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
 --
 *From: * armandria udaya ssoedj...@yahoo.com
 *Sender: * urangsunda@yahoogroups.com
 *Date: *Thu, 10 Jun 2010 11:59:05 +0800 (SGT)
 *To: *urangsunda@yahoogroups.com
 *ReplyTo: * urangsunda@yahoogroups.com
 *Subject: *Re: nagara sunda jeung hasan tiro Re: [Urang Sunda] Kanggo
 gambaran wae--Fwd: [ICAS-JKT] Fw: مقارنة بين صور استعطف بها اليهود العالم
 ضد الا لمان وم يفعلونه الان بال فلسطينيين



 Abdi Usul Nami :


 Propinsi Sunda Besar
 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
mun hayang murah jeung berkesan, aneh bin unik, walimahanna cukup di kebon
make kaos oblong. sablon we sing gede, dina dada panganten lalaki: asik...
engke peuting kawin! leres teu neng?. dinu awewe ah si aa mah! tambihan
weh ku gambar nu bareubeu... ari mas kawinna mah, cekap ku . (alah siah
haha... ku naon nya? can pangalaman euy)

xixixixixixi

2010/6/8 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 maskawinna emas we lima kilo, moal teu berkesan...

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/6/8 jangdede

   Satuju pisan kang. Unik teh teu sami sareng mahal. Misalna sikuring rek
 make maskawin ku dolar, yen, real jeung rupiah. Sabab ceuk pamadegan kuring
 eta 4 nagara anu di jentrekeun ku mata uang sewang2an boga karakter anu
 alus. Bisa ditinggali dina sisi positifna.
 misal Yen ngawakilan bangsa jepang anu satria jiga semangat samurai. Real
 ngagambarkeun Baitullah yen muslim teh kudu boga kiblat anu jelas jeung boga
 tujuan anu bener. Dolar ngagambarkeun bangsa amerika anu terbuka jeung
 demokratis.
 Tah mun rupiah mah ngagambarkeun tanah nusantara anu subur, mudah2an bisa
 nyuburkeun sagala kaalusan dina raraga ngawangun rumah tangga.
 Ha.

  
   Reply  ia.ad...@gmail.com?subject=re:+%5Burang+sunda%5D+Tuluangan.
 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
upama bade nurutan nabi muhammad basa nikah ka siti khadijah, anjeunna
ngangge mas kawin onta 100 buntut. cek yahoo answer mah mun dikonversi ka
jaman kiwari, mas kawin nabi kurang leuwih 33 milyar. emas 5 kilo wae mah
euweuh nanaonna, sakitu mah ngan 1.8 milyar wungkul

xixixi

2010/6/8 Kangs kamu...@telkom.net

 jangdede wrote:
 
  Satuju pisan kang. Unik teh teu sami sareng mahal. Misalna sikuring
  rek make maskawin ku dolar, yen, real jeung rupiah. Sabab ceuk
  pamadegan kuring eta 4 nagara anu di jentrekeun ku mata uang sewang2an
  boga karakter anu alus. Bisa ditinggali dina sisi positifna.
  misal Yen ngawakilan bangsa jepang anu satria jiga semangat samurai.
  Real ngagambarkeun Baitullah yen muslim teh kudu boga kiblat anu jelas
  jeung boga tujuan anu bener. Dolar ngagambarkeun bangsa amerika anu
  terbuka jeung demokratis.
  Tah mun rupiah mah ngagambarkeun tanah nusantara anu subur, mudah2an
  bisa nyuburkeun sagala kaalusan dina raraga ngawangun rumah tangga.
  Ha.
 
  Filosopi anu teung bener duka salah.
 
 
  Cag
  jangdede
 Ari Namina maskawin teh hanes kedah ku Mas sakitu gram? ( namina oge
 maskawin lin).
 tapi nguping saurna nabi waktos naros ka jajaka teh boga emasanu
 akhirna boga gelang besi?  tapi duka ketah cobi we anu teurang
 dipedar perkawis maskawin anu saluyu sareng ajaran islam... hehehehe

 salam
 hendra





-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Kanggo gambaran wae--Fwd: [ICAS-J KT] Fw: مقارنة بين صور استعطف بها ال يهود العالم ضد الالمان وم يفعلون ه الان بالفلسطينيين

2010-06-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
mun teu salah ieu mah bah, nu ngorehan sajarah kunaon yahudi ningalkeun
kanaan (palestina ayeuna) teh tos seueur. sakaterang kuring mah, leuwih ti
sakali yahudi kudu minggat ti kanaan. basa masih keneh jaman yakub, yahudi
kudu indit ka mesir ngajauhan balai kalaparan ngan di mesir maranehna jadi
kelas budak, kakara di jaman musa yahudi dibebaskeun baralik deui ka kanaan.
di dinya maranehna ngadegkeun karajaan, raja pangkawentarna daud jeung
sulaiman. tah sanggeus sulaiman maot, kajayaan karajaan yahudi mundur,
karajaan peupeus jadi dua, saterusna daerahna mimiti dikawasa ku asiria
jeung babilonia, bangsana deui-deui jadi budak, ngan rea oge nu milih
kakaburan utamana ka mesir, nya ti dieu mimiti diasporana yahudi teh.
sumebarna bangsa yahudi ti sarakanna tambah-tambah sanggeus daerahna
dikawasa romawi.

kunaon sababna gerakan zionisme harayang baralik deui ka kanaan? samemehna
aya tilu daerah nu diajamkeun keur sarakan yahudi anyar, di afrika kaler,
argentina, jeung kanaan. ngan jigana zionis leuwih milih kanaan sabab dina
kitabsucina, talmud geus disebutkeun salaku tanah nu dijangjikeun. gerakan
zionis ieu teu bisa leupas tina rasa dosa urang eropa ku kajadian holocoust.
nya inggris salaku warga eropa pangawasa tanah kanaan harita, ngidinan
yahudi baralik ka kanaan, ngaliwatan deklarasi balfour.

salaku penjajah, inggris tangtu teu ningali ku dua panon, yen di tanah
kanaan geus rebuan taun dicicingan ku bangsa palestina (filistin). komo deui
yahudi zionis.

palestina jeung yahudi ti baheulana mula geus jadi tatanggaan. duanana sarua
nyicingan tanah kanaan. ngan teu rukun. emut carita david (daud) jeung
goliat (zhalut)? eta teh carita perang bangsa yahudi jeung palestina. daud
nu harita masih keneh komandan perang karajaan yahudi nu dirajaan thalut
kudu ngelehkeun zhalut raja karajaan palestina.

kabayang pan, kumaha lieurna sajarah. dina qur'an baheula yahudi nu
didukung, daud nabi yahudi diaku oge jadi nabi islam. padahal manehna teh
perang jeung bangsa palestina. tibalik jeung jaman ayeuna.

ngan memang, kasaruaan bangsa palestina harita jeung ayeuna masih keneh
diperdebatkeun. da cek salasahiji situs alkitab mah bangsa palestina nu
baheula mah geus musnah. hiji hal nu bisa dipetik tina dua carita perang
yahudipalestina ieu, nyaeta islam mah teu mandang bangsa, nu ngakakaya
kamanusaan pasti dilawan!!!

ah entos ah, bisa kojay meuri jadi atog-atogan deui.

dudi

2010/6/9 Surtiwa surt...@gmail.com

 Anu teu acan dikorehan teh sajarah dihandap ;

 1. Kunaon baheula pisan urang2 yahudi teh naringgalkeun daerah anu
 disebutPalestina ayeuna. waktu karajaan Romawi keur jaya jeung nabi
 isa jumeneng keneh..maranehna pan caricing didarinya.Iraha mulai
 ngungsi kalaluar ngalanglang kasakabeh nagara ??? Kunaon alesanna.

 2. Sanggeus ngumbara ngarasa maju..tapi ditindes bebeakan ku Hitler,
 aya gerakan nasionais Zionis (1949 ??) hayang balik deui ka taneuh
 Palestina terus ngadirikeun Nagara Israel . Kanaon ???

 On 6/8/10, oman abdurahman omana...@gmail.com wrote:
  Ieu mah kanggo gambaran wae, kumaha katunggaraanana bangsa Palestin di
 Jalur
  Gaza. Naha Zionis Israel ngahaja meupeus keuyang alatan luluhurna kungsi
  disiksa ku Nazi baheula jaman perang dunya kadua? Naha ieu totonden baris
  ayana perang dunya katilu? Wallohu 'alam, mung Alloh anu langkung uninga.
 
  Hapunten bilih minuhan mailbox dulur sadaya.
 
  manar
 
 
 



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: uurang sunda]

2010-06-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
mun ngomongkeun sifat hiji bangsa, biasana subjektif pisan. gumantung ka
pangalaman urang gaul jeung bangsa-bangsa eta. nu tungtungna lumpat ka
stereotipikasi

nu katitenan ku kuring mah, kabeh bangsa tangtu ngaku bangsa nu berbudaya
hade, moal aya bangsa nu ngaku goreng. biasana nilai goreng hiji bangsa
mucunghul ti penilaian pihak luar.

2010/6/9 jangdede jangd...@gmail.com



 ANU rada rinci wa
 Sugan we matak bisa muka pikiran anu rada cenghar.

 hahah

 2010/6/9 Obay tea obay...@hotmail.com



 Jang, pamanggih kuring mah karakter bangsa maranehna teh kieu:


 Bangsa Amerika : Loba omong, loba gawe.
 Bangsa Jepang : Teu loba omong, loba gawe.
 Bangsa Arab : Teu loba omong, teu loba gawe.
 Bangsa Indonesia: Lain nu diomongkeun, lain anu digawean.

 Obay.
 ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~

 uurang sunda]
 http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/146016;_ylc=X3oDMTJzcWpmbmlwBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzE0NjAxNgRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjc1OTEyMjU2
 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: uurang sunda]

2010-06-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
tangtos kedah naros ka bangsana langsung, biasana aranjeunna sok ngagaduhan
filosofina masing-masing. kang dede tiasa milarian nyalira dina internet
xixixi

jiga urang sunda, pan saurna warnana teh hideung jeung bodas, filosofina
titik titik titik titik, tangtu nu harade :)

2010/6/9 jangdede jangd...@gmail.com



 Tah eta cing sok di pedar kang Dudi. Nau positipna we wungkul da ari nu teu
 balegnamah da geus papada apal.
 hahha...

 2010/6/9 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 mun ngomongkeun sifat hiji bangsa, biasana subjektif pisan. gumantung ka
 pangalaman urang gaul jeung bangsa-bangsa eta. nu tungtungna lumpat ka
 stereotipikasi

 nu katitenan ku kuring mah, kabeh bangsa tangtu ngaku bangsa nu berbudaya
 hade, moal aya bangsa nu ngaku goreng. biasana nilai goreng hiji bangsa
 mucunghul ti penilaian pihak luar.

 2010/6/9 jangdede jangd...@gmail.com



 ANU rada rinc___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] rupi rupina iyeu yeuh awal mula permusuhan VIking jeung the jack

2010-06-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
nu pasti mah teu sakabeh bobotoh persib viking, kuring contona..

sabenerna, leres pisan nu nyieun tulisan eta teh, persib memang keur urang
bandung. naha cenah lain urang bandung wae nu ngaku viking? sabab di daerah
manehna mah can aya kleub bola nu gagahna papak jeung persib, jadi tangtu
bakal leuwih reueus lamun ngabobotohan persib. beda jeung di jawa timur,
usum ayeuna aya 5 kleub nu makalangan. najan dua kleub kamungkinan bakal
degradasi, di usum hareup aya kleub anyar ti jawa timur nu bakal ngilu
tandang.

intina mah, kunaha viking ahirna teu wungkul urang bandung teh sabab euweuh
deui pilihan!! haha

Pada 31 Mei 2010 11:24, syam ridwan pay...@yahoo.com.au menulis:



 
 lain euy ari barudak viking ngan ukur urang bandung wae kitu, eta we
 ditulisan, anak bandung anak bandung deui, padahal didaerah sejen, loba nu
 ngaku viking. kamari sikuring ngaladog kadaerah purwokerto, ngahaeub
 bendungan serayu ngajeblag na gawir jalan viking purwokerto nu kaparengan
 harita nek nobar siaran langsung di alun2 kota, sapanjang jalan ngompoy
 dikaraos biru bari beungeut dimulang melong...

 mangkukna deuih ngobrol jeung wanoja (biasana resep ngobrol teh jeung nini
 nini) lila lila obrolan teh ngagaleong ka mengbal,singhoreng manehna fans
 beurat persib,sugan teh urang sunda boro ngobrolna ganti cenel make ngomong
 sunda, ari pek teh manehna ngaku ti Lampung..Beu!


 - Original Message -
 *From:* Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com
 *To:* urangsunda@yahoogroups.com ; baraya_su...@yahoogroups.com
 *Sent:* Tuesday, June 01, 2010 9:15 AM
 *Subject:* [Urang Sunda] rupi rupina iyeu yeuh awal mula permusuhan VIking
 jeung the jack



  *Asal Mula Perseteruan Viking vs The jack*
  --

 Inilah yang membuat anak muda ibukota iri. Selain kejayaan Persib kala itu,
 kesetiaan Viking membuat hati mereka panas. Saat itu muda-mudi betawi baru
 mampu membentuk kolompok kecil bernama Persija Fans Club. Walaupun begitu,
 kebesarkepalaan mereka sudah sangat menjadi. Hingga terjadilah insiden di
 stadion Menteng. Saat Persija menjamu Maung Bandung pada Liga Indonesia
 ke-2. Viking membirukan Ibukota dengan sekitar 9000 anggotanya. Sementara
 Persija Fans Club hanya berjumlah tak lebih dari 1000 orang. Rupanya
 bocah-bocah betawi itu tak rela kandangnya dikuasai supporter kota lain.
 Mereka pun membuat ulah. Seakan lupa jumlah mereka tak lebih dari 10%
 anak-anak Bandung. Hingga akhirnya, mereka mendapatkan akibatnya. Dengan
 kuantitas yang hanya satu tribun VIP, lemparan batu diarahkan Viking pada
 lokasi mereka menonton. Dan itu dilakukan Viking di Jakarta. Hal yang tidak
 berani dilakukan bocah Jakarta di Kota Kembang.
 Kejadian itu terjadi di kantin Indosiar, ketika dilangsungkannya acara
 pemberian hadiah. Kontan keributan sempat terjadi, namun berhasil diatasi.

 Kesirikan the jak tak sampai disitu. Mereka menghadang rombongan Viking
 dalam perjalanan pulang menuju Bandung, tepatnya di pintu tol Tomang.
 Anak-anak Bandung yang berjumlah 60 orang pulang dengan menggunakan dua
 mobil Mitsubishi Colt milik Indosiar dan satu mobil Dalmas milik kepolisian.
 Ketiga mobil ini dihadang sebuah Carry abu-abu. Dua lolos, namun nahas bagi
 salah satu Mitsubishi Colt yang ditumpangi para anggota Viking. Mobil itu
 terperangkap gerombolan the jak. Kontan, mobil dirusak, Viking disiksa, dan
 uang para pendukung pangeran biru itu pun dijarah. Termasuk handphone dan
 dompet mereka.


   




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Ceurik Mang Jamal

2010-05-19 Terurut Topik Dudi Herlianto
ngiring reueus ka mj, mugya dipaparin kakuatan (materi jeung imateri) nu
leuwih keur ngahontal cita-cita, mang.

kuring ukur bisa ngaduakeun.

2010/5/18 mj ja...@itenas.ac.id









 Tadi ge kitu, biantara teh aya nu ti Gramedia, ti Bank BNI46 salaku nu
 ngarojong kana ieu acara, atuh ti nu narima buku ge aya. Tah biantara ti nu
 narima buku diwakilan ku Mang Jamal. Mang Jamal biantarana teu lila, ngan
 rada aheng make ditambahan ku ceurik sagala, lain ceurik gogoaran siga orok,
 tapi ieu mah ingsreuk-ingsreukan bari sorana semu ngageter, teu kaliwat
 nyusutan cimata. Tayohna Mang Jamal kagagas, geuning loba keneh nu haat kana
 ngarojong kasadaran literasi, apan maca teh bagian tina literasi.



 Enya, wa, kagagas. We are not alone cek john lennon mah. Heuheu.



  Mang Jamal nyabit-nyabit kana bubuka UUD45, kawajiban ngawalatrakeun
 kasejahteraan teh lain bae keur sabagian jalma nu deukeut  aksesna kana
 buku, tapi deuih keur maranehna nu jauh. Ku ayana sumbangan buku ieu teh
 sahenteuna geus mere jalan kana akses eta.

 Heueuh ari kituna mah ngilu karasa nyentug kana hate, behna aya nu haat ka
 nu jauh kana akses eta, jadi kagagas. Mun seug unggal jalma daek babagi
 kabagjaanana ka nu sejen, meureun moal nogencang teuing kaayaan teh (kaayaan
 nu mana nya?...karasa tapi hese)



 Kamari teh kurang jentre, bakat ku emosional (teatrikal cek agung mah
 haha). yen tujuan nagara RI diadegkeun numutken pembukaan UUD 45 teh,
 meningkatkan kesejahteraan umum jeung mencerdaskan kehidupan bangsa. Eta
 dua. Nu sejen mah lain. (nu internasional: ikut menjaga ketertiban dunia)
 berdasarkan ..(sila pancasila).



 Ceurikna Mang Jamal boa boa lir ceurikna jalma nu teu walakaya.

 Hanjakalna Mang Jamal keur ceurik teh teu kaburu difoto, da ukay ukey
 ngorobet pamotretan tina ransel. Nu inget keneh biantara Mang Jamal teh nu
 panutup...sekian saja saya bicara sebelum saya menjadi lebih gila.. teuing
 kamana loyogna eta omongan.





 Enya, wa, ngarasa teu walakaya, sanajan kahayang mah loba, hayang milu aub
 ngamajukeun bangsa. Gaya pisan. Haha. Era atuda. Basa munggaran asup ka
 kampus tjap gadjah depa, aya spanduk, Selamat Datang Putra Putri Terbaik
 Bangsa. Pikeun si kuring mah eta teh lain kareueus, tapi asa dibere
 tangtangan atawa tugas, kudu bisa milu aub pikeun ngamajukeun bangsa. Hehe,
 matak kamari dina biantara saingetna, daek jadi dosen, sanajan gajih leutik,
 sabab ku cara kitu meureun leuwih bisa aya gunana, da ari jadi desainer
 interior mah, numutkeun widang akademik nu diteuleuman di senirupa, asa ngan
 ukur ngalayanan (bangsa) nu baleunghar, jegud, nu teu loba. Sedeng kaayaan
 mayoritas mah kategori semu ripuh jeung ripuh. Duka pedah ideologi sosialis
 demokrat nu duka kumaha rada nerap. Meureun kabita ku kondisi skandinavia nu
 nerapkeun sistem walfare state tea-nu sabenerna luyu jeung pancasila.
 heuheu. punten ngarahul.



 Enya nasib bangsa teh ripuh, anggota dewan kalah rek nyieun gedong anyar nu
 cenah waragadna 1.000.000.000.000 + 6.000.000.000 (satrilyun leuwih genep
 milyar) pedah cenah miring 7 darajat, dina kompas sababaraha poe katukang,
 insinyur geodesi itb naliti gedong dpr ayeuna, condongna teu nepi ka 7
 darajat, jeung masih layak pake keneh.Cek pikiran bodo si kuring nu nyaah ka
 ieu bangsa, nu biasa ngabanding-banding, mun duit sakitu pikeun ngarehab
 sakola sd, smp, di indonesia, bari nyieunan pabukon di sakola eta, asana
 leuwih mulia salaku wawakil rahayat.



 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Amerika punya 5113 senjata nuklir yang tersimpan

2010-05-05 Terurut Topik Dudi Herlianto
cek beja mah, di taun 1989 as teh boga hululedak (bener teu nya? basa
inggrisna teh warheads) nuklir lobana 22.217. ieu beja teh masih cek hillary
di rapat pbb. tujuan as muka rahasia ieu cenah supaya aya transparansi dina
masalah pakarang nuklir. diharepkeun nagara sejen nurutan .

hanjakal basa inggris kuring mah goreng, jadi meh teu nambahan salah mere
info, langkung sae langsung wae baca dongengna di
http://www.bloomberg.com/apps/news?pid=newsarchivesid=aASJunhvBa_c .

--
ngomongkeun nuklir, jadi inget carita mj ngeunaan urang sunda nu gawe di
iaea. jigana mah mun tiasa ditanya bisa ngajelaskeun kumaha sabenerna
palanggeran nuklir di dunya teh, utamana nu dipake pikeun pakarang.

Pada 6 Mei 2010 05:29, oman abdurahman omana...@gmail.com menulis:



 Loba-loba teuing, na keur nahaon nya?
 Palalaur mun bener teh, palaur ngabogaan panyakit kasieunan teuing. Sieun
 ku itu, sieun ku ieu, laju nyiapkeun senjata bisi si itu nyerang, si ieu
 narajang;  antukna...ceuk ahli panyakit jiwa mah: psikopat.

 manar

 2010/5/5 Mohammad zen zenhus...@yahoo.com

sumber http://indonesian.irib.ir/Ledek Ahmadinejad, AS Umumkan Memiliki
 5.113 Bom Atom

 Sekretaris Jenderal Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) Ban Ki-moon membuka
 konferensi akbar tentang perlucutan senjata di New York, Senin, yang diikuti
 oleh para tokoh nasional dari setidaknya 100 negara, termasuk Presiden Iran
 Mahmoud Ahmadinejad dan Menteri Luar Negeri RI Marty Natalegawa.

 Konferensi Kaji Ulang Traktat Non-Proliferasi (NPT Review Conference)
 dilangsungkan lima tahun sekali dan tahun ini merupakan yang konferensi yang
 kedelapan.






-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


sastra jeung balaka... Re: Bls: [Urang Sunda] Walanda jeung Carita Munding

2010-05-05 Terurut Topik Dudi Herlianto
tah..tah kaleresan pisan, kuring keur resep kana sastra, najan angger teu
ngarti-ngarti.

ki hoyong naros, bongan kileuksa nyerat 'tapi, jaman sastra geus kaliwat,
ayeuna mangsana balaka. aya dua hal nu menarik tina ieu kalimah. kahiji,
jaman sastra geus kaliwat. kadua, sastra mah tara balaka.

naha enya jaman sastra geus kaliwat? mun nyarandekeun kana cenah, kuring
pernah meunang beja ti mimiti ahir 90-an nepi ka ayeuna penerbitan karya
sastra (novel, carpon, puisi) di indonesia teh ceuyah pisan. najan loba nu
ngiritik kana kualitasna nu ukur semet kana sastra pop cenah, ngan mun
ngindung kana harti asal sastra, nyaeta teks, masalah kualitas bisa
disingkirkeun heula. tah naha leres jaman sastra teh geus liwat? cek kuring
jaman sastra moal aya basa liwat, sabab sastra jeung manusa teh liket pisan.

nu kadua, hubungan sastra jeung balaka. naha enya patukangtonggong, nu
balaka mah lain sastra? ki, simkuring masih teu tiasa ngarti, maksad balaka
di dieu teh naon. naha balaka di dieu teh jiga bahasa koran? nu nyebut
sagalana sajentrena, saenyana? saenyana nyebut tempat, waktu jeung jelema nu
diwartakeunna. mun enya kitu mah rada kahartos, sabab lamun sanes, kuring
mah nganggap max havelaar-na multatuli teh hiji karya sastra nu balaka...

ah sakitu heula we ti simkuring, punten seueur lepatna, da sanes lulusan
sastra. malah tebih ti jurusan sosial pisan. kuring ukur jelema nu
kadang-kadang resep maca :)

mangga ki, oge dulur nu sanes...

2010/5/6 Ki Leuksa Sunda ki_leu...@yahoo.co.id



 Yi, leres, dina sastra aya siloka, dina siloka aya papatah, dina papatah
 aya amanat.
 Tapi, jaman sastra geus kaliwat, ayeuna mangsana balaka.
 Mun dipaksa, moal aya nu daek mikiran, ku sastra mah karek nempo
 bungkeuleukanana ge geus ting birigidig, sieuneun. Basana teh, eta mah
 konsumsi para pujangga (harianeun).
 Jadi, ayeuna mah kudu bruk-brak atanapi blak-blakan, blak nagkarak, bluk
 nangkuban..hahaha. Kade ticatrok...
 Gara-gara HAM jeung kebebasan mengemukakan pendapat, nu buni moal kakoreh,
 malah mah kalah katincak da jelemana marotah, teu kaop kagebah sok tuluy
 DEMO, gagabah. Hahahaha..

 Sok ah, milarian deui dongengna, urang sundakeun (tafsirkeun) ku Aki !

 Tafsir heureuy, make rumus filsafat meureun.

 Salam sono ti Aki



 ---

 _




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw: Tsunami di Aceh aya nu ngadatangkeun?

2010-04-28 Terurut Topik Dudi Herlianto
wih hebat, bah wili gaduh alamat abuyana teu? cuang dugikeun ka kang sule nu
sok ngaskus. sugan we tiasa janten bentang tamu opeje. si ajis gagap sina
disunamian. bakal tambah alay asana...

Pada 24 April 2010 21:03, Waluya waluya2...@yahoo.co.id menulis:



 Baraya, aya beja rada aneh yeuh dina detikBandung, cenah Tsunami di Aceh
 teh
 didatangkeun ku Abuya Azaari Muhammad Tammmi pamimpin Global Ikhwan nu
 puseurna lamun teu salah mah di Malaysia. Di Bandung Global Ikhawan aya
 cabangna
 sok disarebut Klub Poligami. Perkara nyandung mah lain hal nu istimewa,
 ngan
 klaim perkara ngadatangkeun Tsunami mah wah wah. Tapi nyanggakeun
 we
 bejana dihandap ieu, upami hoyong beja komplit pisan, mangga tingali di
 http://bandung.detik.com/, aya sababaraha beja perkara ieu.

 Sabtu, 24/04/2010 14:09 WIB
 Pemimpin Klub Poligami Klaim yang Datangkan Tsunami Aceh
 Avitia Nurmatari - detikBandung

 Bandung - Setelah menggemparkan dengan membuat klub poligami yang
 dilaunching di
 Bandung Oktober 2009 lalu, Global Ikhwan kembali bikin geger. Pemimpin
 spritual
 Global Ikhwan Abuya Asaari Muhammad Tamimi, mengklaim dirinyalah yang telah
 mendatangkan tsunami di Aceh Desember 2004 silam.
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Parakiyangan KA ditutup

2010-04-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
 kauntunganana, jang ka masyarakat
 sosialna jeung jang ka imah direksi/komisaris beutina -:)

 Powered by Telkomsel BlackBerry®
 --
 *From: * Abbas Amin abas_ami...@yahoo.com
 *Date: *Fri, 16 Apr 2010 18:21:37 -0700 (PDT)
 *To: *kisundakisu...@yahoogroups.com; ta...@yahoogroups.com
 *Cc: *urangsundaurangsunda@yahoogroups.com
 *Subject: *[Urang Sunda] Parakiyangan KA ditutup



 Kunaon ari di urang rugi wae nya ? Sagala nu diusahakan ku urang Indonesia,
 di na
 widang naon wae, teu weleh rugi jeung rugi. Can ngadenge sugan, aya hiji
 Usaha Nagara
 nu untung, kituh. Euweuh jeung euweuh, jeung moal bakal.
 Tapi eta usaha teh terus we dituluykeun. Geus nyaho rugi, diteruskeun we.
 Kunaon cing
 sababna ? Mun aya Usaha, masing nyebut Rugi kamana mana ge, tetep kudu aya
 nu diuntungkeun.

 Batur mah, atawa masyarakat moal aya nu nyahoeun soal untung rugi, nyahona
 oh Gan
 Anu teh Direktur PT Anu; pantes loba imah jeung gedong oge. Teu apaleun yen
 PT
 atawa PN na Rugi mah. Nyahona teh Direktur we; ari ka kampung, mani dihiap
 hiap,
 DEn Anu Den Anu deui wae. Da Direktur; padahal pausahanana rugi jeung rugi
 wae.
 Padahal mah, kanyataan nu usaha mun RUGI wae tangtu nu bogana miskin, usaha
 naon wae pasti loba hutang, mun rugi teh, nepi ka bangkrutna pisan. Kadang2
 nu bogana
 jadi gelo, da nu ngatur jeung nu usaha manehna sorangan.

 Tapi ari PT ? PN ? BUMN ? Pan nu Nagara ? Atawa nu RAKYAT. Keun we rek rugi
 ge, nu
 penting aing nu ngurusna senang. Nu matak loba BUMN rarugi, ampir kabeh;
 tapi Direkturna balucitreuk.

 Pek we itung Pangaluaran 10 milyar; asup 11 Milyar; dicokleg 5 Milyar.
 Tah nu kudu untung 1 Milyar; malah jadi rugi 4 M. Diantep we da Kroni uing.
 Ku nu Kawasa teh boro2 disintreuk tah nu karitu teh, teu di polototan2 acan
 ?
 Da Kroni uing, cek nu kawasa teh, bari upeti mah terus lancar.

 Pertamina cenah rugi, PLN rugi, PT KA rugi.
 Saha nu dirugikeun ? NYa rahayat atuh, sabab Nagara = rahayat.
 Ku naon atuh diantep ? Eh da nguntungkeun keur pribadi nu ngarurus
 Nagara mah.
 Ari pribadi2 nu ngarurus nagara teh paling oge 500,000 hulu meureun; ari nu
 diurus
 250 juta jiwa. Pan teu sabanding teh antara nu 500,000 baleunghar jeung
 sesana nu
 kekerehet. Rahayat mah da bodo, ngan ting polohok we; dititah surak, surak;
 dititah
 Demo , Demo; bari teu ngarti jero2anana maksud DEMO eta.
 Geus barodo, beuki dibobodo, jeung diantep sina bodo terus; ulah geruh
 cenah, bisi
 nurutan; loba saingan engke; ngurangan jatah.

 Tah mucunghulna nu rada palinter di rahayat teh ngabingungkeun ka nu geus
 baleunghar ti heula, lantaran engke bakal loba nu nyoro, hancengan teh. Da
 nu pinter
 anyar ge lain ngabela nu leutik tapi milu aub meakeun duit rahayat. Saha we
 sabobodo sapipinter. Saha nu pinter maling, bisa kaya; nu bodo mun teu
 miskin,
 nya dibui mun nyoba pipilueun.

 Jadi meureun jaman ayeuna mah Beunghar = pinter maling.
 Nu beunghar can puguh usaha alus, mungkin oge kong kalikong.

 Duka teh teuing atuh..

   
   Reply to 
 sjalakpak...@yahoo.com?subject=re:+%5BUrang+Sunda%5D+Parakiyangan+KA+ditutup
 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw: Tukang Jinah?

2010-04-19 Terurut Topik Dudi Herlianto
ari jinah sareng salingkuh jelas beda, sanes? janten di amerika nu eta tea,
naha calon presiden nu mundur teh gara-gara nu mana? jinah atawa salingkuh?

---
cek kuring mah areuweuh gawe lah nu nyieun palaturan ieu mah...

2010/4/19 Waluya waluya2...@yahoo.co.id



  Kumincir Wikidisastra ia.ad...@... wrote:
  jeung eta deuih nyontokeun amerika. sakitu clinton geus kabukti 
  geus ngaku, buktina pan ku masarakat amerika mah dihampura  tetep
  ditarima...

 Clinton ngalakukeun salingkuh saentasna dipilih jadi Presiden (jadi keur
 ngajabat), tapi lamun Clinton waktu keur kampanyeu kanyahoan salingkuh,
 biasana publik Amerika teu bisa narima. Aya sababaraha urang calon presiden
 Amerika akhirna mundur, kulantaran kagiatan ranjang teu sahna diguar ku
 media. Lamun teu salah mah, masalah ieu di Amerika teu aya Undang-undangna,
 ngan ukur standar moral nu teu katulis tapi gede pangaruhna kana parebutan
 sora.

 Lamun teu salah mah, Clinton waktu disidang rek diimpeachment sanes perkara
 salingkuhna, tapi kulantaran dituduh NGABOHONG. Ceuk publik Amerika, teu
 pantes saurang Presiden tukang ngabohong .

 Baktos,
 WALUYA

 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw: Tukang Jinah?

2010-04-19 Terurut Topik Dudi Herlianto
leres kang, keun we sina publik nu nganileyna. ngan di urang mah masarakat
(publik) teh sok didoni bodo wae. padahal mah nu bodo teh partey!

haha

2010/4/19 Waluya waluya2...@yahoo.co.id



  Dudi Herlianto dudi.herlia...@... wrote:
  ari jinah sareng salingkuh jelas beda, sanes? janten di amerika nu
  eta tea, naha calon presiden nu mundur teh gara-gara nu mana? jinah
  atawa salingkuh?

 Hahahaha ...bener euy aya bedana. Meureun ari jinah mah bobogohan
 kaleuleuwihi padahal encan kawin, ari salingkuh mah jinah ditambahan bari
 ngabohong kaditu-kadieu, pangpangna ka pamajikan anu resmi, jadi meureun
 JINAH PLUS. Calon Presiden Amrika nu ngundurkeun diri biasana kulantaran
 salingkuh.

 Memang perkara jinah ieu, hese dijieun aturanana, loba syaratna nu acan
 tangtu papada cocog. Contona nu nikah siri. Ceuk pandangan nagara mah nu
 ngalakukeun kawin siri teh, JINAH da acan kacatet, tapi ceuk pandangan agama
 mah sah. Mana nu rek dipake?

 Hiji-hijina teu kudu dijieun aturan, keun we publik nu nganiley dina poean
 nyoblosna. Kuring yakin publik/masyrakat/ rakyat oge baroga niley moral,
 moal kitu wae asal pilih.

 Baktos,
 WALUYA

  __._,
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: Sunda Vs Jawa

2010-03-30 Terurut Topik Dudi Herlianto
tah ieu mah pagawean statistika. lamun aya nu ngabiayaan daek lah uing
ngarancang surveyna... meh teu ngawangwang teuing nyebut langkung seueur
awewe jawa nu damel manan awewe sunda

da di lembur kuring ge loba awewe sunda nu ngarit mah... :p

2010/3/30 mh khs...@gmail.com



 upama aya statemen persentase awewe jawa nu gawe maskulin leuwih loba
 tinimbang awewe sunda, aya konsekuensi logis, hartina lalaki sunda
 leuwih loba nu daraek gawe tinimbang lalaki jawa, bener teu nya ieu
 pamanggih teh?
 jadi berbahagialah wahai wanita yang kawin dengan lalaki sunda, sabab
 lalaki sunda mah daraekan digawe? enya kitu nya?

 2010/3/30 Surtiwa surt...@gmail.com surtiwa%40gmail.com:

  Prosentasina mah langkung seur awewe Jawa anu damel siga lalaki..cobi
  dipasar2 kuli panggul oge aya awewe...Malah tahun 70 an Bus Malem
  Victor Surabaya -jakarta aya 2 Supir beus na awewe...gelo deui gantian
  nyupir jeung baturna bari beus jalan
 
  On 3/30/10, Waluya waluya2...@yahoo.co.id waluya2006%40yahoo.co.id
 wrote:
  --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Maman
 manz2...@... wrote:
  -Wawancaradengan K.H Fuad
 ,_._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Duh Gusti

2010-03-30 Terurut Topik Dudi Herlianto
kedah kumaha atuh teh?

2010/3/31 ana kristiana ana_kristi...@yahoo.com



 Duh Gusti, naha milist US teh kieu wae geuning !


 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Yan Asmi De’Bodor Ngantunkeun

2010-03-29 Terurut Topik Dudi Herlianto
can kabiruyungan kuring ningali sunda tina pangkalan ojeg nu kaideuan ku
lagu akang, akang kaburu ngantunkeun. cek lagu akang ojeg, ongkos
ngajegang., ayeuna kirata eta teh geus teu bisa dipake ka kasadaya
ojeg-ojeg nu aya di tatar sunda. tos teu tiasa kang. ah ketang teu kudu
dipikiran meureun nya kang, da urang sunda ge boga hak (eh atawa diwajibkeun
nya kang?) ilubiung ngancruban jaman. cek beja mah ayeuna teh jaman global,
nu kudu diturut teh nya nu leuwih seueur cenah, sedeng urang (sunda) mah pan
ukur hiji nya kang? da 20 juta mah ukur cek statistik pan, ukur cek angka nu
teu boga hate jeung rasa. .

pileuleuyan kang uyan mugya caang salawasna maturan urang

2010/3/30 hadi darajat hdara...@yahoo.com



 Inalilahiwainalilahirojiun

 UYAN Suryana bin Dodo Sukardi atau kerap disapa Kang Yan Asmi De’Bodor,
 Senin (29/3) dini hari mengembuskan napas terakhirnya. Pelawak asal Sukabumi
 itu meninggal dunia di Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Syamsudin Kota
 Sukabumi. Pelawak yang menderita penyakit lever kronis sejak lama itu sempat
 tidak sadarkan diri pada Minggu (28/3) sore, sebelum dilarikan ke rumah
 sakit untuk memperoleh penanganan medis.

 Selain menderita lever, Yan Asmi juga menderita vertigo. Karena penyakit
 yang dideritanya, personel De`Bodor itu harus dirawat selama sebulan. Saat
 mendapat penanganan medis di ruangan unit gawat darurat (UGD), kondisi Yan
 Asmi terus menurun hingga mengembuskan napas terakhirnya. Yan Asmi sempat
 bertahan dengan memperoleh penanganan medis selama delapan jam di ruangan
 UGD.

 ”Papa sempat dilarikan ke rumah sakit setelah azan Magrib dalam kondisi
 tidak sadarkan diri. Tim dokter langsung menangani kesehatannya yang terus
 menurun. Walaupun para dokter  telah berusaha maksimal,  Allah SWT
 berkehendak lain. Papa meninggalkan kami semua untuk selama-lamanya. Papa
 mengembuskan napasnya Senin dini hari dalam usia 51 tahun,” kata anak ketiga
 Yan Asmi,  Para Adhi Darma kepada ”PR”, Senin (29/3).

 Pelawak yang satu ini selain konsisten dalam profesinya bersama dua
 rekannya, Abah Us Us dan Mang Kusye, juga  kerap terlibat dalam berbagai
 kegiatan sosial dan lingkungan hidup. Karena kecintaan terhadap lingkungan
 hidup, Yan Asmi sempat mendirikan sebuah organisasi yang peduli terhadap
 lingkungan, yang diberi nama Penduduk Peduli Lingkungan (Pepeling) yang
 langsung diketuainya. Karena jasanya terhadap lingkungan, Kantor Kementerian
 Lingkungan Hidup (KLH) di Jakarta sempat memberikan penghargaan kepada
 pelawak asal Sukabumi itu.

 Penghargaan tersebut diberikan pada 1997  lalu oleh KLH atas nama
 pemerintah Republik Indonesia kepadanya.  ”Papa selalu menekankan kepada
 kami semua untuk mencintai lingkungan. Minimal  yang ada di sekitar
 lingkungan rumah,” katanya.

 Program lingkungan

 Begitu juga konsistensi terhadap sejumlah program  lingkungan masih terus
 membara dalam hatinya. Setelah dirawat di rumah sakit karena vertigo, Yan
 Asmi kembali meluncurkan berbagai program terkait dengan lingkungan hidup.
 Dia sama sekali tidak menghiraukan kondisi kesehatan yang terus menurun.
 Bahkan, beberapa pekan sebelum mengembuskan napas terakhirnya, cita-cita
 untuk mendukung program lingkungan hidup tersebut telah direalisasikan.
 Salah satunya ingin memberdayakan lingkungan hidup dengan melibatkan
 keberadaan pesantren.

 Kepergian Yan Asmi tidak hanya dirasakan istrinya, Ny. Eli Yulia (49) dan
 kelima anaknya. Bupati Sukabumi Sukmawijaya dan Wakil  Bupati Marwan Hammami
 terlihat membaur dengan warga untuk melepas kepergiannya. Sebelum dimakamkan
 di kompleks pemakaman warga di Pemakaman Nyangkowek, jenazahnya disalatkan
 di Masjid Al-Hurriyah yang berada di depan rumahnya.

 ”Ada satu cita-cita yang belum direalisasikannya, yakni ingin mendirikan
 satu organisasi yang anggotanya terdiri atas para seniman asal  Sukabumi.
 Kehadiran organisasi tersebut dinilainya sangat penting, karena banyak
 seniman asal daerah yang berhasil di luar daerah dapat diberdayakan untuk
 membangun Sukabumi,” kata salah seorang seniman daerah, Mang Kusnadi.

 Rekan segrup Yan Asmi di De’Bodor, Abah Us Us, tak bisa melupakan cerita
 kecocokannya dengan almarhum yang seolah-olah terbangun sejak Yan Asmi belum
 lahir. ”Almarhum dulu pernah cerita, sang ibu yang sedang mengandungnya dan
 bukan sengaja menunda-nunda ke rumah sakit untuk melahirkan. Alasannya,
 karena tak mau ketinggalan menyaksikan film saya ’Gembira Ria’ di televisi.
 Baru keesokan harinya Yan lahir dan nyatanya saat menjelang dewasa justru
 menjadi rekan segrup,” tutur Abah Us Us.(Ahmad Rayadie/Riesty
 Yusnilaningsih/”PR”)***

 sumber: pikiran-rakyat.com









 Hadi Darajat
 Art Director

 P. +62 251 4767120 ( FLEXI )
 M. +62 8157120873
 E. hadees...@yahoo.com
 Blog: http://jeihanrekagrafis.blogspot.com/



 Fresh Think About Creativity


  
 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Sunda Vs Jawa

2010-03-29 Terurut Topik Dudi Herlianto
 cucunya si Tumang yang kawin sama Dayang Sumbi. Haha…”*

 *Orang itu lantas bilang, legenda Jawa adalah kancil nyolong timun.
 Jangankan kepada orang bodoh, kepada orang pinterpun kancil bisa menipu.
 Khususnya dalam hal politik orang Jawa itu kalau tidak bisa cerdik, dia
 harus bisa licik, kayak kancil,” katanya. *

 *Cerita tinggal cerita. Keduanya hanyalah cermin untuk melihat kenyataan
 dari apa yang terjadi dalam tradisi kehidupan kita. “Semua ini jangan
 terlalu serius lah. Masing-masing tradisi memiliki potensi, bagaimana saja
 memanfaatkan menggalinya. Yang jelas Kabayan itu memang sangat terlihat di
 sekitar sini,” ujarnya.*

 *Apakah dengan seringnya Anda mengolok-olok kemalasan petani di sini tidak
 mendapat perlawanan dari Orang Sunda? *

 Haha….ya, itu wajar. Tapi kita kan menjelaskan perlahan-lahan. Khusus dalam
 hal agama orang Sunda sudah merasa bahwa kyai lulusan Jawa lebih bisa
 dipercaya ketimbang lulusan pesantren dari Pasundan. Tanya saja deh sama
 orang-orang sini. Kyai wedalan Jawa Tengah atau Jawa Timur lebih mudah
 dipercaya ketimbang kyai Sunda. Wong di sini sudah lazim, kalau ada mubalig
 dari Jawa pengunjungnya membludak. Kalau mubalignya dari Sunda biasanya
 sedikit yang datang. Saya ini menjadi bukti yang real. Karena mereka tahu
 saya wedalan Jawa, air banyak yang datang, gula teh melimpah. Mereka pada
 minta doa. Jadi menurut orang Sunda di sini, ulama Jawa itu sering diartikan
 sebagai ulama do’a.

 *Kenapa bisa begitu?*

 Pengamatan saya melihat bahwa kyai sunda yang nyantri di  Sunda itu kurang
 prihatin, kurang tirakat, alias kurang menyiksa diri. Ada pameo santri
 kerja, kyai doa, kelak pulang ke kampung tetap saja bisa ngaji. Saya sendiri
 tidak ngaji banyak. Saya ditanya sama Mbah Puteri Nuriyah (Istri KH Maksum
 Lasem Rembang), “Fuad apakah kamu betah di sini?”  Saya jawab betah. Beliau
 bilang, terimakasih kalau betah. Tapi buatlah ngaji itu nomor tujuh belas.
 Yang nomor satu adalah khidmat. Apa artinya khidmat? Tentu saja bekerja
 tanpa pamrih dengan rasa ikhlas. Inilah yang menurut saya membangun
 mentalitas positif sehingga seseorang itu bisa dipercaya lahir batin, dengan
 kata lain menujukkan kesalehan seseorang. Disitulah muncul kepercayaan untuk
 dimintai doa.

 *Saya melihat ada persepsi tentang identitas santri di Sunda agaknya
 kurang berkesan baik di kalangan kelas menengah dan elit perkotaan. Apa yang
 Anda lihat?*

 Golongan santri di Sunda menempati kasta bawah karena kebanyakan para
 santri ini tidak bisa sekolah. Kalau di Jawa nyantri atau sekolah adalah
 pilihan, artinya tidak setiap santri dari kelompok miskin, tetapi juga ada
 keturunan priyayi. Para gus-gus itu selain nyantri juga sekolah. Terlebih di
 pesisir, antara sekolah dan pesantren bukan sesuatu yang dikotomis.

 *Saya lihat kitab-kitab yang dipelajari santri Al-Ittifaq persis dengan
 gaya santri pesisir di Jawa. Anda sendiri mendapatkan penafsiran kitab
 tersebut dari Jawa. Sementara santri di sini mayoritas orang Sunda. Apakah
 tidak repot mengubah penafsiran dari bahasa Arab ke bahasa Sunda?*

 Kalau itu begini. Salah satu problem kyai Sunda sendiri adalah
 menerjemahkan bahasa Arab ke Sunda secara langsung. Ini terjadi sejak dulu.
 * *Variasi bahasa Sunda sedemikian kompleks sehingga cukup menyulitkan
 para kyai Sunda. Kalau dalam bahasa Jawa variasinya lebih pada kekastaan,
 yakni bahasa rakyat dan bahasa priyayi, dalam Sunda kompleksitasnya meliputi
 banyak hal. Satu contoh saja. Makan. Dalam bahasa Jawa kita mengenal mangan
 untuk bahasa rakyat, dan dahar untuk priyayi. Tetapi di sunda ada banyak
 jenis, *tuang, nedak, emam, dahar, nyatu, ngalebok, teuteureuy, nyegek*.
 Sulit sekali kita menerjemahkannya. Makanya para kyai Sunda lebih suka
 menerjemahkan kitab kuning dari Arab ke jawa dulu, baru transfer secara umum
 ke Bahasa Sunda. Kalau santri Jawa ngaji sama kyai sunda yang tidak
 menerjemahkan ke jawa dulu juga membuat pusing. Tapi kalau santri sunda ke
 jawa tidak terlalu sulit karena kosakata bahasa Jawa juga sudah banyak yang
 masuk ke Sunda, ini terjadi sejak kekuasaan Sultan Agung Mataram berpengaruh
 di tanah Sunda. Lagian kosakata bahasa Jawa itu sudah sangat popular karena
 dari sisi mayoritas Jawa memang dominan di mana-mana. Orang Jawa di Sunda
 sendiri sangat banyak. Nah, saya tak terlalu mewajibkan diri menerjemahkan
 bahasa Arab ke Sunda langsung. Kalau ini dilakukan malah rugi. Biar saja
 penafsiran literalnya pakai bahasa Jawa kemudian penjabarannya pakai Bahasa
 Sunda. Dengan begitu para santri juga bisa bertambah wawasan dalam
 penguasaan bahasa suku bangsa lain.[]
 *(Naskah ini adalah penggalan dari buku “Entrepreneur Organik: Rahasia
 Sukses K.H Fuad Affandi Bersama Pesantren dan Tarekat Sayuriahnya: Nuansa
 Cendekia Bandung 2009).*

  __._
 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] jalur sapedah di bdg

2010-03-24 Terurut Topik Dudi Herlianto
mang jamal, ngangge sapedah lipet geura, mun inditkeun tumpakan ku bujur,
mun mulang tumpakeun kana angkot... beres tah moal hahehoh heuheu

kuring geus dua minggu ngagembol sapedah, wimcycle pocket rocket nu 20 nu
hargana di handapeun 2 jt ti jero stasion ka luar, atawa sabalikna. resep
teh mang. ngoprot...

tah mun asup angkot mah jigana mending meser nu 16...

:)

2010/3/25 mj ja...@itenas.ac.id



 Tapi mun si kuring make sapedah ti cihideung ka pangulinan, ripuh oge
 sigana. Da jalanana teu rata. Indit mudun, balik nanjak. Hahehoh teuing. Mun
 rata onaman, jeung alam jalan di urang nu rame pajuliwet, teu tumaninah kana
 sapedah mah
  __
 _,_._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Mobil Hemat Energi Karya LIPI

2010-03-24 Terurut Topik Dudi Herlianto
bah surtiwa jigana alo runa mah sanes ngamasalahkeun mobil hibridana tapi
honda, toyota, sareng lipina..

kikiki

Pada 25 Maret 2010 11:03, Surtiwa surt...@gmail.com menulis:



 Di showroom Honda sareng Toyota di Jakarta parantos nangkring Mobil
 hybrida siap ical.


 On 3/25/10, K7/P1 ina...@gmail.com inawan%40gmail.com wrote:
  Assalamualaikum Wr. Wb.
 
  Baraya, bilih hoyong terang kumaha Mobil Hybrid hemat energi hasil karya
 na
  para peneliti di LIPI mangga tiasa di toong di
  http://video.liputan6.com/eksis/.
 
  Hatur nuhun.
  --
  ::ri_1::
  Hompage : http://inawan.blogspot.com
  http://inawan.multiply.com
  Mobile : +62-818-109410
  www.urang-sunda.or.id.
  su.wikipedia.org
  urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com
  ta...@yahoogroups.com tasik%40yahoogroups.com
  urangtasik.multiply.com
 
  
   Reply 
 tsurt...@gmail.com?subject=re:+%5BUrang+Sunda%5D+Mobil+Hemat+Energi+Karya+LIPI
 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] jalur sapedah di bdg

2010-03-24 Terurut Topik Dudi Herlianto
hehe... ayeuna mah uing indit beuki beurang kang, biasana nu 8.15 jadi nu
8.30 ngaragangan ti dituna mah... tapi da barinage ngan ukur dua kali
saminggu :P

2010/3/25 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 paingan kareta asa beuki pinuh bae... horeng loba mangkeluk nu mawa sapedah
 ka jero kareta... heuheu...

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/3/25 Dudi Herlianto

  mang jamal, ngangge sapedah lipet geura, mun inditkeun tumpakan ku bujur,
 mun mulang tumpakeun kana angkot... beres tah moal hahehoh heuheu

 kuring geus dua minggu ngagembol sapedah, wimcycle pocket rocket nu 20 nu
 hargana di handapeun 2 jt ti jero stasion ka luar, atawa sabalikna. resep
 teh mang. ngoprot...

  
   Replia.ad...@gmail.com?subject=re:+%5BUrang+Sunda%5D+jalur+sapedah+di+bdg
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Pegat Duriat haturan ka urangsunda

2010-03-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
naha, hiji sajak

upama balebat medal ti kulon
bakal kasamper layung di wetan

2010/3/19 bahalit bah_a...@yahoo.co.id




 rupina layung teh teu tiasa di wagel hayoh ngadon hibar ti wetan


 http://www.pulsagram.com/?id=CN017000



 --- Pada *Jum, 19/3/10, mh khs...@gmail.com* menulis:


 Dari: mh khs...@gmail.com
 Judul: Re: [Urang Sunda] Pegat Duriat haturan ka urangsunda
 Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
 Tanggal: Jumat, 19 Maret, 2010, 1:53 PM

 Ke, ari layung hibar ti wetan kitu?

 2010/3/19 bahalit 
 bah_a...@yahoo.co.idhttp://mc/compose?to=bah_a...@yahoo.co.id
 :
  mangsa layung hibar ti wetan
  anjeun datang ngalangkang
  aya galindeng hate dina lamunan
 
  mangsa layung rengse ka sore
  ngagoncewang ieu hate
  padahal diri keur betah
  ti anjeun geus kudu ingkah
 
  wilujeng wengi keur anjeun…
  mangsa urang patarema leungeun aya rasa dampal salira teuing ku tiis
  jiga aya rasa kainggis…!
 
  inggis teu pasini ?
  inggis teu ngajadi ?
 
  jungjunan…
  anjeun lir ibun di hiji gurun
  maseuhan nu halabhabna ku cinta
  ngeclak kana jero dada
 
  jungjunan…
  naha anjeun teu salah lengkah
  di talek sarwa pilihan ?
  ceuk anjeun… sahiji nu jadi implengan
 
 
 
  
 
  Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
  Yahoo! Groups Links
 
 
 
 

 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Ngiringan ahh..

2010-03-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
upami teu ka milis, nya ka email simkuring we atuh: dudi.herlia...@gmail.com

hatur nuhun pisan

2010/3/22 hendi suhendar hendi_suhen...@yahoo.com




 Punten Kang Dudi salengkepna mah peureus pisan bilih aya anu kasinggung,
 pribados teu acan terang kumaha anggota dina milis ieu... maklum nembean
 (newbe/nyobi)
 Ieu oge nembean sapatong2 oge sugan aya manfaatna...Insya Allah kapanyuna.

 
 From: Dudi Herlianto


 kang hendi, eta nu nganggit (eh bener teu nya istilahna?) pupuh di handap
 saha nya? jadi panasaran. sareng tiasa teu abdi nyuhunkeun nu sanes
 potonganna?

 2010/3/19 hendi suhendar
 
 Ngiringan ahh..
 Aya ku bingung sim kuring ka jalma anu nyekel islam anyeuna atawa sim
 kuringna kitu anu belet, masih keneh lieur ku golongan2. Ari sugan teh ngan
 ukur organisasi, ari sihoreng serius? majarkeun teh golongan nana anu bakal
 asup ka surga...haarr aya kitu di surga golongan2??. . duh..
 
 .
 
 Ieu minangka potongan warisan ti Karuhun, papatah anu diteundeun dina
 lagu pupuh supaya teu kapanggih/dirampas ku Penjajah :
 
 ASMARANDANA
 1. Dicarios geuning nabi,
  sadayana hanteu kaliwat,
  awal akhir dicarios,
  kumaha hal Nabi Muhammad,
  teu kocap aya Kur’an,
  nu ka anjeun miwuruk,
  nu wuruk bangsa manusa.
  
   Rhendi_suhen...@yahoo.com?subject=re:+%5BUrang+Sunda%5D+Ngiringan+ahh..
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Ngiringan ahh..

2010-03-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
keun mang ngarah pahalana jeung uing

heuheu...

2010/3/22 mh khs...@gmail.com



 tong dijapri ketah kang hendi, sebarkeun we ka milis, pan aya angka mistis
 40, mun serelekna dibaca ku 40 jalma atawa leuwih pahalana lumayan bejana.
 hehehe

 2010/3/22 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 upami teu ka milis, nya ka email simkuring we atuh:
 dudi.herlia...@gmail.com

 hatur nuhun pisan

 2010/3/22 hendi suhendar hendi_suhen...@yahoo.com




 Punten Kang Dudi salengkepna mah peureus pisan bilih aya anu kasinggung,
 pribados teu acan terang kumaha anggota dina milis ieu... maklum nembean
 (newbe/nyobi)
 Ieu oge nembean sapatong2 oge sugan aya manfaatna...Insya Allah
 kapanyuna.

 
 From: Dudi Herlianto


 kang hendi, eta nu nganggit (eh bener teu nya istilahna?) pupuh di handap
 saha nya? jadi panasaran. sareng tiasa teu abdi nyuhunkeun nu sanes
 potonganna?

 2010/3/19 hendi suhendar
 
 Ngiringan ahh..
 Aya ku bingung sim kuring ka jalma anu nyekel islam anyeuna atawa sim
 kuringna kitu anu belet, masih keneh lieur ku golongan2. Ari sugan teh ngan
 ukur organisasi, ari sihoreng serius? majarkeun teh golongan nana anu bakal
 asup ka surga...haarr aya kitu di surga golongan2??. . duh..
 
 .
 
 Ieu minangka potongan warisan ti Karuhun, papatah anu diteundeun dina
 lagu pupuh supaya teu kapanggih/dirampas ku Penjajah :
 
 ASMARANDANA
 1. Dicarios geuning nabi,
  sadayana hanteu kaliwat,
  awal akhir dicarios,
  kumaha hal Nabi Muhammad,
  teu kocap aya Kur’an,
  nu ka anjeun miwuruk,
  nu wuruk bangsa manusa.
Rhendi_suhen...@yahoo.com?subject=re:+%5BUrang+Sunda%5D+Ngiringan+ahh..
 _._,___

 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Naros istilah bahasa sundana...

2010-03-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
hihi, nu b mah karak maca di dieu kang jelan, ngasupkeun kopeah... hihi.

jigana mah naon sababna bisa jadi tibalik teh, ukur ningali gerak. pan mun
ngasupkeun ramo kana cingcing biasana nu digerakeun teh cingcinna, sanes
ramona, jadi we bisa disebut ngasupkeun cingcin kana ramo. tah lamun
ngaranna nu ngabulakbalik cara kitu dina basa sunda mah, kuring ... walohi,
teu apal!

:)

2010/3/22 Jelan qodir_jael...@yahoo.com



 Assalamu'alaikum sadayana
 Saalit hoyong naroskeun ka sadayana, ari di bahasa sunda aya istilah majas
 ngabalikeun teu? Misalna kieu,

 a. Ngasupkeun cincin kana ramo, padahal mah justru ngasupkeun ramo kana
 cincin.
 b. Ngasupkeun kopeah kana sirah, padahal mah ngasupkeun sirah kana kopeah.

 Tah abdi mendakan conto teh dina bahasa arab, bari jeung dina bahasa arab
 mah istilahna teh disebat Majas Qolab (ngabalikeun). Ari dina bahasa sunda
 aya istilahna teu? Da gening sok diangge ku urang sahari-hari babasaan eta
 teh. Mung hoyong terang wungkul weh ieu mah..
 Nuhun,
 Baktos Jaelani

  
 ,_._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Ngiringan ahh..

2010-03-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
,
 awalna nu pangheulana,
 pangahir-ahirna leumpang.
 10. Raina ngawalon nuhun,
 leres mun kitu kaharti,
 kanyataan tina badan,
 éstu aénal yakin,
 kahartos kabina-bina,
 mo hilap saumur hirup.

 11. Mung awon nu kapi unjuk,
 aya deui nu can harti,
 pasal tadi Gusti Alloh,
 sipat Goniyul ceuk hadis,
 hartina beunghar,
 taya kabutuhna Gusti.

 12. Naha engkang naha kitu,
 Gusti Anu Maha Suci,
 hanteu aya kabutuhna,
 rakana ngawalon manis,
 ceuk engkang pasti aya,
 kabutuhna Maha Suci.
 13. Tapi kabutuhna Yang Agung,
 teu butuheun kunu ngaji,
 teu butuheun kunu ibadah,
 kabéh kagungan Gusti,
 teu butuheun ku alam
 teu butuheun kunu muji.
 14. Raina lajeng ngawangsul,
 atuh mun kitu mah Gusti,
 hanteu kasebutna beunghar,
 da mun aya kénéh pamrih,
 eh engkang mah osok murtad,
 naon kabutuhna Gusti.
 15. Rakana ngawalon Imut,
 bener ceuk dalil téh tadi,
 Alloh taya kabutuhna,
 tapi engkang mah sok milih,
 saréatna anu nyata,
 nu karasa saréng bukti.
 16. Ceuk raina naon atuh,
 kabutuh nu Suci,
 rakana lajeng ngajawab,
 ceuk anu bukti,
 kabutuhna Gusti Allah,
 hanteu seueur ngan sarupi.
 17. Ngan butuh na téh ku wujud,
 teu ku naon-naon deui,
 kapan buktina di dunya,
 teu elat-elat nu bijil,
 jalma pada aranakan,
 tatangkalan nungtut jadi.
 18. Ting torojol ting pelentung,
 ampir pinuh ieu bumi,
 sato-sato aranakan,
 najan seueur nu dipeuncit,
 tapi teu kurang nu datang,
 nandakeun butuhna Gusti.
 19. Rai mani ngagukguk,
 seuri ngeunah bakat ngarti,
 sidik pisan jeung buktina,
 terus nyaur bari manis,
 aduh sidik pisan
 kasauran na téh bukti.

  __._,_.
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: Punten ka Entis Re: [Urang Sunda] Awas Syi'ah Mengancam Kita

2010-03-15 Terurut Topik Dudi Herlianto
nu kabaca ku kuring mah mj, mang jamal tea, salasahiji kuncen urangsunda@,
sanes ngalarang wungkul ka kang sutisna, tapi ka sadayana, ka nu syiah,
wahabi, salafi, ahmadi, oge kaasup kuring nu ngagem islam kuma aing
(heuheu)...

ari keur sakuringeun mah, resep we nu aya mun aya nu ngadu argumen dina
sagala hal teh, ketang ngan saukur 'iklan' ge resep heuheu, kaasup masalah
agama jeung kapercayaan ieu tapi dina unggal forum tangtu gaduh ugeran
nu benten. tah mun dina milis ieu mah tangtu wae naon nu diposting sakedahna
aya hubungan sareng susundaan. tiasa eusi atawa basana...

panginten,


dudi

2010/3/15 sutisna abdulhamid sutisna.abdulha...@gmail.com



 Assalamu'alaikum
 Simkuring mah leuwih kana prinsip kaadilan wae, ari anu Syiah Rafidhah
 meunang mosting naon wae, anu Salafy oge boga hak anu sarua, komo
 mujtahid-mujtahid penting  Salafiah siga Ibnu Taimiyah, Ibnul Qoyyim
 Al-Jauzi eujeung Syaikh Muhammad bin Abdul Wahab di gambarkeun sacara
 negatif mah sarua eujeung ngagogoreng salah sahiji organisasi Islam besar di
 Indonesia nyaeta Muhammadiyah. Lamun pihak anu di sebut “wahabi” tea
 dilarang ngagogoreng Syiah nya Syiahna ulah mimitian ngagogoreng ulama-ulama
 Salafiah atuh komo kumawani ngabentur-benturkeun sahabat eujeung sahabat
 saperti kasus Mu’awiyah radiyallahu anhu eujeung Ali bin Abi Thalib
 Karamallahu wajhah.

 Ayeuna bayangkeun wae ari pihak Syiah bebas posting naon wae ka milis Urang
 Sunda atawa milis Kisunda sedengkeun pihak Salafiah (Wahabi) dilarang,
 meureun kumaha jadina pandangan urang Sunda anu sok noongan milis ieu?
 Saolah-olah urang sunda teh sakabehna urang Syiah atawa sakabehna geuleuh ka
 Muhammadiyah atawa Salafy, padahal Urang Sunda teh pan beda-beda aya anu NU,
 aya anu Muhammadiyah, aya anu Salafy, aya anu Sufi, aya anu Syiah. Tah lamun
 enya dilarang ti mimitina atuh urang Syiahna teu meunang posting-posting anu
 ngajejeleh pihak sejen da Urang Sunda oge aya anu nyeri hate kusabab
 manhajna dianggap sasar barijeung di fasilitasi ku milis urang sunda/kisunda
 sorangan.

 Lamun keur kaadilan mah sakabeh pihak kudu nahan diri pikeun ateul
 ngagogoreng manhaj/firqoh/madzhab sejen anu beda ti dirina, lamun kitu mah
 kuring sapuk. Tong aya deui pihak mana oge anu kumawani ngagogoreng ulama
 mana wae oge komo para sahabat Rasul mah.
 Secara pribadi simkuring menta dihampura ka sakabeh dulur di milis urang
 sunda jeung milis kisunda bisi postingan simkuring jadi matak nyieun
 harengheng. Mosting kitu soteh ieu mah keur pembelaan kana postingan anu
 sepihak ti firqoh/manhaj/madzhab anu sejen bari teu ngaragap angen urang
 Sunda anu beda ti manehna
 Wassalamu'alaikum
 Tisna


 2010/3/15 jangdede jangd...@gmail.com



 Tah eta meureun anu jadi salasarebuna MJ teu panuju teh. kualatan aya
 kecap AWAS. Meureun di topik lain keur ngabahas kecap WAAS. Hahaahah...teu
 nyambung gening!

 2010/3/15 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 meureun kedahna mah teu kedah ngangge kecap samodel awas, dina adu
 argumen mah kecap samodel kitu teh tiasa janten 'pamali', jeung
 satiasa-tiasa ngangge basa sunda :)

  2010/3/15 jangdede jangd...@gmail.com




 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

2010-03-15 Terurut Topik Dudi Herlianto
urang teraskeun, nya kang gagak...

upama nitenan conto nu diserat ku kang gagak, sami teu nya parasaan
simkuring sareng akang, yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan
tatabasa. misalkeun iraha urang ngaganti sora engang tungtung ku -os, -nten,
-jeng, -ntun, atawa -wis?

misalkeun -os, tina conto nu tiasa digenti sora engang tungtung -ta jeung
-sa. tapi rarasaan kuring mah teu sadaya nu tungtungna -sa bisa digenti ku
-os, contona jasa teu acan kungsi kakuping jadi jaos. (atawa jasa mah basa
asing kitu?)

terasna ku ayana kahesean model kitu, kuring mah ngarasa (keukeuh masih
keneh make rasa) basa sunda mah sangeunahna (??)

2010/3/15 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com

 mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk
 euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu

 sakali deui mantap kang..

 :)

 2010/3/13 Gagak Bandung gagak...@yahoo.com



 Hapunten bade nambihan sakedik.

 Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis Gelarna Kecap Lemes
 Basa Sunda

 Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning
 : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification).

 Suplisi
 nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna
 nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.

 Contona : baju - raksukan, huntu - waos, mere -masihan, jste

 Parobahan jero
 nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa
 engang dina jero eta kecap sorangan.

 Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :

 a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :

 1. /u/ jadi /i/ : kuat - kiat, murah - mirah, kurang - kirang

 2. /u/ jadi /a/ : sebut - sebat, rempug - rempag

 3. /a/ jadi /i/ : rupa - rupi, upama - upami

 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung - etang

 b.ngarobah engang panungtung :

 1. ... jadi -os : nyarita - nyarios, warta - wartos, rasa - raos

 2. ... jadi -jeng : payung - pajeng, payu - pajeng, paju - pajeng

 3. ... jadi -nten : kira - kinten, pangira - panginten, hampu - hapu
 nten

 4. ... jadi -ntun : kirim - kintun, bawa - bantun

 5. ... jadi -wis : nanda - nawis, nawar - nawis, perkara - perkawis

 Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun



 Baktos Abdi

 Gagak Hideung

 _,___




 --
 d-: dudi herlianto :-q
 kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

2010-03-14 Terurut Topik Dudi Herlianto
mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk
euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu

sakali deui mantap kang..

:)

2010/3/13 Gagak Bandung gagak...@yahoo.com



 Hapunten bade nambihan sakedik.

 Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis Gelarna Kecap Lemes
 Basa Sunda

 Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning :
 a. suplisi b. parobahan jero (internal modification).

 Suplisi
 nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna
 nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.

 Contona : baju - raksukan, huntu - waos, mere -masihan, jste

 Parobahan jero
 nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa engang
 dina jero eta kecap sorangan.

 Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :

 a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :

 1. /u/ jadi /i/ : kuat - kiat, murah - mirah, kurang - kirang

 2. /u/ jadi /a/ : sebut - sebat, rempug - rempag

 3. /a/ jadi /i/ : rupa - rupi, upama - upami

 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung - etang

 b.ngarobah engang panungtung :

 1. ... jadi -os : nyarita - nyarios, warta - wartos, rasa - raos

 2. ... jadi -jeng : payung - pajeng, payu - pajeng, paju - pajeng

 3. ... jadi -nten : kira - kinten, pangira - panginten, hampu - hapu
 nten

 4. ... jadi -ntun : kirim - kintun, bawa - bantun

 5. ... jadi -wis : nanda - nawis, nawar - nawis, perkara - perkawis

 Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun



 Baktos Abdi

 Gagak Hideung

 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] kamarana ?

2010-03-10 Terurut Topik Dudi Herlianto
cikago kiteuh, ngarah gaya: cilebut kampung go'ut. ngan ulah parebut jeung
nu teh herni, nu cilibende kandang bagong

ke uing ka ditu ah...

haha..

2010/3/9 Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com



 abdi aya, nun... keur sibuk mupu duit...

 bilih bade arameng, hayu diantos di rorompok di cilebyut, bogor...

 sikandar
 kumincir.blogspot.com
 su.wikipedia.org

 2010/3/9 irpan rispandi
 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Nanya

2010-03-03 Terurut Topik Dudi Herlianto
ah ari kudu mah henteu kang jang. teu kudu jiga urang pajajaran, keh
disangka kasar garihal haha

pan saur hiji anak ka bapana di pajajaran mah, nya sia nu nyieun sakakala
gugunungan ngabalay nyieun samida..., panginten garihal pisan anak ka bapa
sua sia mah... xaxaxax

--

2010/3/4 jangdede jangd...@gmail.com



 Ohgening sederhana nya artina teh. Hatur nuhun MJ.
 Makna anu leuwih lengkepnamah urang hartikeun ku sorangan we nya.
 Jiga Majajaran, eta boga harti menjadi bersifat Pajajaran, meureun urang
 sunda teh kudu siga urang Pajajaran meureun nya?
 Urang di rundut jiga kumaha anu disebut sifat Urang Pajajaran teh..
 Cing urang korehan di Mang Google...


 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Pasipatanana Basa Sunda

2010-03-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
ari kuring mah hoyong ngumaha ka ki gagak bandung, sugan nyimpen keneh,
ngeunaan gambaran nu dijieun ku salah saurang ahli basa bangsa eropa eta...
da mun ukur dangding r.i. adiwidjaja mah lir ibarat kuring muji ka anak
sorangan haha... kabeh anak kuring pasti kasep jeung geulisna

:)

2010/2/27 Gagak Bandung gagak...@yahoo.com



 Pasipatanana  Basa Sunda

 Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina
 leotanana  mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis, malah
 leuwih hade meureun.



 Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha
 kaendahanana jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa
 asing  teh didangdingkeun, kieu unina :



 Basa  Sunda upami ditilik,

 Dititenan pasipatanana,

 Ebreh eces wandana teh,

  Pangadeg nu sampulur,

 Alus laur sinareng ginding,

 Tur pohara gandangna,

 Kewes mulus tangtung,

 Cahayana ngagenyas  herang,

 Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,

 Gilapna lir permata.



 Lir ciibun anu ngagarawing,

 Nu maruntang dina dangdaunan,

 Ngagarendang ting poncorong,

 Cinyusu luhur gunung,

 Anu muntang na cadas nawing,

 Ana mangsana nyakclak,

 Tina luhur gunung,

 Kapireng sorana mencrang,

 Guluyurna sora sari cai tarik,

 Turun tina pagunungan.



 Margaluyu sada cai tarik,

 Anu nyorang tanah padataran,

 Matak nyuat kana hate,

 Husada ka nu Liwung,

 Kadya mojang nu ngahariring,

 Ana ninggang keur hegar,

 Lir keureuleung angklung,

 Pratengtang taya karingrang,

 Ninggang sedih lumengis lir sora suling,

 Sipatna basa Sunda.



 Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.



 Baktos abdi

 Gagak Hideung.

 --

 http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/invite/
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] WAYANG CEPAK ANTIK DEUK KA LUAR NAGRI!!!

2010-03-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
baraya, bilih aya nu bade nulungan urang indramayu nu bade kaleungitan hiji
warisan budayana nu mangrupa sapeti wayang cepak nu umurna geus ratusan taun
cenah.

kuring manggih info ieu ti facebook, basa ningalian profilna saurang
babaturan. teu kahaja asup ka facebookna rofiqoh djawas, jigana inyana teh
asli ti indramayu. cek manehna, inramayu baris kaleungitan hiji warisan
budayana. sapeti wayang cepak antik boga hiji seniman indramayu bakal dilego
100 juta ka luar nagri. perhatian pamarentah, gegeden, jeung jalma beunghar
di indramayuna cenah teu aya pisan kana kajadian ieu teh. ku kituna bilih
aya wargi nu gaduh perhatian kana masalah ieu, tiasa ngahubungi ka rofiqoh
djawas ieu. sugan we teu acan kaburu ka luar nagri, da postingna ka fb teh
tos ti tanggal 21 februari kamari:

gambarna aya di dieu:

http://www.facebook.com/#!/photo.php?pid=774013op=1o=globalview=globalsubj=1363814430id=1610271667fbid=1296826473325

profile rofiqoh djawas:

http://www.facebook.com/rofiqoh.djawas

nuhun



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re; pantun Bogor

2010-03-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
pantun bogor mah tos aya dina bentuk tinulis kang. mun teu lepat aya 7 buku.

2010/3/1 Yudi Irmawan yudi_irma...@yahoo.com



 Kalayan henteu ngirangan kaajrih ka nu ngaluhungkeun niley kabatinan pantun
 Bogor, rada hanjakal eta pantun teu tiasa dialihkeun ka na seratan.
 Araringgis bisi Pa Anis teu sempet ngawariskeun ka nu anom, da sakitu tos
 sepuhna. Kacipta bakal lapur salasahiji seni nu ngarangkep sumber sajarah
 tur lalacakan Pasundan.

 Mugi2 aya nu tiasa 'ngolo' pa Anis ngarah kersa ngawariskeun carios/hikayat
 ieu dina cara sanes. Upami direkam audio/vidio kenging henteu nya?

 Baktos,.
 Yudi

  __._,
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: Kawin Siri Munggah Haji

2010-02-28 Terurut Topik Dudi Herlianto
maksadna kedah kumaha nagara teh kang encep? di jaman kiwari mah, sadayana
kudu jelas buktina. saurna bukti nu pangkuatna teh bukti tinulis. tangtos
kawin siri nu mung ukur ngangge sarat sah agama teu gaduh dokumen tinulis
sah sacara nagara kanggo ngurus dokumen-dokumen nagara sejenna, misal akte
kalahiran anak, katepe, surat tanah, surat waris jsb. ku kituna di hareupeun
nagara, sanes di hareupeun Pangeran, anak hasil nikah siri sami sareng anak
hasil kumpul kebo atawa hasil kacilakaan. janten mun mutuskeun mung bade
nikah siri, nya mangga raoskeun we, sesahna ngurus dokumen nagara.

--

aya sababara hal nu ngasangtukangan hiji pasangan nikah siri. aya nu kapaksa
ku sabab nikah ka kua mah mahal, seueur punglina. saur sababara beja nu aya
di internet, saleresna beya nikah di kua teh mung ukur 35 rebu, mung kusabab
katambah ku pungli ieu beya teh ngajaul nepi ka jadi 400 rebu. tangtu keur
nu teu mampuh mah hal ieu bisa ngadadasaran milih nikah siri wae. dina kasus
ieu, nagara nu salah, bisa disalahkeun. kuring mah satuju mun manggih
pasangan nikah siri cara ieu kua geura ngaku, geuwat catetkeun bere dokumen
sah yen ieu pasangan teh tos nikah. sareng mun bisa mah kawin di kua teh
gratiskeun we.

kasus sejenna nu ngadadasaran milih nikah siri nyaeta, embung katohyan kawin
deui kunu kolot!! dina ieu kasus pisan kuring teu satuju kana nikah siri.
TEU SATUJU PISAN!! komo mun awewe nu dikawin ku lalaki model kieu teh teu
nyahoeun/teu dibere nyaho yen bakal dikawin nu geus boga pamajikan.
alesan-alesan jiga 'tinimbang jinah', teu bisa ditarima di dieu mah alias
BURKOK!!!

dudi

2010/2/28 Encep kands1358...@yahoo.com



 Satuju kang waluya, maenya nu kawin kudu di hukum atawa di denda, asa ku
 araraneh, samentara anu profesina nu gunta ganti pasangan pikeun neangan
 kasenanagan jeung alesan sejenna diantepkeun.
 Ceuk kuring mah, ari aturan anu tos aya di agama mah teu bisa di robah,
 tapi anu kudu dirobah mah aturan manusa na. Sarua jeung urang boga kopeah
 sereg, lain sirahna nu kudu dileutikan, tapi kopeahna di gedean, sanes kitu.
 Cenah ceuk beja mah, anu kolotna ngalakukeun kawin siri, budakna moal bisa
 nyieun akte kalahiran. Naha atuh bet dipersulit, ganti aturanna, da eta mah
 meunang jelema, supaya budak nu teu tuah teu dosa ulah jadi korbanna.

 --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Waluya
 waluya2...@... wrote:
 
  Kawin cenah ibadah, kulantaran kitu ngahalang-halang nu rek kawin
 hartina ngalanggar HAM. Perkara eta rek kawin dicatetkeun ku nagara atawa
 moal, kumaha niatna wae. Alesan ieu kunu nu disebutkeun sering nalak RUU
 ngahukum nu nu rek ngalakukeun kawin siri. Disebut agama Ceuk nu aya kawin
 cukup Sah wali jeung 2 (urang) saksi.
 
  Hanjakal pisan kulantaran alesan ibadah sabenerna ieu mah teu kuat, sabab
 ibadah oge, salian perkara kawin, tetep kudu mamawa nagara. Paling log / nu
 katingali dina munggah Haji. Visa Nyieun paspor jeung ti Arab Saudi syarat
 lain keur munggah haji, tapi sing saha wae urang Indonesia nu rek ibadah
 haji, paspor kudu jeung nyieun Boga Visa. Nu teu jeung Boga paspor visa,
 siap-siap kita ditalapung ku imigrasi Arab Saudi. Anehna teu aya nu protes
 soal ieu mah, Naha ari perkara
  Eseks-eseks taruhan jadi rame jeung dihubung-hubungkeun jeung ibadah?
 
  Kuring sorangan teu satuju lamun kudu kawin siri dihukum / didenda.
 Alesanana gampang kita, kumpul kebo ge nu teu dihukum / didenda, Naha kawin
 siri nu sagala kudu dihukum. Cukup kita Dianggap kumpul kebo, engke oge
 karasaeun ku sorangan, kumaha lamun teu Boga dokumen-dokumen nagara nu Sah,
 lir ibarat nu tapi niat ibadah haji jeung teu mawa teu Boga Pasport visa
 
 
 
  Baktos,
  Waluya
 
 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Sastra - Ki Anis Neangan Pewaris Pantun Bogor?

2010-02-28 Terurut Topik Dudi Herlianto
 Bogor episode per episode. Beberapa episode Pantun Bogor di
 antaranya berjudul Kalang Sunda Makalangan, Pakujajar Beukah Kembang,
 Pakujajar di Lawanggintung, Kujang di Hanjuang Siang, Dadap Malam
 Cimandiri, Pajajaran Seren Papak, Curug Sipadaweruh, Tunggul Kawung
 Bijil Sirung, Lawang Saketeng ka Lebak Cawene, dan Ronggeng Tujuh
 Kalasirna.

 Pantun Bogor dibagi menjadi dua bagian yakni Pantun Bogor Leutik dan
 Pantun Bogor Gede. Pantun Bogor Leutik berkisah sekitar kehidupan
 sehari-hari masyarakat Kerajaan Pajajaran atau tentang para putri raja
 dan kesatria. Sedangkan Pantun Gede berkisah tentang ajaran agama
 Sunda, silsilah Raja Sunda, Uga, dan pola pemerintahan Kerajaan Sunda.
 Pada masa lalu Pantun Bogor disampaiakan oleh juru pantun sambil
 diiringi petikan kecapi lisung senar tujuh khas Pajajaran yang kini
 sudah punah.

 Anis menegaskan bahwa Pantun Bogor yang ia jelaskan kepada khalayak
 umum dewasa ini hanya diambil dari naskah Pantun Leutik, sedangkan
 ungkapan Pantun Gede dengan teks aslinya masih dirahasiakan karena
 sifatnya yang sakral. Bagian ini hanya akan diberikan kelak kepada
 ahli waris Pantun Bogor, yang hingga kini belum ia temukan.

 Anis berharap sebelum ajal menjemputnya, ia ingin menemukan pewarisnya
 yang benar-benar mencintai Kasundaan, yang berkepribadian ”Nyunda,
 Nyiliwangi, dan Majajaran” dan memiliki jiwa yang Saharigu, Sasusu,
 Sahate jeung Sarancage (Sehidup dan Semati) dengan Kasundaan. Bila
 tidak juga menemukan sosok yang sesuai, Pantun Bogor terpaksa akan ia
 bakar, hal itu sesuai pesan mendiang Rakean Minda Kalangan. Akan
 tetapi mudah-mudahan hal itu tidak terjadi, sebab bila kemudian harus
 sirna karena dibakar tentu sangat disayangkan, pasalnya kedudukan
 pantun ini bagi sebagian sejarawan dan budayawan memiliki nilai tinggi
 dalam perjalanan sejarah sastra dan budaya Sunda. (Luki Muharam,
 pegiat Lembaga Kebudayaan Cianjur) ***
  
 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Rumentang Siang, hateupna jebol: KENCLÉNG RUMENTANG

2010-02-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
Kenging beja tina status facebookna kang Godi Suwarna rehna hateup Rumentang
Siang jebol alatan hujan angin. Lengkeup status manehna kieu:

Hateup panggung Rumentang Siang jebol ku hujan angin..! Mangkaning sakedap
deui bade diangge FESTIVAL DRAMA BASA SUNDA. Hiks..! Ngantos ti Kangjeng
Dalem mah pasti lila. Kumaha upami cuang gabung teras nyarumbang samilyar,
dua milyar mah kana KENCLENG RUMENTANG..? Nu teu nyumbang bakal hapur
saawak-awak..!

tah bilih aya dulur nu bade ngeusian KENCLENG RUMENTANG eta tiasa
dikintunkeun ka:

BNI Cab. Universitas Pendidikan Indonesia. An; Yatun R. Awaliah Putra
Hasbulah. No Rek. 0153782027.

atanapi

BCA KCP Setiabudi No. 2331668089 a.n. Rd. Safrina.

Diantos, diantos!... cenah..

wartana aya dina Pikiran Rakyat:
http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetailid=127938

gerakan KENCLÉNG RUMENTANG Facebookna tiasa dijugjug ka:
http://www.facebook.com/group.php?gid=472372245091

hatur nuhun


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Re: Rumentang Siang, hateupna jebol: KENCLÉNG RUMEN TANG

2010-02-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
o enya kakantun nomer nu tiasa dihubungan kanggo konfirmasi aya dina grup
kencleng rumentang, nyaeta: 085223580004

2010/2/17 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com

 Kenging beja tina status facebookna kang Godi Suwarna rehna hateup
 Rumentang Siang jebol alatan hujan angin. Lengkeup status manehna kieu:

 Hateup panggung Rumentang Siang jebol ku hujan angin..! Mangkaning
 sakedap deui bade diangge FESTIVAL DRAMA BASA SUNDA. Hiks..! Ngantos ti
 Kangjeng Dalem mah pasti lila. Kumaha upami cuang gabung teras nyarumbang
 samilyar, dua milyar mah kana KENCLENG RUMENTANG..? Nu teu nyumbang bakal
 hapur saawak-awak..!

 tah bilih aya dulur nu bade ngeusian KENCLENG RUMENTANG eta tiasa
 dikintunkeun ka:

 BNI Cab. Universitas Pendidikan Indonesia. An; Yatun R. Awaliah Putra
 Hasbulah. No Rek. 0153782027.

 atanapi

 BCA KCP Setiabudi No. 2331668089 a.n. Rd. Safrina.

 Diantos, diantos!... cenah..

 wartana aya dina Pikiran Rakyat:
 http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetailid=127938

 gerakan KENCLÉNG RUMENTANG Facebookna tiasa dijugjug ka:
 http://www.facebook.com/group.php?gid=472372245091

 hatur nuhun


 --
 d-: dudi herlianto :-q
 kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Re: Rumentang Siang, hateupna jebol: KENCLÉNG RUMEN TANG

2010-02-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
o enya kakantun nomer nu tiasa dihubungan kanggo konfirmasi aya dina grup
kencleng rumentang, nyaeta: 085223580004

2010/2/17 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com

 Kenging beja tina status facebookna kang Godi Suwarna rehna hateup
 Rumentang Siang jebol alatan hujan angin. Lengkeup status manehna kieu:

 Hateup panggung Rumentang Siang jebol ku hujan angin..! Mangkaning
 sakedap deui bade diangge FESTIVAL DRAMA BASA SUNDA. Hiks..! Ngantos ti
 Kangjeng Dalem mah pasti lila. Kumaha upami cuang gabung teras nyarumbang
 samilyar, dua milyar mah kana KENCLENG RUMENTANG..? Nu teu nyumbang bakal
 hapur saawak-awak..!

 tah bilih aya dulur nu bade ngeusian KENCLENG RUMENTANG eta tiasa
 dikintunkeun ka:

 BNI Cab. Universitas Pendidikan Indonesia. An; Yatun R. Awaliah Putra
 Hasbulah. No Rek. 0153782027.

 atanapi

 BCA KCP Setiabudi No. 2331668089 a.n. Rd. Safrina.

 Diantos, diantos!... cenah..

 wartana aya dina Pikiran Rakyat:
 http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetailid=127938

 gerakan KENCLÉNG RUMENTANG Facebookna tiasa dijugjug ka:
 http://www.facebook.com/group.php?gid=472372245091

 hatur nuhun


 --
 d-: dudi herlianto :-q
 kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Teu aya Standarisaisi... Tatanen - Binih Pare Ge Impor Geuning?

2010-02-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
enya kuring ge lieur ku masalah hape eta. naon maksud sofyan wanandi nya?
hayang hp nu asup teh hargana tetep 400 rebu tapi sakualitas 4.5 jt?

aya kitu? mustahil jigana...

Pada 8 Februari 2010 07:07, Surtiwa surt...@gmail.com menulis:



 Ari ditingal tina Kaekonomian mah nya meuning meser kacangan anu 450 rebuan
 kacuali mun urang gengsi...zBalckberry anu 4.5 jt an..teh misal tahan 10
 taun...kanyataan kaburu bosen 2 -3 taun pasti tuker tambah..Mun meser
 Blackberry kacangan..2 - kali meuli bosen...ganti deui kacang sejen..awet
 duit..Tapi teu bisa keur anungengsiana.. Ini lha Jeng, Blackberry ku
 didapat dari Distributor asli waktu saya ke Manila...


 On 2/5/10, MRachmat Rawyani mrachmatrawy...@yahoo.com wrote:



 Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO)
 ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian
 pada masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO)
 netelakeun, yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina
 perkara ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China.
 Sahingga barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka
 Indonesia. Sabab barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya
 hahalangna, barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar
 di Indonesia. Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli
 hargana 4-5 jutaan. Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari
 konsumen mah pan teu nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna
 siga bb. Perkara 3 bulan terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha
 china. Tah ku ayana kitu, penting pisan upama paguron luhur ngabantuan
 APINDO nyieun standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka
 Indonesia. Salian ti ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles
 ku barang-barang china. Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat
 ti waktu eta, nya urang kudu siap-siap narima barang kacangan ti luar.


 baktos,

 mrachmatrawyani

 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Teu aya Standarisaisi... Tatanen - Binih Pare Ge Impor Geuning?

2010-02-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
euleuh aya kang iman :) haturan kang. ngiringan milis us oge geuning

2010/2/8 imans...@yahoo.com




 Aya bos, Hp murah tapi kualitas premium, cobian meser ti tukang copet.


 Iman

 Powered by Tenaga Dalam®
 --
 *From: * Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com
 *Date: *Mon, 8 Feb 2010 10:55:26 +0700
 *To: *urangsunda@yahoogroups.com
 *Subject: *Re: [Urang Sunda] Teu aya Standarisaisi... Tatanen - Binih Pare
 Ge Impor Geuning?



 enya kuring ge lieur ku masalah hape eta. naon maksud sofyan wanandi nya?
 hayang hp nu asup teh hargana tetep 400 rebu tapi sakualitas 4.5 jt?

 aya kitu? mustahil jigana...

 Pada 8 Februari 2010 07:07, Surtiwa surt...@gmail.com menulis:



 Ari ditingal tina Kaekonomian mah nya meuning meser kacangan anu 450
 rebuan kacuali mun urang gengsi...zBalckberry anu 4.5 jt an..teh misal tahan
 10 taun...kanyataan kaburu bosen 2 -3 taun pasti tuker tambah..Mun meser
 Blackberry kacangan..2 - kali meuli bosen...ganti deui kacang sejen..awet
 duit..Tapi teu bisa keur anungengsiana.. Ini lha Jeng, Blackberry ku
 didapat dari Distributor asli waktu saya ke Manila...


 On 2/5/10, MRachmat Rawyani mrachmatrawy...@yahoo.com wrote:



 Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO)
 ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian
 pada masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO)
 netelakeun, yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina
 perkara ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China.
 Sahingga barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka
 Indonesia. Sabab barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya
 hahalangna, barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar
 di Indonesia. Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli
 hargana 4-5 jutaan. Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari
 konsumen mah pan teu nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna
 siga bb. Perkara 3 bulan terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha
 china. Tah ku ayana kitu, penting pisan upama paguron luhur ngabantuan
 APINDO nyieun standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka
 Indonesia. Salian ti ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles
 ku barang-barang china. Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat
 ti waktu eta, nya urang kudu siap-siap narima barang kacangan ti luar.


 baktos,

 mrachmatrawyani

 __

 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Film BUBAT?

2010-02-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
di as nu nyieun filmna teh swasta mun teu salah mah eh atawa aya nu tina
apbn/apbd oge?

ngarah rame, bubarkan persib!! haha

Pada 8 Februari 2010 13:27, tantan hermansah sariak.lay...@gmail.commenulis:



 Saya mah satuju bae. Asal aya bangkarakna. Filemna hade. Laku tur laris,
 bisa mere kasajahtraan ka balarea. Kumaha carana? Tinggali AS. Pan industri
 filemna anu ngahirupan rahayatna lumayan gede.
 Ngan, ulah dugi ka6 milyar tapi ditilep sawareh ku aparat, terus we
 jadi filemna goreng, pikaeraeun.

 Salam baktos
 Tantan


 2010/2/5 imam gecko dewawar...@yahoo.com



 Saya senang juga kalau kisah tentang perang bubat itu di filmkan dilayar
 lebar. munkgin saya orang yang beli karcis pertamanya. Soalnya saya juga
 sudah baja buku sastra tentang perang bubat versi Sunda maupun Jawa.

 Bila benar, saya berharap dengan munculnya film itu, bukan untuk
 memunculkan sentimen baru kedaerahan, tetapi lebih dri hanya sekedar fil
 sastra yang menrik untuk dikisahkan.

 tkuuu

 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Film BUBAT?

2010-02-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
walah enya bah, heuheu salah kuring... persib tos tiasa mandiri. pt persib
bandung bermartabat tiasa nyumponan pangabutuh persib nu dugi ka 30 m, eta
teh saur pikiran rakyat nu kapanggih dina salasahiji situs bobotoh (
http://www.bobotohpersib.net/forum/persib-bandung/bobotoh-dan-viking/dada-salut-persib-tanpa-apbd.html).
..

jadi, hidup persib (teu jadi bubar lah)! ;)

2010/2/8 Waluya waluy...@yahoo.com



  Dudi Herlianto dudi.herlia...@... wrote:
  di as nu nyieun filmna teh swasta mun teu salah mah eh atawa aya
  nu tina apbn/apbd oge?
  ngarah rame, bubarkan persib!! haha

 Eh Persib mah, geus teu make deui APBD, tapi ceuk cenah ...hehehe. Ceuk
 budak kuring mah (fanatik Persib), Persib mah hiji-hijina ex perserikatan nu
 teu make APBD. Duka leres-henteuna mah.

 Perkara pelem Bubat, satuju kuring oge, asal ulah make APBD we ..hehehe

 =WALUYA=

  __._,


 




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] sanghyang rancamaya

2010-02-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
jigana mah kajadianna 20 taun kaliwat. mangsa badigul deuk dijieun jadi
paimahan...

Pada 2 Februari 2010 11:17, Surtiwa surt...@gmail.com menulis:



 Asana teu aya di media elektronok atanapi cetak ngeunaan korban massal dugi
 ka ratusan jalmi


 On 2/2/10, Gunawan Yusuf Miarsadireja gunawan_yu...@yahoo.com wrote:



 Rabu, 16 Januari 2008
 114 ORANG TEWAS JADI TUMBAL KERAMAT BADIGUL

 Penulis : Eka Supriatna

 Buldoser dan 2 becko tak sanggup menggeser batu menhir di bukit Badigul.
 Malah tiga sopir alat-alat berat itu sekarat tanpa sebab. Korban-korban lain
 pun berjatuhan




  




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] sanghyang rancamaya

2010-02-01 Terurut Topik Dudi Herlianto
masih kang masih dikaramatkeun. ngan beda istilah wungkul. jadi ELIT!!
heuheu

Pada 2 Februari 2010 12:30, Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com menulis:



 ai ayeuna ku maha nasib badigul teh...?? sa eunggeus rancamaya di wangun??
 masih keneh di karamatkeun atawa geus biasa-biasa wae?

 2010/2/2 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 jigana mah kajadianna 20 taun kaliwat. mangsa badigul deuk dijieun jadi
 paimahan...

 Pada 2 Februari 2010 11:17, Surtiwa surt...@gmail.com menulis:



 ___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Fw; Asep jeung Aseng

2010-01-28 Terurut Topik Dudi Herlianto
kulantaran...ganteng bo! jangkung ageung deuih, cucok sareng selera éke

heuheu

2010/1/29 mamat mrach...@telkom.co.id



 Lain anu 100 poe diributkeun, naha atuh anu 5 tauh teu diributkeun,
 Naha anu 5 taun berhasil kitu ?
 Naha diparilih ?
 Untung teu milu milih..he..he..he..




 - Original Message -
 *From:* Surtiwa surt...@gmail.com
 *To:* urangsunda@yahoogroups.com
 *Sent:* Friday, January 29, 2010 1:09 PM
 *Subject:* Re: [Urang Sunda] Fw; Asep jeung Aseng



 Jelas atuh kontrak pulitikna pan 5 taun. Ayeuna mah pan move pulitik100
 poe tina 1880 poe pan...jelas pulitik. Ibarat mahasiswa .kakarek ogfe
 semester hiji..buru2 di drop out...padahal aya 9 semester totalna



 




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] geus teu ngajenan pisan

2010-01-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
waduh basa mana ieu kang? malaysia? lieur eung macana ge...

:)

2010/1/17 YADI nurdin urang_cileu...@yahoo.com



 Punten teu acan di sundakeun.
 Askar AS paksa tahanan Iraq makan babi, maki Islam
  *
 *
  WASHINGTON: Tahanan Iraq bukan setakat dibelasah teruk tentera Amerika
 Syarikat, malah turut dipaksa memakan babi, minum arak, menghina dan memaki
 hamun agama Islam, digari pada jeriji besi dan katil hanya kerana mahu
 menunaikan solat dengan kebanyakan penderaan itu berlaku pada bulan Ramadan
 lalu.

 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] malem mingguan di kampung budaya sindang barang

2010-01-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
rek nyubuh!, kitu cek babaturan basa poe jumaah sore tanggal 15 januari
kamari ditanya jam sabara indit ka acara seren taun kampung budaya
sindangbarang (kbs) kacamatan pasir eurih kabupaten bogor poe saptu, isukna.
najan ari acara serentaunna sorangan mah geus dimimitian ti poe kemis mula
geus ngomong ka babaturan, kuring mah rek datang dina saptuna wae.

kulantaran peutingna kuring kajongjonan ngobrol tug nepi ka janari,
ancang-ancang deuk nurutan indit subuh, kapaksa bolay. panon teu bisa
dipaksa beunta pasusubuh. biwirna masih karapet pageuh ku cileuh baseuh.

terus angkeuhan teh kuring bisa indit kira-kira jam tujuh isuk. ngan
deui-deui, rarancang ieu najan geus saged kudu bolay. bareng jeung deuk jung
mangkat, mega kulawu nu ti peuting ngahawukkeun langit sempur deui-deui
nurun-nurunkeun hujan. najan ukur muruhpuy. ari keur nu ngaranna embe badot
mah, nu cadu kudu babaseuhan, leuwih hade, najan geus ngaginding beak karep,
kapaksa kudu tetep ngiuhan di jero kamar kontrakan, luhureun kasur deui ;-p

ngan ari geus panteng paniatan mah geuning sang alam teu burung ngidinan. ki
puruhpuy ngelehan raat, kuring gura-giru bebenah deui. jam salapanan laju
kabur. nuju ka kbs. teu kudu dicaritakeun lah di jalanna mah, da geus puguh
macet palebah cikaret, angkot 05 nu dina kaca hareup ngantet tilu hurup:
sbr, nu ditumpangan ti gigireun btm (bogor trade mal) teh mindeng
karengkogkeun ku budak sakola nu pipilueun hayang numpakan, maturan kuring.

caritana mah, kira-kira pecat sawed kuring teh geus we anjog ka kampung
budaya, di ditu geus nyampak jalema rea, kaasup dua babaturan, maranehna mah
da geus aya di dinya ti jam 7 isuk kabiruyungan ngajeueung meuncit munding
jeung acara 'sedekah kueh'. sedekah kueh teh acara barudak lembur dinya
marebutkeun kukuehan nu diwadahan dina nyiru nu ngampar di buruan kampung
budaya, ngan tungtungna mah nu parebut lain wae barudak. ibu-ibu, oge
jelema-jelema lian nu aya di dinya papada milu parebutan. acara jiga kieu di
lembur kuring disebutna teh hajat uar.

sanggeus sedekah kueh, acara salajengna kakara der deui engke peuting, bada
isa. nu ngarupakeun pintonan kasenian ti pangeusi kampung. atuh kuring nu
kakara anjog teh kudu ngadagoan lila. ngarah teu karasa nungguan dieusian ku
ngawadul ngaler ngidul.
--
bada isa, acara prung dimimitian. panggungna ngarupakeun hiji wangunan sisi
kenca imah gede nu diaranan saung talu hiji-hiji midangkeun rampak kendang,
gondang, ibing, jeung dogdog reog. puluhan nu ngadegdeg, ngalalajoan kabeh
kahibur ku pintonan-pintonan eta. sora prokprok kemprok salawasna kadenge di
mimiti jeung tungtung kabeh pintonan.

rampak kendang mintonkeun genep wanoja nu anyar jadi bulu mayang nabeuh teu
asa-asa bari teu anggeus dibaur ku imut. eta barudak teh karek smp, cek mas
sawab salasaurang urang kampung eta nu kabeneran lalajona diuk gigireun
kuring.

rampak kendang rengse, ditema ku gondang. lima pasang awewe-lalaki sili
tempas tembang. teu hilap nu awewe bari nakolkeun halu kana lisung. catetan
keur kuring husus keur gondang di kbs mah nyaeta, naha lalakina rata-rata
geus 'aki-aki'? padahal awewena mah wanoja-wanoja nu keur meumeujeuh
sengserang panon? kuring timburu!! heuheu. gondang rengse terus saung talu
midangkeun sababara ibing, tari kreasi jaipongan. aya budak awewe pentil
keneh, sd kelas handap geus jago ngigel, wanoja-wanoja nanggung, jeung
saurang budak lalaki baleg tampele. sanggeus runtuyan ibing beres, pintonan
kasenian dipungkas ku bobodoran dogdog reog.

diantara pintonan-pintonan di luhur aya dua nu bisa leuwih dikahareupkeun,
keur nambahan bentang di langit peuting harita. nu kahiji juru ibing, budak
lalaki baleg tampele tea nu umurna anyar bebelasan, nu ngajaipongan lagu
'kembang tanjung' kalayan hade. istimewana dimas, ngaran eta budak, teh
diajar ngibingna estuning sorangan. ditambah manehna teh pireu jeung teu
ngadenge deuih. atuh puguh we, beres dimas ngibing ger we nu lalajo surak
jeung keprok meni ear.

bentang panggung hiji deui nyaeta, reog dogdog. najan rea nu lalajo geus
mulang eleh ku tunduh. opat pangdogdog hasil nyieun sesa nu lalajo
tingcakakak najan harita layar dina nokia jadul kuring geus mucunghulkeun
angka 11 mepet ka 12. tengah peuting sakeudeung deui nyanding. hiji pintonan
kasenian nu ngarupakeun runtuyan tina seren taun sindang barang mungkas
saptu kalayan sampurna. (duq)

nb: ieu aya oleh-oleh ti serentaun sindangbarang 2010 kamari, mp3 najan
kualitasna mah teu goreng-goreng acan:

Gondang http://www.4shared.com/file/21222/9d133833/Gondang.html
Dogdog Reog http://www.4shared.com/file/21222/9d133833/Gondang.html

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Séréntaun Sindangbarang Dimimitian

2010-01-15 Terurut Topik Dudi Herlianto
http://1.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/S1FEkkX_PpI/AKM/4hofKWA3cgI/s1600-h/sidekah+kue.jpgBOGOR
– Upacara Séréntaun masarakat Kampung Sindangbarang, Kecamatan Pasir Eurih,
Kabupatén Bogor geus dimimitian ti Poé Rebo malem Kemis (13/1). Leunjeuran
acara tradisi unggal taun ieu dimimitian ku prosési netepkeun ku jalan
ngadua ka Gusti Nu Maha Suci nu dipingpin ku kokolot adat.

Isukna, Poé Kemis, dilakukeun jiarah kubur ka karuhun-karuhun lembur
Sindangbarang, kaasup jiarah ka Éyang Parenggong Jaya nu aya di mumunggang
Gunung Salak, teu jauh ti Pura Urang Bali.

Poé Jumah, bada salat Jumah dilakukeun upacara ngala cai kukulu di tujuh
sumur (mata cai) nu aya di sakuliah lembur. Ngala cai ieu dilakukeun ku para
kokolot lembur, nu saterusna cai téh bakal digunakeun dina upacara nugel
munding jeung acara puncak séréntaun nu mangrupa ngasupkeun pare ka leuit.

Poé Saptu ieu (16/1) dilakukeun acara Sidekah Kuéh jeung Nugel Munding.
Sidekah Kuéh diayakeun di alun-alun Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) nu
diiluan ku masarakat lembur kaasup barudak sakola. Kuéh-kuéh nu diwadahan
dina nyiru-nyiru leutik digelar, dijajarkeun di alun-alun, sarta di ruing ku
warga lembur. Sanggeus dimimitian ku ngadua ku kokolot lembur, kuéh-kuéh téh
ambring diserbu ku masarakat.

Acara dituluykeun ngarak munding ti KBS ka tempat panugelan di lapangan SD
Inpres. Satuluyna daging munding ieu baris dibabagikeun dina prosési Sidekah
Daging.

Poé isuk, Ahad (17/1) mangrupa acara puncak upacara Séréntaun. Baris
dilakukeun hélaran barisan rengkong jeung dongdang ti hareupeun Imah Gedong
nuju ka alun-alun KBS. Saterusna pare-paré nu dibawa ku rombongan hélaran
baris diasupkeun kana leuit. (HD)
  Diposkan oleh majalah basa sunda balébat  di
11:29http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/01/serentaun-sindangbarang-dimimitian.html


Re: Kabulusan--Re: [Urang Sunda] Prikitiew ...

2010-01-12 Terurut Topik Dudi Herlianto
mandi bareng jeung awewe (rek nini oge parawan) mah kaalaman ku kuring basa
keur budak nepi ka smp. baheula di lembur kuring mah susah cai, nu jadi
andelan ukur tampian umum. tapi memang enya jiga supir nu bali asli eta,
ser-seran teh ngan ukur saeutik, bakating ku biasa mah ah da era teh euweuh
we heuheu...

2010/1/12 Waluya waluya2...@yahoo.co.id



  Surtiwa surt...@... wrote:
  Di tempat ngojay Hotel...Club..pantai Kuta...

 Ieu mah lalakon kuring waktu survey di Bali (1981), harita teh survey di
 daerah Kabupaten Jembrana, deukeut basisir, tapi ari sare mah di Negara di
 losmen, ka lokasi tempat digawe nyewa mobil jeung supirna, urang Bali asli.
 Si Urang Bali ieu, rada bangor, ari sore-sore teh sok ngangajak mandi di
 walungan, resep cenah, bareng jeung putri-putri Bali nu lamun mandi teh
 baragadal we, teu era-era jeung campur awewe jeung lalaki. Teu digugu ku
 kuring mah..eh kungsi ngilu ketang, tapi di sisi jalan we, nempokeun
 ti kajauhan, da geuning asa era ari kudu milu mandi bubulucun hareupeun
 jelema rea komo hareupeun awewe mah mah. Ari si supir mah, ngeunah we,
 sagala diporosotkeun, geus bubulucun, dengan santainya leumpang ka sisi
 walungan terus mandi.

 Nu katagihan mah batur kuring, ampir unggal sore, balik survey, ngereles
 euweuh, balik-balik geus deukeut maghrib. Ditanyakeun tas timana, ngomongna
 teh nganteur supir ka walungan bari sakalian balanja ka pasar atawa ka toko.
 Pokona mah loba alesan, padahal mah kuring oge nyaho manehna teh lalajo anu
 mandi.

 Hiji waktu, biasa manehna teh ngereles sore-sore teh, tapi sanggeus
 manghrib teu jol wae, kuring jeung babaturan nu sejen, kacida keselna
 nungguan.Ditungguan teh arek dahar peuting, soalna manehna anu nyekel duit.
 Sanggeus nungguan ampir satengah jam, kakara manehna teh datang, dibulen ku
 anduk, bari bibirigigan jeung awakna semu geunteul. Kuring nanya bari
 nyengor : 
 Tas timana euy, batur geus lapar kieu teh?

 Cicing, urang kabulusan yeuh, cenah, bari ngagosok-gosok anduk kana
 awakna jeung bersin sababaraha kali.

 Kabulusan? mandi di walungan nya, naha make kabulusan?

 Terus manehna teh ngadongeng, ku kaseringan nonton nu mandi di walungan,
 jadi kabita hayang milu mandi, bareng jeung supir. Ari supir mah bubulucun
 ari manehna mah make calana jero, kakara ge ngalengkah ka sisi walungan, nu
 marandi cing cirihil terus gogorowokan orang baru, orang baru cenah. Si
 Supir nyarankeun eta kolor teh diporosotkeun we, supaya ulah kaciri teuing
 jelema anyar. Kapaksa diporosotkeun, langsung ngajleng ka tengah walungan,
 nyirekem ngeueum maneh, teu wani deui nangtung. Ngan orakaya anu mandi teh
 gunta-ganti, da ongkoh harita teh musim halodo, jadi loba anu mandi ka
 walungan. Si supir deuih teu ngarti, geus mandi langsung hanjat, terus
 indit, nungguan dina mobil sisi jalan. Atuh kapaksa manehna teh nyirekem aya
 kana hiji satengah jam mah ngadagoan poek, tepika kabulusanana. Geus poek
 kakara wani nangtung, ngalengkah, nyokot anduk jeung calana nu diteundeun di
 sisi walungan.

 Karasa nyah!, Ceuk kuring teh, nyeungseurikeun kalakuanana.

 Baktos,
 WALUYA


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Afghan

2010-01-12 Terurut Topik Dudi Herlianto
tina nopel eta kuring mah resep kana nasehat bapana amir jeung hasan, ceu
roro, nu katangkepna ku kuring mah jadi:
'dosa nu teu meunang dirempak ukur hiji, nyaeta: maling!'

naon hubungana afganistan jeung indonesia mah, duka teuing! hihi

2010/1/13 Roro Rohmah roro.roh...@sidola.com



 Karek beres maca buku “The Kite Runner” ditulis ku Khaled Hosseini, urang
 Afghanistan nu pacabakanana jadi dokter, dumuk di San Jose Amerika. Ieu buku
 ngagambarkeun dongeng  hiji kakuatan tina sosobatan, duduluran, silih asah,
 silih asih, silih asuh, silih pikanyaah, khianat plus kasangsaraan dua budak
 leutik Amir  Hasan. Nyokot setting di wewengkon Afghanistan  Amerika,
 digambarkeun ku Khaled kacida pisan alusna. Maca bari galo rarasaan teh,
 malah mah bari ngingsreuk ceurik sagala, miliuan sedih. Moal didongengkeun
 ah… sing teu rame…heheh. Pantes ieu novel jadi bestseller  meunang pangajen
 ti UNHCR.



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Milangkala ...

2010-01-12 Terurut Topik Dudi Herlianto
deklarasi juanda ge ninggang di poe ieu. geuning

2009/12/31 Sr pay...@yahoo.com.au



 Lah asa kaingetan pan uing ge ulang taun poe ieu, teuing nu kasabaraha,
 buru buru we nyidikeun bulu tuur, ah ngora keneh geuning, da bulu tuur ge
 can huisan. Terus ngaluarkeun dompet lain nek neang eusina da puguh eusina
 mah keur tanggung bulan, neang ktp jeung sim da biasana beakna sok marengan
 poean ulang taun, rada ngemplong da beakna jarauh keneh.

 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] ayin keur neangan pangarang rumpaka tembang

2010-01-11 Terurut Topik Dudi Herlianto
jakarta (u-press): urang sunda bakal reueus. lagu populer nu ditembangkeun
ku doel sumbang sono ka kodim, sakedap deui bade dinyanyikeun deui ku
arthalita suryani dina persi basa indonesiana. kulantaran ieu lagu teh nembe
judulna wungkul nu tos ditarjamahkeun, arthalita suryani sacara pribadi
ngahubungi simkuring kanggo milarian pangarang rumpaka tembang moyan nu
tiasa narjamahkeun eta tembang tina basa sunda kana basa indonesia.

saur ayin, nenehna arthalita suryani mah, ngalangkungan sms ka simkuring,
tembang 'sono ka kodim' teh bade dijudulan:
rindu pondok bambu.

rencana ieu singel album, nu oge bakal disebarkeun dina nada ali tukang teh
bakal dirilis bareng jeung ayin engke kaluar panjara. ayeuna mah ayin, sarju
wibowo jeung untung sugiyono keur ngawangunngadegkeun studio gede di pondok
bambu.

nya minimal, studio ieu bakal sarua jeung studiona republik cinta ahmad
dani. maksimalna mah bakal diusahakan sakualitas jeung abbey road, dimana
j-rock jeung the beatles kungsi rekaman, emboh ayin, bari nyengir. (duq)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Prikitiew ...

2010-01-11 Terurut Topik Dudi Herlianto
hayang mah atuh tinggal nyarita, nyuhunkeun kiteuh... kitu wae meni riweuh
heuheu

Pada 12 Januari 2010 08:50, irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com menulis:



 Sabab gara-gara neuleu, aing jadi hayang he..he..he..
 sluurrppp...


 Kumincir Wikidisastra wrote:


 Pingping, pingping aing... Calana, calana aing... Naha bet sia nu
 gujrud..?!!

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/1/11 irpan rispandi

   Kuring boga pangalaman ngeunaan calana pendek yeuh.

 hampura teu disundakeun.
 Apakah sekarang ini persaingan antar wanita untuk mendapat perhatian
 sedemikian ketat? sehingga para wanita berlomba menyuguhkan yang
 indah-indah yang ada pada diri mereka?. Ini kalau ego lelaki yang
 bicara :)

 Kalau orang beradab yang bicara, maka pertaannya: apakah peradaban
 manusia di bidang pakaian akan berjalan mundur dan kembali lagi ke masa
 lalu? Dimana manusia terutama wanita, hanya berpakaian secukupnya, cukup
 menutupi 'itunya' dan 'itunya' saja.


  __._,_._
 ._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Prikitiew ...

2010-01-11 Terurut Topik Dudi Herlianto
ih ari si mamang
nu-masih-keneh-jajaka-sanajan-geus-lila-kawin-naha-pedah-ti-kahyangan-kitu-?,
piraku nanya-nanya wae kudu diajarkeun keneh heuheuheu

mun nukangan mah, tinggal toel puhu leungeuna, bari pok, neng, um tiasa
naros teu?. tah mun jawabana, tiasa!. teraskeun, kana maksad nu
saleresna, um ningali eneng nganggo cingan pondok teh naha bet jorojoy
palay. tiasa teu um nyuhunkeun?, kadituna mah kumaha si eneng we nya? kade,
tong bari puksa-paksa sagala. mun manehna gaduh stok lancingan pondok nu
seueur, peluang kanggo si um di pasihan naon nu dipikapalay ngagedean. :P


Pada 12 Januari 2010 14:02, Jajaka.Kahyangan - jajakahyan...@gmail.commenulis:



 oh, kitu
 kumaha carana ateuh?
 cik ajarkeun,... dud

 da mun dipikir-pikir mah, matak kaburu beak mangsana
 asa ku palarantes marake calana hotpends


 ---
 Gandrung Gunung
 http://www.roisz.wordpress.com


 2010/1/12 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com



 hayang mah atuh tinggal nyarita, nyuhunkeun kiteuh... kitu wae meni riweuh
 heuheu

 Pada 12 Januari 2010 08:50, irpan rispandi mr.rispa...@gmail.commenulis:



 Sabab gara-gara neuleu, aing jadi hayang he..he..he..
 sluurrppp...


 Kumincir Wikidisastra wrote:


 Pingping, pingping aing... Calana, calana aing... Naha bet sia nu
 gujrud..?!!

 sikandar
 kumincir.blogspot.com

 2010/1/11 irpan rispandi

   Kuring boga pangalaman ngeunaan calana pendek yeuh.

 hampura teu disundakeun.
 Apakah sekarang ini persaingan antar wanita untuk mendapat perhatian
 sedemikian ketat? sehingga para wanita berlomba menyuguhkan yang
 indah-indah yang ada pada diri mereka?. Ini kalau ego lelaki yang
 bicara :)

 Kalau orang beradab yang bicara, maka pertaannya: apakah peradaban
 manusia di bidang pakaian akan berjalan mundur dan kembali lagi ke masa
 lalu? Dimana manusia terutama wanita, hanya berpakaian secukupnya, cukup
 menutupi 'itunya' dan 'itunya' saja.


  __._,_._
 ._,___




 --
 d-: dudi herlianto :-q
 kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 __




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Re: Korupsi Rahayat?

2010-01-08 Terurut Topik Dudi Herlianto
muhun ceu, di jalan wado-kirisik mah enggal keneh. mung imah-imah hantu teh
saurna mah tos ti kapungkur. utamina di wilayah pembebasan lahan bendungan
jatigede, siga di daerah darmaraja.

d

2010/1/8 roro roro.roh...@sidola.com



 Hey Dud, don't make it bad yeah… (angger heuheu…)
 Naaa, basa Ceuceu ka Wado awal bulan Desember taun kamari mah asa jiga
 sasari keneh…? Teuing mun pedah teu ngaliwat ka bah dinya. Hartina, ngan
 dina itungan sababaraha poe eta imah-imah anyar teh marucunghuls. Kacipta
 meureun marema tukang bangunan teu mudu nyaba ka kota… Paingan minggu kamari
 aya dulur kapi lanceuk nganjang ka imah, ngadongeng ka nu jadi indung mani
 cuih, ceunah mah di lembur teh keur rame. Loba imah anyar jlug jleg, nya
 kitu pisan jiga nu didongengkeun ku Jang Ndud, malahmah buruan imahna nu di
 lebakkeun imah nini uing ge kasempog dipake ngalegaan jalan.

 Puguh, ayeunamah urang lembur teh teu bisa direken jalma bodo… baheula
 urang kampung bau lisung tea, tapi ayeuna urang kampung bau heuleuran. Eta
 ge mun masih keneh aya sawahna, da bakal kaeleb tea… Rada hese ngabedakeun
 urang lembur jeung urang kota, kusabab urang lembur loba nu ngumbara ka kota
  luar nagri. Jaba tehnolohi jaman kiwari teu di kampung teu di kota,
 contona warnet geus aya di pilemburan. Jadi pantes mun geus kaismeuan bin
 malotekar dina widang korupsiw...

 Abong geus teu cicing di Wado rada teu ngarti, naha tara tisasasari
 pamarentah teh bageur daek mayar mahal ganti rugi nya? biasana mun can
 diojok-ojok ditambahan ku demo mah hese mayarna? Heug deui etah, teu
 ditingali heula kitu sabangsaning susuratan kayaning pajeg jrrd? Apal
 meureun pamarentah, salila bisa dijieun hese, naha henteu? (ups, punten ka
 pamarentah, maksudnyah selama masih dibuat sulit kenapa tidak?) jigana ieu
 wawales ti rahayat nu geus baroseneun ningali loba pejabat korup, tah ayeuna
 giliran maranehna…
 Meungpeung.

 ro2

 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Kaayaan Energi Indonesia sabenerna !

2010-01-07 Terurut Topik Dudi Herlianto
ieu panginten salasahiji dosa-dosa pns teh nya kang? pamongnagara teh
geuning 'belul'na ukur sakeudeung hihi sok atuh kumaha carana sangkan
birokrat digawena teu molitik teuing

Pada 8 Januari 2010 11:57, jalakpak...@yahoo.com menulis:



 Sae kangge bahan kajian kunaon asa teu maju2 nyekel per-energi-an. Panyakit
 nu umum urang teh tara konsisten, tara keyeng nyekel nepi ngabereskeun
 masalah. Masalah laina paling ego sektoral.

 Powered by Telkomsel BlackBerry®
 --
 *From: * Surtiwa surt...@gmail.com
 *Date: *Fri, 8 Jan 2010 11:34:59 +0700
 *To: *urangsunda@yahoogroups.com
 *Subject: *Re: [Urang Sunda] Kaayaan Energi Indonesia sabenerna !



 Asana teu diparaktekkeun ! Masalah dasar bakal aya tetep ! Energi bakal
 kakurangan tetep . Tulisan ieu lain masalah tapi ilmu, rek diterbitkeun di
 Majalah Energindo edisi minggu payun, Jan 2010. msi keneh aya anu nganggap
 Indonesia kayaMigas...kaya energi..padahal amburadul keneh...

 _,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


[Urang Sunda] Korupsi Rahayat?

2010-01-06 Terurut Topik Dudi Herlianto
Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh.
Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka
Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge
nu eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar
kaliwat, kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan
konstruksi wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae.
Pasolengkrah di buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung
sababara urang mah, malah eta imah satengah permanen teh teu make
pondasi-pondasi acan.

---

Banjarasih ngaran lembur teh, kampung dilingkung pasir bulistir nu asup kana
lelewek Desa Sarimekar, Kecamatan Jatinunggal, Kabupaten Sumedang. Kacamatan
Jatinunggal ieu sabagean wilayahna bakal ngilu kakeueum ku cai Walungan
Cimanuk nu dibendung di Jatigede. Nu cek beja mah anggeus taun 2013. Desa
kuring mah henteu ngilu kakeueum, tapi pangaruhna mah, pedah deukeut, gede
kacida. Salasahijina, ku ayana Megaproyek Bendungan Jatigede eta, harega
tanah di daerah kuring ngajaul luhur. Keur gembaranna indung kuring moal
leuwih ti lima taun kaliwat meuli tanah sahektar di sisi lembur, ditaurna Rp
25 juta. Kiwari eta tanah cek indung urang mah haregana geus nikel 5-6 tikel
ti harega basa meuli. Harega taneuh nu nerekel eta teh kusabab aya pembelian
ku pamarentah pikeun relokasi penduduk ti daerah kakeueum, salasahiji
pitempateunna nya desa kuring.

Pangaruh sejenna, jalan aspal nu meulah desa cenah mah deuk digedean. Jalan
nu asalna paling oge 6 meter, nu ngan dua lajur teh bakal dilegaan jadi
jalan dua jalur. Cenah pembebasan lahanna teh masing-masing 15 m ka
katuhukencaeun jalan. Eta jalan teh engkena bakal ngurilingan sisi Bendungan
Jatigede. Atuh puguh we, mokaha, rea taneuh jeung wangunan sisi jalan nu
keuna eta proyek. Saku-saku nu bogana pibakalmerekiseun duit pembebasan
tanah.

Tah nya ti dinya pisan mimiti cul cel, jlug jleg imah aneh teh. Kulantaran
harega pembebasan tanah nu luhureuna ngadeg wangunan leuwih gede tinimbang
tanah kosong rea jalma nu ngadegkeun imah-imah asal eta. Nu ngadegkeunna
lain wae nu boga lahan sisi jalan, tapi oge jalma lian nu boga duit.
Maranehna nyewa taneuh ka nu kena pembebasan eta. Nu diharepkeun duit ganjor
pembebasan tanah tanpa wangunan jeung nu aya wangunan di luhureunna engke.

Kecap nu munggaran mucunghul dina uteuk sanggeus nempo kaayaan eta: Motekar!
Geuning warga sadesa kuring teh kreatif kacida. Pinter pisan dina mateaan
hirup di nagara nu amburadul ieu. Maranehna bisa ningali liang melenge dina
aturan nu aya. Teu eleh jeung pajabat-pajabat nu teu riuk-riuk meral-meral
anggaran. Naha nu kieu kitu, nu disebut korupsi  bageanna rahayat teh?

(duq)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] ceunah indonesia di jajah ku walanda teu nyampe ka 350 tahun.

2009-12-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
sanes kang. nami aslina nina herlina. urang sumedang, ageung di bandung mun
teu lepat mah. kenging ngaran lubis teh warisan ti tilas salakina nu urang
sumatra utara.

2009/12/22 Kang Iman firman.raha...@urang-sunda.or.id



 Dr. Nina Lubis,
 Asana ngarana urang Mandailing





 2009/12/21 jalakpak...@yahoo.com



 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: [Urang Sunda] Di Papua Euweuh Monyet ........

2009-12-22 Terurut Topik Dudi Herlianto
hade kang, komo mun kalakuanna mah. moal aya jigana jelema, mun hasil
isulobe masih bisa disebut jalema, nu korupsi. paling oge maling cau. maling
oge moal aya ketang. da cauna ge jadi euweuh nu miboga pan.

diladaan ku ema maké céngékbeureum®

2009/12/23 jalakpak...@yahoo.com



 Lamun teori evolusi bener nu paur teori isulove, alurna ti jelema turun
 jadi monyet, boh robah fisik boh kalakuan hiiy serem -:)

 Powered by Telkomsel BlackBerry®
 --
 ,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: Bls: ..[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

2009-12-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
 hese2 teuing mah bapa kuring, matak naon. Da eta nu bener.
  Kapan hayang alus bari nyebut PUN RAMA ! Padahal salah.
  Pun indung; pan kuduna mah pun bapa; pun biang !
  Jadi maning ge sebut we indung kuring, bapa kuring !
  Tah eta basa loma. Anak kuring. atawa pun anak. Lain pun putra!
 
  Ieu nu salah kaprah deui wae : BUMI ABDI !
  Imah kuring geus alus tah. mun arek ge mangga ka rorompok.
  Teu kudu disebut rorompok kuring. Lamun ka batur, kakara nyebut dimana
 bumi teh ? Atawa dimana linggihna ?
 
  Nu matak sakali deui maning keneh basa biasa wae; basa LOMA lah.
  Ulah make uundakan uusukan; bari teu tepat.
  Kitu ari cek kuring mah.
 
 
  --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, dudi
 mulyadi dudi_m2003@ wrote:
  
   Satuju pisan kang Abbas, sakuduna kanu langkung ngartos
 ngabenerkeun basa sundana urang nu teu ninggang kekecrekna.
   Kuring sorangan kadang teu pati ngarti mana nu bener mana nu salah,
 tapi ari kahayang  mah bisa nyarita atawa nulis basa sunda kalawan bener.
   Saha deui atuh nu bisa menerkeun sakumaha kuduna nyarita dina basa
 sunda lamun lain urang sorangan.
   Jadi ka sing saha wae anu boga pangartina , sok lah ulah asa asa
 menerkeun saha wae anu basa sundana can pati bener .
   Kang Abbas teu kedah asa asa ngoreksi nu basana can pati bener.
   Nuhun kang Abbas
  
   Wassalam
   Dudi
  
  
   Dari: Abbas Amin abas_amin08@
   Kepada: kisunda kisu...@yahoogroups.com kisunda%40yahoogroups.com
   Cc: urangsunda urangsunda@yahoogroups.comurangsunda%40yahoogroups.com
 
   Terkirim: Jum, 18 Desember, 2009 07:03:09
   Judul: [Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
  
   Â
   Aya nu lucu soal praktek nyarita di na Basa Sunda teh, nu kaalaman ku
 kuring di Kantor.
   Harita teh taun 1986 anyar keneh asup ka Total di Balikpapan. Aya hiji
 jajaka urang
   Bandung Asli nanya ka kuring : Kang kumaha damang ?
   cek kuring teh : sae.
   Naha ari geus kitu teh manehna ngomong kieu :Naha nya Urang Sunda
 ayeuna seueur
   nu kalasar ? padahal kapan aya bahasa lemes ? lamun ku urang ditaros
 tuang, jawabna
   teh kuring mah daharna engke cenah . Naha nya Kang Urang Sunda ayeuna
 mah kalasar ?
   Sajongjonan kuring ngahuleng, teu bisa ngajawab; lantaran nu
 dicaritakeun ku eta jajaka
   teh malah tibalik. Malah manehna nu teu bener !
   Wah kumaha yeuh ngajelaskeunana ? Cek kuring di na hate.
   Tapi biasa kuring mah tara NGANTEP ka jalma nu kurang NYAHO, supaya
 jadi NYAHO;
   nya ku kuring dibejer beaskeun perkara Undak Usuk Basa Sunda.
 Manehanana
   ngahuleng we.
   Mun teu percaya sok we taroskeun ka ibu rama engke di Bandung. cek
 kuring
   ngayakinkeun.
   Plengles we nepi ka dua bulanan, geus kitu kurunyung deui manehna bari
 rada
   semu era; enya we geuning Kang; tapi cek pun RAMA ( ku kuring
 dibenerkeun deui
   jadi pun bapa ); hese cenah basa Sunda teh.
  
   Kuring seuri, nya eta nu matak ge, hese. Nu matak langka nu bisaeun.
  
   Tah ieu pangalaman teh maksudna geuning jadi tibalik nu salah
 dibenerkeun ; nu
   bener disalahkeun ! Lantaran salah kaprah tea; bari euweuh nu
 menerkeun.
   Jadi we nuduh nu lain lain.
  
   Nu matak mun aya nu hahandap asoran bari teu puguh; ti ayeuna mah
 gancang
   benerkeun; bari diomongan make Basa Sunda LOMA we kituh, ari teu bisa
 mah Undak Usukna.
  
   Sakali deui, kade ulah salah sangka ka kuring; yen kuring hayang
 mempertahankeun
   UNDAK USUK ! Lain ! Lain kitu. Tapi kudu bener we. Mun basa LOMA sok
 sing bener !
   Mun undak usuk, aya tata carana.
  
   Jadi sakali deui kuring hayang KONSISTEN. Ulah teu pararuguh.
  
   Kuring baheula mindeng ngabenerkeun; lain masalah Basa LOMA jeung undak
 usukna; tapi ngomong basa nu cenah damang, bumi, tuang jste. tapi salah
 kaprah !
  
   Komo bari nyebut PUN RAKA, pun IBU, pun RAMA mah.
   Eta kudu dibenerkeun; lantaran ka na BASA LOMA teu ASUP; kana Undak
 USUK komo
   deui. Basa Sunda sakahayang tea eta mah. da teu tepat, teu bener !
  
  
  
  
  
  
  
   Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser
 ke Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini!

   http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer
  
 

  
 _._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


Re: Bls: ....[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

2009-12-17 Terurut Topik Dudi Herlianto
hiha bagea kang dudi

bener teh gumantung ka dadasar/asumsi nu ku urang dipake. jigana akang jeung
bah abas mah masih nyepeng bebeneran uubs nya? najan enya ge nyarankeun
sangkan basa sunda loma nu digunakeun. keur kuring mah, conto nu didamel ku
akang kedahna mah leres mun uubs dileungitkeun. memang keur saheulaanan mah,
utamana keur nu kungsi nyepeng uubs, kadanguna bakal rungseb. jiga preman
ngomong ka pulisi saur akang tea mah. tapi da lila-lila mah kakupingna bakal
biasa...

dudi ogew

2009/12/18 dudi mulyadi dudi_m2...@yahoo.com



 Kang Jalakpakuan,
 Ari akang ngarti teu naon anu disebut basa undak unduk basa ,basa loma,
 jeung basa nu bener jeung nu teu bener ngalarapkeunana?
 Nu disebut basa teu bener teh upama urang niatna hayang make basa undak
 unduk basa tapi makena  teu merenah.
 Upamana kulantaran  hayang  dianggap  andap asor terus  make kecap kieu
 misalnya.
  Duh abdi teh kamari mah nembe tiasa KULEM jam 12 wengi.Kumargi TUANG na
 kawengian teuing .Atuh GUGAHna  janten KASIANGAN, padahal di BUMI abdi teu
 aya nu tiasa NGAGUGAHKEUN
 Tah conto nu ditulis make hurup kapital diluhur basana teu bener. Make
 kecap undak unduk anu salah ngalarapkeunnana. Kabeh kecap diluhur kakara
 bener lamun pikeun jalma  sejen anu dianggap leuwih kolot atawa nu kudu
 leuwih diajenan ku urang.
 Kuring ge asa sareukseuk mun ngadenge  kecap nu salah ngalarapkeunnana teh
 ( sarua jeung kang Abbas) . Asa ngadenge preman pasar/terminal  ngomong ka
 pulisi.

 Mun hayang make kecap undak unduk anu bener kecap nu ditulis  ku hurup
 kapital kuduna kieu :
 MONDOK keur gaganti KULEM, NEDA keur gaganti TUANG, HUDANG keur gaganti
 GUGAH, KABEURANGAN keur gantina KASIANGAN, ROROMPOK keur gantina BUMI,
 NGAHUDANGKEUN keur gantina NGAGUGAHKEUN. Kira kirana leres teu kang Abbas ?
 Pek baca oge katerangan ti kang Abbas.
 Kuring Insya Alloh bisa konsekwen lamun hayang make basa nu mana oge. Naha
 make basa loma saperti nu ayeuna ku kuring dipake ka kang Jalak
 pakuan, atawa basa anu make undak unduk. Kabeneran kolot kuring  di lembur
 masih  keneh aya nu make undak unduk basa. Lamun kuring nyarita make basa
 loma ka aranjeunna  teh sok  kaciri nyureng.
 Sugan katerangan kuring kaharti ku kang Jalakpakuan ( basa loma) atawa
 Manawi kang Jalak pakuan ngartos  kana sakur kecap anu disanggemkeun ku sim
 kuring ( make undak unduk basa, kulantaran kuring nganggap kang Jalak pakuan
 teh  leuwih kolot batan kuring .Teu apal saha kang Jalak teh ).
 Kaharti henteu ?( loma) atawa Naha kahartos ku  juragan ? ( undak unduk).
 He...he..he
 Hampura kuring oge lain ahli basa sunda, oge aki buyut kuring ti indung
 kuring lain urang sunda pituin, tapi urang Jawa ti Pakalongan. Tapi kuring
 masih keneh hayang diajar make basa sunda nu bener. Naha make  basa loma
 atawa basa  nu make undak unduk.Insya Alloh teu masalah

 Nuhun
 Dudi

  --
 *Dari:* jalakpak...@yahoo.com jalakpak...@yahoo.com
 *Kepada:* dudi mulyadi dudi_m2...@yahoo.com
 *Terkirim:* Jum, 18 Desember, 2009 13:30:02
 *Judul:* Re: Bls: ..[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

 Konsekuen atuh kang, lamun teu make undak usuk basa teu kaci aya bener teu
 bener, kabeh sajajar lin?




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


  1   2   3   4   5   6   7   8   9   10   >