Re: [Urang Sunda] Sepi

2007-01-06 Terurut Topik kumincir
barang ningali susukan... jut kuring turun... On 12/29/06, Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: kataji ku kecap panganteur kecap gawe dina basa Sunda, cikan aya anu gaduh data anu rada lengkep? Dina kaayaan naon ngalarakeun kecap-kecap panganteur di handap ieu? Aya anu tiasa maparinan

[Urang Sunda] nulungan nu kabeureuyan

2007-01-06 Terurut Topik kumincir
prakprakanana kieu... irung dipengék sing tarik ku leungeun kénca, leungeun katuhu nyokot barangna nu ngajadikeun kabeureuyan téa; atawa genggerong dirojok ku curuk ngarah utah; atawa dada disarandékeun kana sisi méja tuluy diketig2 ku leungeun handapeun beuheung. lamun barang bangsa leutik

Re: [Urang Sunda] parantos medal: Poligami menurut perspektif Orang Sunda

2007-01-03 Terurut Topik kumincir
ih da heureuy wungkul abi mah, bukuna ge teu aya... heuheu... jadi hayang era... On 1/2/07, surtiwa surtiwa [EMAIL PROTECTED] wrote: Ari Orang Sunda didieu teh dimaksad sebage urang Sunda sacara Etnis atanapi Budaya Sunda atanapi umumna Urang Sunda ? Abdi Urang Sunda sacara etnis...tapi

Re: [Urang Sunda] Sepi

2006-12-29 Terurut Topik kumincir
'juringkang' mah asana larap lain dina wanda kalimah kitu. Panganteb pikeun 'hudang' atawa 'cengkat' mah 'kojengkang' atawa 'ngojengkang'. Tapi bae ketang, da Kang nDoell mah balad ieuh, malah geus diaku dulur pisan ku uing teh... hihihih... Mana samsu-na, Kang? Tong seueur-seueur, satengah

Re: [Urang Sunda] [ICRP ] Artikel menarik dari ICRP

2006-12-27 Terurut Topik kumincir
horeng teh dibahas keneh? sok atuh urang bahas lah, heuheu... Lamun memang Islam nyaram nyandung, ari ayat Qur'an anu intina miwarang nikah ka dua, tilu, opat, atawa mun teu bisa adil mah hiji teh ditujukeun ka saha? On 27 Dec 2006 05:36:07 -, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote:

[Urang Sunda] parantos medal: Poligami menurut perspektif Orang Sunda

2006-12-26 Terurut Topik kumincir
Bewaraa. Bewara. Barayaaa, ieu simkuring kaamanatan ku nu ngageugeuh taeun, seja ngembarkeun ka sadayana, rehna masalah ngawayuh alias poligami parantos dibahas dina wanda anu daria tapi basana hampang, dipedar kalawan jero ku para sesepuh lan inohong Sunda anu

Re: [Urang Sunda] Aya anu gaduh lagu Budak Ceurik ieu kang rumpakana

2006-12-26 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam!! Aeh... ka mana wae ieu mangkeluk? Damang, Kang Ayub? Asa tos lami teu tepang, nya? (padahal mah memang can kungsi panggih...) On 12/27/06, Ayub Sobandi [EMAIL PROTECTED] wrote: assalamu'alaikum, ieu kang rumpaka. upami sakedik lepat rumpaka hapunten -- sikandar

Re: [Urang Sunda] Ambahan Milis

2006-12-19 Terurut Topik kumincir
Saur Ajengan Manar ti tutugan Panjalu* mah, urang kedah tiasa ngalap hikmahna. Aya nu pasea, ala hikmahna, aya nu kabiruyungan kawin deui, teuleuman hikmahna. Dalah, mun nempo jalma pangangguran gawena ukur hardolin ge, candak bae hikmahna. Kitu tah... *dupi di Panjalu aya tutugan kitu? On

Re: [Urang Sunda] Mazhab Jafariah

2006-12-19 Terurut Topik kumincir
Kitu soteh mun enya wanoja... heuheu On 12/19/06, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: leres kang raksa, tetela wanoja sunda teh geuning teuneung ludeung taya karingrang. najan dikepruk dikoroyok ku mangpirang-pirang bala prajurit, keukeuh we nagen, teu gedag bulu salambar. hebat! -- sikandar

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-18 Terurut Topik kumincir
Hampura bisi kuring ngait2 kana masalah asra, tapi sigana mah Teh Ely teh urang Aceh, nya? nepi ka bebeakan kitu melaan urang Aceh... heheh... Ceuk kuring pribadi ieu mah, Teh El, melaan bangsa Aceh tina kasangsaraan alatan kateuadilan pamarentahan Indonesia teh memang kudu didukung, sakumaha

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-17 Terurut Topik kumincir
Pangsiun dini we, Ceu Ika... heuheu... On 12/18/06, ika mardiah [EMAIL PROTECTED] wrote: Hatur nuhun Kang Teja tos pangjawabkeun, hehehe Kapikiran oge tah saran Teh Elly perkawis padamelan nu teu kedah lami supados tiasa ngalaksanakeun ibadah ruhiah atawa kagiatan sosial, oge tiasa

Re: [Urang Sunda] Laporan Loka Anyar

2006-12-17 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w w. Rek mairan BS wungkul we heula... nu sejenna mah nyusul, ke pabuburit wang ngariung deui sakumaha biasa... sakalian deuk nengetan heula pidangan anyar lokana (nuhun Teh Lies...). Eta lapak nu dagang buku, sawios dihapus oge, Kang Den. Paling ngke nyungkeun sambung iklanna

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-17 Terurut Topik kumincir
Sapuk pisan jeung Kang Dudud... Cepeng heula boga sorangan masing pageuh, geus kitu kakara newakan ngawasa nu sejen!!! Mun can nanaon geus newakan nu sejen, paurna teh urang jadi teu boga cecepengan... Da sakur nu dicepeng... horeng teh deungeun deui, deungeun deui... On 12/18/06, datiparang

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-17 Terurut Topik kumincir
Heheh... teu kudu diayonan ku napsu atuh, Kang Agus... Kalem we, da Teh Ely-na ge lain Gupernur atawa persiden, jadi ideu2na can tangtu diputuskeun jadi Perda atawa UU. Cukup ku adu argumen bae... Komo nepi ka ngabubat-babit ka masalah sejen mah... teu aya perluna. Geus, geus... eta bedog

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
Komo kuring, Kang... datang senen isuk2, balik juma'ah sore... heuheu... bakating ku getol gawe.. pangkat kuring jadi tereh naek... tina asisten panalungtikan jadi satpam, malah ditambahan ku gelar kahormatan 'Bang Toyib'! Hueheheheheh On 12/14/06, Heryadi, Eddy [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Re: dinosaurus dina tv/panyakit

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
Saur cenah mah, nu ngaranna evolusi genetik teh lain ku nyaluyukeun-nyaluyukeun teuing... organisme2 renik model virus atawa 'Bah Teri', bisa salamet tina antibiotik atawa antivirus kusabab materi genetik dina jero awakna memang salawasna robah SACARA ACAK, teu dijurung ku kaayaan lingkungan anu

Re: [Urang Sunda] Re: Wawanohan jeung Apih Sidik

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
Ari ditanggap mah teu burung alewoh Apih ge, heuheu beci Apih, eh, punten Kang Maman, simkuring nyelang heula naros. Keun wios nya?!! Piraku teu ngelehan ka anak bawang... Apih, dupi gondewa anu dianggo teh gondewa damelan urang2 keneh (hasil tradisi) atanapi kenging ngimpor

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
mending ge mumuluk heula... bisi salatri... On 12/15/06, Budyana Yogaswara [EMAIL PROTECTED] wrote: Tah ayeuna mana nu tiheula ... gajihna taekeun heula atawa profesionalitasna heula... cikan kumaha tah.

[Urang Sunda] rek nepi ka iraha? --- Logika Polygamers

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
Hahahah dibasajankeunana kaleuleuwihi atuh, Bah... Baraya, punten interupsi yeuh... Kuring rek nanya, naha ieu jejer nyandung teh rek diteruskeun nepi ka iraha? Nepi ka salah sahiji pihak musnah? Atawa kumaha? Ti barang kuring asup ka ieu milis sababaraha taun ka tukang, masalah nyandung

Re: [Urang Sunda] bahasa indonesianya HURU teh naon?

2006-12-14 Terurut Topik kumincir
kahuruan = kebakaran kahuru = kaduruk alias terbakar huru = duruk = bakar On 12/15/06, shakesphere_brokenheart [EMAIL PROTECTED] wrote: mau minta tolong sama yang jago bahasa sunda ari bahasa indonesianya huru teh naon nya... -- sikandar kumincir.blogspot.com

Re: [Urang Sunda] Neda Pidu'a

2006-12-12 Terurut Topik kumincir
Euleuh geuning... Wa'alaikumsalaam w. w. Wilujeng, Kang Akos. Ngiring bingah... mugi2 lungsur-langsar dina prungna ngajalankeun ibadah, mugi2 ditampi ku Gusti Alloh SWT. Aamiin... On 12/13/06, Akos Kosasih [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalamu'alaikum Wr. Wb. Para wargi milis Kusnet sadayana,

Re: [Urang Sunda] Naha bener kitu???

2006-12-12 Terurut Topik kumincir
Hoax ieu mah tos lami sumebar. Ka para wargi anu tos nampi ieu surelek hoax, pamugi henteu nyebarkeun ka nu sanes, upami tiasa mah dihapus bae. On 12/12/06, asep sukirman [EMAIL PROTECTED] wrote: PENGUMUMAN : DAFTAR OBAT DILARANG - SURAT KEPUTUSAN BADAN POM DIKUTIP DARI SURAT KEPUTUSAN

Re: Balasan: [Urang Sunda] PNS

2006-12-12 Terurut Topik kumincir
Sapuk, lamun urang sadaya bisa pengkuh kana palanggeran (?) usaha anu beresih, henteu ngaladenan bangsa siluman, oknum2 (anu sakitu reana) teh susuganan bisa babalik pikir. Pon kitu deui pengelolaan sistim birokrasi atawa alat/pagawe nagara tiasa diropea langkung sae, supados paripolah PNS bisa

Re: [Urang Sunda] assalamualaikum

2006-12-11 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Bagea, Teh (?) Fauziah. Wilujeng sumping, wilujeng tepang sareng baraya komunitas urang Sunda di Internet. Nepangkeun, kuring sikandar urang Garut, damel di Jakarta. Mangga dilajeng... On 12/10/06, fauziah_geo01 [EMAIL PROTECTED] wrote: wilujeung tepang..simkuring

Re: [Urang Sunda] Ubar Anti Mabok

2006-12-11 Terurut Topik kumincir
Baheula, basa keur leutik, sigana mah kuring teh asup kana istilah jalma pamabokan. Tuda eta we, teu kaur indit2an tumpak mobil, gawe teh mabok jeung mabok bae. Padahal teu pira, lalampahan tumpak mobil teh, misalna, ukur ti Garut ka Cikajang, atawa jauhna ka Tasik atawa ka Bandung. Geus teu kudu

Re: [Urang Sunda] Ubar Anti Mabok

2006-12-11 Terurut Topik kumincir
His... geus tobat ayeuna mah... On 12/11/06, reka gayantika [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Kumi, ari basa kamari ti Keresek ka jatinangor mabok teu??? heuheuheu...

Re: File Milis, Kasumedangan + Kagaluhan ([Urang Sunda] Tata jeung Jogjog?)

2006-12-06 Terurut Topik kumincir
Koropak atanapi arsip paguneman di ieu milis diperenahkeun di loka Kusnet tea: www.urang-sunda.or.id. Ku cara kitu, arsip2 anu dianggap mundel dipilih pikeun ditembrakkeun di jajalaneun, ngarah kabaca ku sadaya (da mun di yahoogroups mah tangtosna kedah lebet heula anggota), bisa kasasar ku

[Urang Sunda] Re: rohangan taeun... eh... YP

2006-12-05 Terurut Topik kumincir
Mang, minggu kamari geus nyobaan nyalin sababaraha kaca nu aya dina yp.urang-sunda, misalna Beasiswa Simpay Katresna.http://www.urangsunda.net/index.php?option=com_contenttask=viewid=262Itemid=9Ngan duka tah status atawa perenahna geus bener can, ke sugan Kang Epot ngawaler... Sakalian meureun

Re: [Urang Sunda] Fwd: taeun

2006-12-04 Terurut Topik kumincir
Ditinggalkeun sababaraha poe, geuning bet kieu jadina, euy... Ari satadina mah, kuring nulis samodel kitu teh teu maksud nanaon, malah nu diarah teh nu bener2, patali jeung masalah basa. Ngan, dalah dikumaha, horeng naon anu kajadian teh bet rada mengpar tina anu dipiharep. Tulisan kuring teh

Re: [Urang Sunda] Re: ngawayuh

2006-12-04 Terurut Topik kumincir
Bisa2 Kang Maman disebut kapir, sabab sieun keneh ku sasama manusa... hihihih... On 12/2/06, mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED] wrote: Pameget : Bade ngawayuh? Waleran : Moal! Sumpah! Alesan : Sieun ku Bah Willy.

Re: [Urang Sunda] ngawayuh (Jagalah Hati,lagu baru!)

2006-12-04 Terurut Topik kumincir
Punten, lain kuring rek melaan Aa Gym atawa Aa-Aa yang lainnyah. Tapi, ari ceuk kuring pribadi mah, masalah nyandung teh biasa2 azza. Bener, aya kajadian rumah tangga anu ruksak alatan nyandung, tapi aya oge rumah tangga anu biasa2 bae sanajan aya dina lingkungan nyandung. Malah, masarakat anu

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Fwd: Basa Sunda Tereh Tumpur?

2006-12-04 Terurut Topik kumincir
Kamari, keur magang jadi peletok, aya budak umur SD nyampeurkeun, nanyakeun buku tulis. Kayungyunna teh, eta budak calakan teh nyarita make basa Sunda. Ni lucu, Ari nu eta sabarahaan? Nu hiji deui sabarahaan? Anu ieu, weh. Ari buku gambar, aya? Nu ieu sabarahaan? Nu ieu hiji, sareng bungkusna

[Urang Sunda] Fwd: taeun

2006-11-30 Terurut Topik kumincir
Sateuacanna, simkuring nega agung cukup lumur... nyungkeun jembar pangampura... rehna jauh dijugjug anggang diteang, simkuring dongkap ka dieu teh bade aya nu diseja. Kitu oge pedah bae, cenah di lembur ieu teh jalmina karahot, manggulang-mangguling raga jeung pikiranana, palinter kakoncara ka

Re: [Urang Sunda] bahasa paling serem...

2006-11-29 Terurut Topik kumincir
Hahahah... Enya, ceuk cohagna mah urang Sunda teh euweuh kawani (sawareh). Bakat ku borangan, nyarita make basa Sunda di Tatar Sunda ge tara ludeung. Mangga bae ilikan di mol-mol, atawa di tempat2 karamean anu rada 'undak', urang bakal jarang manggih basa Sunda. Padahal, mun urang daek, nu di

Re: [Urang Sunda] Caladi jeung Raja Jin #1

2006-11-29 Terurut Topik kumincir
mun sakalian pangtarjamahkeun atuh... jadi su.wikipedia.org/wiki/Caladi On 11/29/06, datiparang [EMAIL PROTECTED] wrote: bener mang... kitu cenah. caladi (woodpecker:picinae) eta ngaran subfamily dibagi deui ka sababaraha genus (cek wikipedia), salah sahijina nya dendrocopos eta. unggal

Re: [Urang Sunda] Caladi jeung Raja Jin #1

2006-11-29 Terurut Topik kumincir
Jumaah... taun sabaraha? Asal ulah jumaah katilu, bulan Juni, taun 3456 we, nya?!!! On 11/29/06, datiparang [EMAIL PROTECTED] wrote: hm... hihi. puguh tina basa indonesia ka sunda ge lieur! tapi urang cobaan lah kang, ngan moal peuting ieu atawa isukan... ke sugan jumaah.

Re: [Urang Sunda] Bandung Hebat Euy: Sakola Gratis!

2006-11-28 Terurut Topik kumincir
Babaturan kuring kungsi ngadongeng ngeunaan seleksi gedena SPP kuliah. Cenah, salah sahiji patokan pihak admin pikeun nangtukeun gedena SPP teh ku nempo rekening listrikna: beuki beunghar, nya beuki gede konsumsi listrikna, kitu asumsina mah. Ari babaturanana eta babaturan, listrikna teh

Re: [Urang Sunda] wilujeung dongkap

2006-11-28 Terurut Topik kumincir
Bagea, Teh Ita... Wilujeng sumping tur gabung di komunitas urang sunda di internet. Nepangkeun oge, kuring sikandar urang garut, kungsi sababaraha taun nyuprih elmu di Bogor, ayeuna di Jakarta, tapi enjing duka aya di mana deui... Punten, ngalereskeun sakedik... Kalimah judul wilujeng dongkap

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Fwd: Basa Sunda Tereh Tumpur?

2006-11-28 Terurut Topik kumincir
Ari ceuk kuring mah gampang pisan, sarua bae jeung sesebutan pikeun jalma sejen. Urang nyebut urang Sunda sami bae sareng kasus urang Inggris, nu nujul kana harti yen eta jalma teh boga getih Sunda atawa sarakanana aya di tanah Sunda; atawa jalma nu boga getih Inggris atawa sarakanana di Tanah

Re: [Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak Sunda

2006-11-27 Terurut Topik kumincir
Emh... teu keur ningali nu nganggur, sok hoyong wae 'ngagawean' Mama mah... On 11/27/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: === Stafna Kang Ganjar namina Neng Siti Kamilah. Muhun anjeunna laporan oge ka abdi yen padamelan hancenganana parantos beres. Sigana anjeunna tos siap deui

[Urang Sunda] barade... bararade... rekening surelek @urang-sunda.or.id

2006-11-27 Terurut Topik kumincir
Assalaamu'alaikum! Sampurasun, Luur... Dina kasempetan ieu, kuring seja ngembarkeun (deui) ngeunaan ayana rekening surelek anu make domain @urang-sunda.or.id. Rekening surelek ieu teh mangrupakeun alpukah (lain alpuket) Kang Deni Wahyu alias Cepot Gibol, juragan minyak ti Dumai, anu parantos

[Urang Sunda] Re: Ratatan [kisunda] Islam Jeung Pluralisme-cep Wirabuana

2006-11-27 Terurut Topik kumincir
sigana mah sanes 'dimangsa', tapi 'di mangsa', sabab 'dimangsa' mah hartina 'dihakan ku ...', padahal anu dimaksud mah nujul ka waktu. On 11/27/06, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote: hapunten palawargi aya ralat : lepat nyeratna dina Hirup katungkul ku pati, paeh teu apal dimaksa

Re: [Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak Sunda

2006-11-27 Terurut Topik kumincir
Hahahah Enya, hihihih... Muhun, punten ka Teh Siti Kamilah (lanceuk kelas punbojo di Unpaj, jadi teu bisa diheureuyan eung...). Sanes maksad ngaleuleungit, heuheu.. aduh enya euy, na kamari bet teu disebutkeun we langsung nya?!! Belegug ah...heuheu... Kontribusi Teh Siti Kamilah teh ageung

Re: [Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak Sunda

2006-11-26 Terurut Topik kumincir
Heheh... Kieu dongengna mah, Kang Har... Basa taun sabaraha, poho deui, Kang Ganjar Kurnia di Prancis nampi salinan Pusaka Sunda. Lajeng anjeunna ngumaha ka Kusnet, kudu dikumahakeun hadena ieu warisan. Harita, MH di Malaysia jeung Kang Rudy di Abu Dhabi nyanggupan mingpin proyek, jadi we eta

Re: [Urang Sunda] Tatahar jadi bapa!

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Kuring mah, Dud, euy, teuing meureun geus ti dituna duka teuing kumaha, tapi nu eces mah nu aya dina angen teh sok teu eces (eces teu eces, teu pegeh pisan...). Katambah deuih ku rupa2 hal anu teu weleh minuhan ieu sirah, jadi pipikiran teh kamana-mendi. Enya, model anu kaalaman lima bulanan ka

Re: [Urang Sunda] Pipa Gas Porong

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Demi Alloh, Kang... Sanes, sanes abdi... On 11/23/06, [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] wrote: Heuheuheu hayang seuri aing mahsaha baheula nu ngelas jeung nu inspeksi-na nyaaa...?!

Re: [Urang Sunda] Hadro, terebang jeung takbiran ....

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Ih Abah mah, saha nu nyebatkeun tatabeuhan haram? On 11/23/06, waluya56 [EMAIL PROTECTED] wrote: Terebang / genjring asalna ti Timur Tengah (duka Irak, duka Persia), ku kreatif-kreatifna urang Sunda, terebang dimodifikasi, jadi saluyu jeung ceuli urang Sunda tapi tetep kulantaran genjring

[Urang Sunda] Fwd: anggota anyar

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
-- Forwarded message -- From: ababeel badar [EMAIL PROTECTED] Date: Nov 23, 2006 6:43 PM Subject: Re: File - Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet.doc To: urangsunda Moderator [EMAIL PROTECTED] komunitas uang sunda, tiasa teu??!! hatur nuhun wassalam. *urangsunda

Re: [Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak Sunda

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Aeh-aeh, Kang Isuhar kenging ti mana eta Pusaka Sunda? Di Kusnet ge pan eta kalawarta teh jadi garapan pikeun digitalisasina. Mangga uningaan http://www.urang-sunda.or.id/pusakasunda/ On 11/23/06, isuhar [EMAIL PROTECTED] wrote: Punten bade ngarewong. sim kuring Isuhar seja ngiringan ngobrol

Re: [Urang Sunda] Pipa Gas Porong

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Hanjakalna teh, teu laksana hiji2 acan, Mang... Da embung teuing atuh ari kudu jadi pamajikan kadua Bambang mah... jadi we Bambang teh berpindah ke lain hati, ka Mayangsari... On 11/24/06, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Kumi lain, sabab Asgar. Asgar mah mun teu jadi besan Cendana, jadi

Re: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??

2006-11-23 Terurut Topik kumincir
Ari uing ni teu disebut ih... padahal pan uing ge ti Sumedang... Awas mun ka payun masih teu diaku, kuring rek ngadegkeun GJM*. On 11/24/06, kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote: 1. kang yaya rukayadi, urang situraja ayeuna nu di seoul... 2. Bah Willy (Gelembung Rajamandala) di Bandung 3.

Re: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana - emas

2006-11-17 Terurut Topik kumincir
Mang, naon bentenna leutak Porong jeung sabangsaning Beledug Kuwu? On 11/17/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Dina elmu hidrogeologi, aya dua kamungkinan gede asal-usulcai anu loba: 1. reservoar anu asalna tina cai laut baheula (laut purba) anu kaporog (ku proses geologi) jadi cai

Re: [Urang Sunda] (lukisan) ayat kursi

2006-11-17 Terurut Topik kumincir
His... lain kitu... Nu pas mah kieu... Ku Uwa dipenta nya? Keun bae, nganteurkeun ka imah Uwana mah teu kudu ayeuna2, kumaha parengna MJ we... Hahahah... nyungkun... nya dipenta nya hayang dianteurkeun... dame ah... On 11/17/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: singgetna mah : dipénta nya

Re: [Urang Sunda] Bade Mundur

2006-11-16 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Kang Eko, kuring mah ukur bisa ngahaturkeun rewu nuhun kanggo sumbangan Kang Eko ka Kusnet, utamana dina hal ngokolakeun ramatloka www.urang-sunda.or.id. Ka baraya nu teu acan apal, ieu loka teh dibuka/dijieun salaku hasil tina babadamian Kongres Kusnet anu ka. di

Re: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana

2006-11-16 Terurut Topik kumincir
On 11/16/06, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport McMoRan Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31 Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503

Re: [Urang Sunda] (lukisan) ayat kursi

2006-11-16 Terurut Topik kumincir
copyleft ieu teh, Mang J? Ku abdi dimuatkeun dina Wikipedia nya? kanggo conto kaligrafi gaya ITB, heuheu... Sae, Mang... Pami teu acan aya nu nyungkeun mah, kanggo abdi we On 11/16/06, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: geus anggeus dua, dina kanvas 80x60 asana mah. nu hiji dipenta adi di

Re: [Urang Sunda] Re: foto hadro-HBH Garut

2006-11-16 Terurut Topik kumincir
Ih... tatangga geuning... kuring mah di Leuwidaun katelah Nandar. Mangga we taroskeun ka jéger di wewengkon dinya, moal aya nu apaleun geura... Mangga dilajeng, Kang Aang... On 11/16/06, isuhar [EMAIL PROTECTED] wrote: katampi sareng katingal meni eces para nonomam ti Garut anu kalintang

Re: [Urang Sunda] Bade Mundur

2006-11-16 Terurut Topik kumincir
Keur dipikiran ieu ge, kahayang mah ulah tina kas YP. YP mah tos we kanggo nu di darat. nu di alam maya mah ti... garo2 ateul... heuheu... Kang Tantan, cenah ti heula rek aya nu pasang iklan? Kumaha bejana? Atanapi bilih aya baraya nu bade pasang iklan daganganana di web kusnet, sok atuh... Teu

Re: [Urang Sunda] foto hadro-HBH Garut

2006-11-15 Terurut Topik kumincir
ngala tawon ka Cimahpar ka Simeuleu rek ngala iwung aya naon kang isuhar na ku teu nyararambung On 11/16/06, isuhar [EMAIL PROTECTED] wrote: Nu penting mah tong hilap yen urang garut teh tos katelah kusadayana, malihan ti kawit bupati garut kangjeng dalem adiwijaya tos ngecap yen urang teh

Re: [Urang Sunda] foto hadro-HBH Garut

2006-11-15 Terurut Topik kumincir
muhun ari acara HBH-na mah, tapi meureun acara ajen-mengajenina mah kaitung aya ajenan, sugan. Batan, misalna, kungsi dina hiji poe, Kompas midangkeun acara kopdaran komunitas pamake komunikator Nokia di kaca hareupna. Hahaha... On 11/16/06, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: ari dongengna hbhna

Re: [Urang Sunda] Orang Sunda Boga Sejuta Marga.......

2006-11-15 Terurut Topik kumincir
ngemeng-ngemeng ngeunaan ngabanding2, kuring sok ras kana paguneman sapopoe jeung babaturan nu boga kasang tukang bangsa nu rupa2 (maksud teh bangsa batak, bangsa bugis, bangsa bali, jsb, heuheu). Aya babaturan awewe urang batak, salakina ge urang batak. Eta ewe-salaki teh geus lila kawin, tapi

Re: [Urang Sunda] Simpati ka Halo = ati-ati

2006-11-08 Terurut Topik kumincir
Mun nu kieu kasebutna propaganda hideung meureun, hahahah... Kang Jimmy, mun arek oge, pek dadarkeun, bandingkeun, naon kapunjulan Xplor dibanding Halo. Jeung naon deuih sababna make kapok sagala?On 11/8/06, Jimmy Okberto [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Wargi Kusnet di Medan

2006-11-07 Terurut Topik kumincir
Eh, IKIP Medan kitu?On 11/7/06, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Aya Teh Ely Djulia, dosen di jurusan biologi USU asana mahOn 11/2/06, Gustiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Wargi sadaya dupi aya wargi Bakus di medan?-- sikandarkumincir.blogspot.com

Re: [Urang Sunda] Wargi Kusnet di Medan

2006-11-07 Terurut Topik kumincir
Aya Teh Ely Djulia, dosen di jurusan biologi USU asana mahOn 11/2/06, Gustiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Wargi sadaya dupi aya wargi Bakus di medan?-- sikandarkumincir.blogspot.com __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id

Re: [Urang Sunda] Re: (ti hbh) PETA KUNO

2006-11-07 Terurut Topik kumincir
Kamari teh dipotoan, sawareh2 da ngarah cekas. Rencana teh potongan2 gambar teh rek dihijikeun, sugan alus. Harita teh kahayang mah rek dipoto saalus2an, tapi loba teuing nu ngagimbung, raribut wae ongkoh, laloba teuing banyol. Kuring ampir2an nyentak ka nu ngarariung teh. Si Aki nepi ka

Re: [Urang Sunda] (unknown)

2006-11-06 Terurut Topik kumincir
wa'alaikumsalaam w. w. Euleuh ieu indung orok... kumaha damang? Kumaha si orok? saha ngaranna? mirip uing teu? hihihih... Mangga dilajeng... wilujeng boboran, hapunten samudaya kalepatan...On 11/7/06, Ni nia [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalamualaikum wr wb,

Re: [Urang Sunda] NYuhungken USULAN

2006-11-02 Terurut Topik kumincir
atawa 'junun' meureun, nya?On 11/2/06, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: 'gigih' teh mun dina basa sunda mah, hartina 'kejo nu satengah asak'. upama harti 'gigih' dina basa indonesia, jigana rada bisa dideukeutan ku kecap 'suhud' dina basa sunda. __._,_.___

Re: [Urang Sunda] NYuhungken USULAN

2006-11-02 Terurut Topik kumincir
Teu kedah tebih2 atuh, Mang... Kapan gegedug digitalisasi aksara Sunda ge pan ngaran tengahna teh Tresna, Kang Dian T. Nugraha tea geuning... jkOn 11/2/06, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Tresna aya nami Tresna, putrana Aang Kunaefi, Dr. Ir. Tresna Dermawan

Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

2006-11-02 Terurut Topik kumincir
Mangga, Mang! Ari panyangka mah sabangsaning Ua MJ teh angkatna jumaah sore/peuting, ari pek geuning saptu isuk2. Nya atuh ari kitu mah kaudag keneh malem saptuan (hooorrr...). Aya supirna, Mang? Mun ditambahan supir, jadi tos aya limaan (MJ+Andi, Kumi+Pupi). Mun mobilna kijang

Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

2006-11-02 Terurut Topik kumincir
Kumargi Ua Sas mah biasana getol tanghian, sigana mah tabuh 7-an kedah tos saged di Jatinangor, isin ku nu ngajemput. Perenahna di toko Segar, gedengeun BRI anu pagigir2 sareng Alun2 Jatinangor (Jatinangor Town Square) nu enggal tea geuning... palih katuhu mun ti Cileunyi mah. Bilih sasab,

Re: [Urang Sunda] NYuhungken USULAN

2006-10-31 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Sami2, wilujeng boboran siam... wilujeng mulih ka kasucian... Cikan, urang cobian... mangga tingal di handap...On 11/1/06, aBev [EMAIL PROTECTED] wrote: 1. Alam semesta = mayapada (sansk) 2. Keteguhan Manah = istiqomah (arab) 3.

Re: [Urang Sunda] Re: ngiringan HBH di Garut

2006-10-31 Terurut Topik kumincir
Ka nu nganggo mobil nyalira (atanapi seueuran), saena mah nganggo jalan nu ti Sasak Beusi, margi langkung sae jalanna. Tapi kanggo nu nganggo beus, lungsurna kedah di Warung Bandrek. Ti dinya naek omprengan ka Cibatu.On 11/1/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

2006-10-30 Terurut Topik kumincir
Manawi aya nu kersa direrepot, sim uing hayang numpang ka rombongan nu nyandak mobil ti wewengkon Bandung/kulon/kaler. Manawi aya keneh tempat kosong dina tutungganganana, sim uing bade megat di Cileunyi atanapi Rancaekek. Nu rek numpang teh jumlahna tiluan: kuring, pun bojo, ditambah si

Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

2006-10-30 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Dupi maksad teh bade ditambutkeun, Kang? Upami muhun mah, atuh nuhun pisan. Tah, para wargi, bilih aya nu peryogi mobil ti Bandung (leres?) kanggo ka HBH Cibatu, aya mobil carry Kang Nata tah... Ari kuring mah da ti Jakarta atuh (malem saptu), jadi susyah. Keur mah

[Urang Sunda] Fwd: Salam kenal lur

2006-10-29 Terurut Topik kumincir
-- Forwarded message --From: Jaja Sujana [EMAIL PROTECTED]Date: Oct 21, 2006 11:25 PM Subject: Salam kenal lurTo: urangsunda Moderator [EMAIL PROTECTED]Lur abdi urang sunda asli, kawitmah ti rancaekek tapi ayena nuju kukurilingan di kaltim, saban dinten kuringmukaan kusnet asa

[Urang Sunda] Wilujeng boboran siam

2006-10-29 Terurut Topik kumincir
Assalaamu'alaikum w. w. ka dulur ka batur ka nu dalit ka nu wanoh ka nu geus tepung ka nu can panggih ka sakur wadya balad ka sakur nu papaliwat bilih bisi aya nu kasigeung kacarekan kaomongkeun boh nu ngahaja atawa nu teu dihaja boh nu karasa atawa nu teu karasa rumasa adat sok moho ti luhur

Re: [Urang Sunda] P[e]raji atawa P[a]raji?

2006-10-18 Terurut Topik kumincir
paraji -- peraji pamayang -- pemayang panakol -- penakol panadol -- penadol pakarang -- pekarang paminton -- peminton pakupis -- pekupis padalarang -- pedalarang pakenjeng -- pekenjeng pandeglang -- pendeglang pancoran -- pencoran Halah... aing mah... ngacaprak... Eta deuih, rada galib soteh

Re: [Urang Sunda] wanoja nyuhungkeun pitulung baraya......helep..helep

2006-10-18 Terurut Topik kumincir
Ari kuring mah panasaran, naha jejerna bet ngeunaan Sundanese (sanes Sundanesse) Values, henteu Tata Nilai Sunda, Nilai-nilai Kesundaan, Ajén-inajén Sunda atawa Ajén-inajén Kasundaan? Naha mémang laporan panalungtikanana dina basa Inggris, atawa kumaha? On 10/17/06, MSasmita [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] [a] punteun... baraya ideu keur sewa server host

2006-10-17 Terurut Topik kumincir
Heheh... matak ge tong sok gagabah ari mairan surelek nu asalna ti Kang Eko mah, nu atos2 ge... 15 jaitan mah aya...On 10/17/06, Yuliadi [EMAIL PROTECTED] wrote: halah,halah hese ngajawabna euy...kuma dinya !! __._,_.___ Komunitas Urang Sunda --

Re: [Urang Sunda] HBH - ruteu ka Keresek Cibatu

2006-10-17 Terurut Topik kumincir
enyaw... Jadiw kieuw... Muwn nuw tiw Banduwng, hadenaw makew jaluwr Limbangawn. Paws jalawn cagawk Nagrewg, lempengkeuwn wew kaw kencaw. Ngkew, sanggeusna ngaliwatan Limbangan, urang bakal ngaliwatan sasak (tingali peta, aya jalan tepung jeung walungan). Ti sasak beusi eta, sakeudeung deui

Re: [Urang Sunda] BALAKUTAK....

2006-10-12 Terurut Topik kumincir
balakutak salaweancangkeul taktak tas ..Balakutak téh sato laut ordo Sepiida anggota kelas Cephalopoda (nu ogé ngawengku cumi-cumi, gurita, jeung nautilus). Ku kituna, balakutak teu kaasup kana golongan lauk. Di antara ciri-cirina anu penting, nyaéta boga cangkang jero, panon gedé,

Re: [Urang Sunda] nyanggakeun ka kuncen, koropak surat keur urang-sunda.or.id

2006-10-12 Terurut Topik kumincir
Waaahahahahah kumaha nangtukeun/milihna eung, Kang Den para kuncen? Make rumus nu gancan nu meunang atawa rek dilelang? Kuring boga usul, kumaha mun nu hayang boga rekening surelek @urang-sunda.or.id teh kudu meuli ka YP? Itung2 kukumpul dana alias fund raising jang kas Yayasan Perceka?

[Urang Sunda] Fwd: Kang Luigi (deui)

2006-10-11 Terurut Topik kumincir
-- Forwarded message --From: Luigi Pralangga [EMAIL PROTECTED]Date: 11-Oct-2006 15:54 Dear Moderator,Nuhun pisan udah bisa di ijinkan bisa bergabung disini.Kebetulan saat ini saya sedang berdinas di afrika barat dibawah nauangan United Nations Mission in Liberia.Sedikit

[Urang Sunda] anggota anyar

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
-- Forwarded message --From: Restu Permadi [EMAIL PROTECTED]Date: 10-Oct-2006 15:42 Subject: -To: urangsunda Moderator [EMAIL PROTECTED]Sampurasun,Asa aya dipasisian lembur, angin ngusapan kana raga. pokokna mah, hatur nuhun pisan ka neng Finny anu atos ngenalkeun ieu milis. Ka

Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
Beu... kapihaluan ku nu sejen eung... Piraku panicia teu daptar... der ngke teu diaku... Kang Endu. Aing daptar yeuh..!!! (bari ngamang-ngamang monitor) -- FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006 4~5 Nopember 2006 Ngiringan: manawi pareng Nami:

Re: [Urang Sunda] Re: Naha Enya Urang Sunda Teu Bisa Ngucapkeun Aksara Q?

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
MH mah loba teuing mun purunna, pamiarsa-na kaburu haréés mantén...Sabot nungguan MH purun, bisi bae aya urang Sunda nu hayang nyieun pakarang nuklir, mangga lenyepan artikel 'sirung' di handap ieu...Pakarang nuklir hartina pakarang nu ngahasilkeun kakuatan ngaruksakna tina réaksi nuklir/inti,

Re: [Urang Sunda] 'Demokrasi' ala Prancis?

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
Horeng teu raos nya, nagarana diranjah deungeun teh, Cis? (nanya ka Prancis maksudna mah, heuheu...) Na marukan baheula bangsa Aljazair suka bungah kitu tanahna diranjah ku arilaing??!! Heuheu...On 10/10/06, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Ari ceuk

Re: [Urang Sunda] Carmen Bin Ladin: Inside The Kingdom, Kisah Hidupku di Arab Saudi (1)

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
buku Maurice, Kang Ono? Buku eta mah kungsi jadi buku wajib basa kuliah PAI. Najan bukuna kawilang geus heubeul, malah boa2 geus tinggaleun dina dadaran kaelmuanana, tapi sigana mah masih bisa dipake salaku rujukan. Coba teang di toko Wali Songo, Kwitang, asana mah aya, terbitan Bulan Bintang.

Re: Balasan: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 (2)

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
Cup cup cup... jep... ulah nangis wae... Keun we teu apal lembur nini-aki ge, da pagawe BI ieuh, heuheu...On 11/10/06, Hari Wibowo [EMAIL PROTECTED] wrote: ari ceuk ceunah mah asli urang jawa tapi can pernah apal lembur aki-nini euh .. .. jadi milu

Re: [Urang Sunda] majalah Mangle

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
Kang Aryadi, majalah Mangle masih aya. Malih ayeuna mah nganggo kertas HVS, najan kualitas cetakanana mah tetep (kirang nyugemakeun). Pami bade ngalanggan, panginten tiasa ngontak redaksina. Majalah Sunda anu sanesna, di antarana Cupumanik (www.cupumanik.com), Seni Budaya (ti Yayasan

Re: [Urang Sunda] Fwd: [wanita-muslimah] Surat Nadine tuk Donald Trump

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
moal pipilueun kuring mah ah, karunya Neng Nadine-naOn 11/10/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Bilih aya anu bade kursus basa Inggris saka (sakainget) atawa sabulangbentor, ieu di handap kenging ti milist tatangga. Punten teu ditarjamahkeun (cekap

Re: [Urang Sunda] Carmen Bin Ladin: Inside The Kingdom, Kisah Hidupku di Arab Saudi (1)

2006-10-10 Terurut Topik kumincir
Heheh... kapan uing teh kuliah di kampus anu sarua dikuliahan ku nyaneh... Ari wajib mah henteu, ngan dosenna harita teh ngarojong ka barudak sangkan maca eta buku. Nya tamba panasaran, harita kuring meuli di Al-Amin. Buku karya Supan spk. teh judulna Studia Islamica. Enya, mun teu poho ke

Re: [Urang Sunda] garut pangirutan

2006-10-06 Terurut Topik kumincir
Heheh... kapan nalika diangkat ge mun teu salah mah pan langsung disumpah, jaba sumpahna ge demi Alloh, dipayungan ku Qur'an. Saupamana jalir jangji atawa ngarumpak sumpah nepi ka korupsi kolusi, eta mah lain bagean urang, da urang ge nagara hukum pan. Mun misalna hukum oge geus dijadikeun

Re: [Urang Sunda] RamaDan atawa RamaDHan?

2006-10-05 Terurut Topik kumincir
Lucu di urang mah, ongkoh anu sakuduna dipaké téh 'd' nu aya titikan di handapna (aya nu apal sandi ASCII-na?), tapi nu paséa kalah 'd' jeng 'dh'.On 06/10/06, waluya56 [EMAIL PROTECTED] wrote: Pertanyaan D ini dialamatkan kepada Dh dengan penekanan pada:

Re: [Urang Sunda] situs seni sunda

2006-10-05 Terurut Topik kumincir
mangga kintun surelek ka [EMAIL PROTECTED]On 06/10/06, Asep Wahyudin [EMAIL PROTECTED] wrote: Ka akang moderator, punten pang ngesetkeun email abdi mah kana "daily digest" rupina teu cekap waktos mukaan email hiji2 di kantor teh..-- sikandar __._,_.___

Re: [Urang Sunda] Daya saing 'negara' Jabar di bawah Indonesia

2006-10-04 Terurut Topik kumincir
Sigana mah mun aya babandingan anu tingkatanana sarua bakal leuwih resep. Misalna, lian ti Jabar, oge dijajal 'nagara' propinsi Jatim atawa Kaltim, atawa Sulsel.On 04/10/06, Ukay Karyadi [EMAIL PROTECTED] wrote: Aya tulisan anu ngabahas daya saing Nagara Jawa

[Urang Sunda] garut pangirutan

2006-10-04 Terurut Topik kumincir
Kang Ucép, ngabagéakeun kana seja tandangna salira, nya kaleresan baé ieu mah, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun ngeunaan Garut. Panginten, ieu gé aya patalina sareng konsép udagan anu badé dirarancang (atawa atos?) ku salira (sakumaha anu kaaos di loka/situs salira). 1. Ngajadikeun

Re: [Urang Sunda] silaturahmi

2006-10-02 Terurut Topik kumincir
Tah tah tah geuning aya nu rek nyalon yeuh... Cikan... Kang Ucep, upami pareng aya waktos, manawi kersa medar sawangan udagan naon anu aya dina angen2 Kang Ucep, sahingga gaduh kereteg hoyong maju mingpin Garut... Diantos...On 30/09/06, ucep wahyudin [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2006-10-02 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w.urang Garut jul-jol euy...Bagéa Kang Tato, wilujeng sumping. Nepangkeun ogé, kuring sikandar, urang Leuwidaun, Garut.Dupi Kang Tato ayeuna di mana? On 02/10/06, Taufik Hidayat [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalamu'alaikum wr wb Nepangkeun

Re: [Urang Sunda] Re: silaturahmi

2006-10-02 Terurut Topik kumincir
heheh... Kang Yul... nepi ka iraha rek suudon terus, nepi ka henteu bakalan percaya sagala?On 02/10/06, Yuliadi [EMAIL PROTECTED] wrote: huahahaha...kang Deni, kang Deni (seuri bari gogodegh) justru eta saat/kasempatan jang ngalakukeun korupsi iraha

<    8   9   10   11   12   13   14   15   16   17   >